Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu
ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu
loba diperlukeun ku urang kota.
Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana
nipu ka dununganana.
Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung
téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh
ngagejeburkeun manéh kana walungan.
Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai
sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta
kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.
Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana
kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé
tarigu téh beak kabawa palid.
Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.
Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga
kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.
Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi
basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.
Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka
kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.