Anda di halaman 1dari 3

Nadzom Rundayan Nabi Muhamad SAW

Wajib ka jalma islamna, uninga rundayanana


Jeung nabi utusan Allah, Muhammad putra Abdullah
Abdullah putra mutolib, Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra abdi Manaf, abdi Manaf putra qusoy
Qusoy putrana qilab, Qilab putra muttoh
Muttoh putrana ka’ab, Ka’ab putrana lu’ay
Lu’ay putrana Gholib, Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik, Malik putrana Nadzor
Nadzor putra Kinanah, Kinanah putra Huzaimah
Huzaimah putra mudrikah, Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana mudor, Mudor putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad, Ma’ad putrana Adnan
NU wajib dugika Adnan
Haram nguningakeunana ti Adnan dugika Adam
Sabab Taya jalan soheh 2X
Wajib dei uningana rundayanana Ti ibuna
Jeung nabi utusan Allah, Muhammad putra Aminah
Aminah putrana Wahab, wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra zuhro, Zuhro putrana qilab
Tepang dei ti ramana di kilab Janggawarengna
Jadi ibu jeng ramana
Masih keneh sarundayan 2
ِ ‫عـلَى طـ َه َرس ُْـو ِل‬
‫للا‬ َ ‫للا‬ ِ ُ ‫صـال َة‬
ِ ‫للا َسـال َ ُم‬ َ
ِ ‫عـلَى يـس َحبِيْـ‬
ِ‫ب للا‬ َ ِ‫صـال َةُ للا‬
َ ِ‫سـال َ ُم للا‬ َ

Wargi- wargi NU beriman, dinteun iyeu pangaosan


Zikir ulah ka hilapan, sabab eta kawajiban
Untung jalma nU sok ngaji, sae awon tos ka taji
Dosa urang di ampuni, kumpul urang di rohmati
Sepuh anom wajib ngaji, beunghar miskin sami sami
Hirup mah sing ati ati , sabab urang bakal mati
Sholawat deui
Urang kudu mi ka cinta guru NU jadi pelita
Najan urang loba harta wajib ngaji eta nyata
Obat hate Aya 5 baca Al-Qur’an Jeung maknana
Kalamullah maha Mulya pelita hak manusia
Ulah poho Ka puasa obat hate no 2
Najan lapar karasana malah gampang ibadahna
Obat hate ka tiluna zikir wengi sing biasa
Petunjuk Allah ka jalma syafa’at jungjungan kita.
Sholawat deui
Sholat urang sing biasa nyeueurkeun ibadah hamba
Amal Soleh bakal nyata Ridho Allah di harepna
Obat hate kaopatna resep loba ngariungna
Sareng jalma sarolehna sareng para ulamana
Ngadangukeu pituduhna hayang Bagja akheratna
Sareng ngamalkeun elmuna bekel jaga akheratna
Obat hate KAlimana rajin sholat ti peutingna
Sholat tahajud namina kabiasaan jalma Solehna
Sholawat busyro
‫ب اْلبُ ْش َرى‬ِّ ‫اح‬
ِّ ‫ص‬ َ ‫س ِّيّ ِّدنَا ُم َح َّم ٍد‬
َ ‫على‬ َ ‫س ِّلّ ْم‬
َ ‫ص ِّلّى َو‬ َ ‫اَللّ ُه َّم‬
‫ش ُرنَابِّ َها َوأَ ْهلَنَا َوأَ ْو ََل َدنَا َو َج ِّمي ِّْع َمشَايِّ ِّخنَا‬
ّ ِّ َ‫صالَةً تُب‬
َ
ِّ ْ‫طا ِّل َبا ِّتنَا ِّم ْن َي ْو ِّم َهذَا اِّلى َي ْو ِّم ا‬
‫آلخ َر ِّة‬ َ ‫َو ُم َع ِّلّ ِّم ْينَا َو‬
َ ‫طلَ َبتَنَا َو‬
Mugi Gusti Allah maparin rohmat sareng salam
KA nabi Muhammad nu janten panutan alam
Nabi nu kagungan khobar kabingahan pikeun umat akhir
zaman nu bakal di syafa’atan
wasilah ku sholawat di paparin kabingahan
*Sholawat busyro deui*
Berkah sholawat nabi di bingahkeun kulawargi
Sadayana putra putri guru guru ahli ilmi
Parasantri santriyahna di limpahkeun barokahnya
Ti kawitan dinteun ayeuna dugi seepna alam Dunya
Sadayana di kempelkeun di surga Allah taala

‫ب اْلبُ ْش َرى‬
ِّ ‫اح‬
ِّ ‫ص‬
َ ‫س ِّيّ ِّدنَا ُم َح َّم ٍد‬ َ ‫س ِّلّ ْم‬
َ ‫على‬ َ ‫ص ِّلّى َو‬
َ ‫اَللّ ُه َّم‬
‫ش ُرنَابِّ َها َوأَ ْهلَنَا َوأَ ْو ََل َدنَا َو َج ِّمي ِّْع َمشَايِّ ِّخنَا‬ّ ِّ َ‫صالَةً تُب‬
َ
ِّ ْ‫طا ِّل َبا ِّتنَا ِّم ْن َي ْو ِّم َهذَا اِّلى َي ْو ِّم ا‬
‫آلخ‬ َ ‫طلَ َبتَنَا َو‬َ ‫َو ُم َع ِّلّ ِّم ْينَا َو‬

Anda mungkin juga menyukai