Anda di halaman 1dari 1

Ass…sampurasun..

Sawatara informasi ngenaan mudik lebaran taun 2023 baris didugikeun dina midangna warta danget ieu,

Sajumlahing armada beus dicindekkeun teu layak jalan satutas pemariksaan rem.

Cek dilakukeun ku patugas gabungan ti DISHUB jeung Satlantas Polres Garut di terminal Guntur Garut
poe salasan nu anyar kaliwat. Eta beus nu teu layak jalan tah, dipahing mawa nu mudik.

Dinten…..ping …..Mei 2023.

Pamiarsa, simkuring Atsna…..baris ngadugikeun warta salengkepna.

Petugas gabungan anu ngawengku Dinas Pehubungan turta Satlantas Polres Garut ngalakonan inspeksi
mendakan ( Sidak ) ka terminal Guntur poe Salasa beurang. Hiji-hiji armada beus anu bakal
diproyeksikeun jadi angkutan lebaran tahun 2023 ieu, dipariksa ti mimiti rem, ban turta surat
kalengkepan administrasi.

Dina eta sidak teh, petugas manggihan sababarahahiji beus mudik nu teu layak jalan, lantaran aya
rereged dina babagian rem jeung ban, lian ti eta aya hiiji beus anu surat administrasina teu lengkep.

Eta beus nu teu layak jalan teh, dipahing nambangan mawa panumpang nu rek mudik samemeh
diomean.

Petugas gabungan bakal mayeng ngalakonan cek ka terminal dina mangsa angkutan mudik lebaran taun
kiwari, enggoning mere rasa aman jeung tumaninah ka panumpang anu seja mulang ka lemburna.

Samiarsa, sakitu warta nu tiasa kapidangkeun dina danget ieu.

Simkuring Atsna….seja amit mundur, amit mungkur..

Wassalam…..

Anda mungkin juga menyukai