Anda di halaman 1dari 3

PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS

KORWIL KECAMATAN CIAMIS


SD NEGERI 4 MALEBER
Jl. Siliwangi No. 42 Tlp. (0265) 775964

PENILAIAN TENGAH SEMESTER I (PTS)


TAHUN PELAJARAN 2023– 2024

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA Hari/Tanggal : ......................................


Kelas : V (Lima) Waktu : ......................................
No Nama Siswa Nilai Paraf Guru Paraf Orangtua

I. Bere tanda silang (x) dina aksara a, b, c atawa d dina jawaban nu paling bener!
Widad : Ari maneh wawuh kitu ka Trisna?
Aziz : Lain wawuh deui, tapi geus apal luar jerona ge.
Widad : Enya kitu manehna the gede hulu?
Aziz : ari gede hulu mah kurang merenah keur nyebut manehna mah. Mun arek oge
paribahasana teh goong nabeuh maneh, meureunan.
Widad : naha?
Aziz : da manehna mah resep muji sorangan.
Widad : beda nya jeung rina. Manehnamah handap asor, ka sasaha someah jeung teu
gede hulu deui.
1. Anu ngomongkeun dina paguneman di lugur the nyaeta ...
A. Widad jeung Aziz C. Widad jeung Trisna
B. Aziz jeung Trisna D. Trisna jeung Rina
2. Ari watak jeung pasipatan Trisna mah ceunah …
A. hede hulu C. goong nabeuh maneh
B. handap asor D. sombong atawa adigung adiguna
3. anu alus ku urang ditiru tina watek atawa pasipatan Rina mah nyaeta …
A. tara ngayerikeun hate batur C. handap asor ka sasaha
B. tara harak atawa badeur ka batur D. gede hulu
4. ka jalma anu gede hulu, batur teh moal resepeun sabab hoream … kalakuana nu
goreng kitu.
A. katingal C. ditingali
B. ningali D. ditingalna
5. hirup kudu handap asor ka batur teh, supaya teu …
A. pada ngamusuhan C. pada ngomongkeun
B. pada moyokan D. pada ngajauhan

6. “ jeung dulur teh, kuring ayeuna mah pateumeun obor, sabab indung bapa geus
taya dikieuna. “ Babasan pareumeun obor, ngandung harti ...
A. geus eweuh anu ngurus C. teu nyaho ka baraya
B. hirupnunggeulis tayabatur D. hirup eweuh pamuntangan
7. abdi mah teu .... anu tadi the, singhoreng rakana Pa Maman.
A. nyaho C. miwejang
B. ngelingan D. nyarekan
8. Pa Usman … ka abdi, supados langkung soson-soson diajar. Margi sakedap deui
bakal ulangan kenaikan kelas.
A. mapatahan C. miwejang
B. ngelingan D. nyarekan
9. dina kaulinan ambil-ambilan mah barudak the paantay-antay bari … taktak.
A. nyekelan C. dicekel
B. silih cekel D. dicekelna
10. kecap kabungbulengan, lamun dicuat nurutkeun pola engangna jadi ….
A. ka – bung – bu – leng – an C. ka – bu – ng – bu leng – an
B. ka – bungbu – leng – an D. ka – bung – bu – lengan
11. “ukal-ekol susulumputan. “
Jumlah engang kalimah diluhur nyaeta …
A. 6 C. 8
B. 7 D. 9
12. urang jeung dulur the kudu akur, ulah sok ..
A. dipaseaan C. maseakeun
B. parasea D. dipaseakeun
13. Ki Nata boga abaj, ngarana Misja, anak Misja ka KI Nata Pernahna …
A. anak C. uyut
B. bapa D. aki
14. Putra-putrana Bu Mila mah mani…
A. gumeulis C. geulis
B. gareulis D. digeulisan
15. buah nu anyar ngala ti kebon ayeuna geus …
A. asak C. diasakan
B. ngasakan D. arasak

Medar kaulinan
Pikeun nyangkem isi teks, ayeuna urang pedar perkara kaulinan cingciripit ten.
Kaulinan cingciripit atawa sok aya oge nu nyebut dingding kiripit. Ieu kaulinan the basajan
pisan. Cukup ku tilu atawa opatan tur carana gampang. Salasaurang namprakeun
leungeun bari nu sejena neundeun curuk kana dampal leungeun the ngawih kieu.
Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare sueuseukeutna
Jol pa dalang
Mawa wayang jrek-jrek nong …

Waktu ngecapkeun “jrek-jrek nong”. Dampal leungeun nu namprak tuluy


dikeupeulkeun. Ari tujuana pikeun nyapit curuk tea. Saha-saha anu kacapit curukna, jadi
ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakeun dampal leungeun bari kakawihan “cingciripit”

II. Pek jawab patanyaan dihandap ieu !


1. Ngayakeun kaulinan naon barudak teh ?
2. Sakurang-kurangna sabaraha urang kaulinan cingciripit teh ?
3. Kumaha cara-carana ari kaulinan cingciripit ?
4. Keur naon gunana namprakeun leungeun dina kaulinan cingciripit ?
5. Keur naon tujuana dampal leungeun nu namprak dikeupeulkeun ?

Anda mungkin juga menyukai