Anda di halaman 1dari 6

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

Salam Pramuka!
Nu dipikahormat, Para Pupuhu Kwartir Daerah Garut
Kakak Kwartir Cabang, oge salaku Wakil Bupati Garut, Kak Helmi Budiman.
Kakak Kwartir Ranting Kak Agus Untung Umbara
Nu ku sim kuring dipikahormat, kakak-kakak Dewan Pembina Pramuka
Teu hilap ogè ka sakumna rèrèncangan sim kuring nu dipikareueus,
sinareng ka dewan juri nu ku sim kuring dipikahormat,

Syukur Alhamdulillah, dina waktos ieu kaping 14 Agustus 2023, sakumna anggota Gerakan Pramuka nu
aya di Indonesia, ngaraos bagja sareng bingah nu teu aya papadana, rèhna organisasi atikan Kepanduan
Praja Muda Karana anu ku urang sadayana dipikadeudeuh parantos jangkep 62 taun.

Dina taun ieu ogè sakantenan urang sadayana mièling 111 taun gelarna Gerakan Kepanduan di
Indonesia nu aya ti kawitan taun 1912.
Mugia sakumna generasi muda nu aub ancrub dina Gerakan Pramuka, teu weleh sumanget, produktif,
jeung kreatif dina sagala widang.
Tah, anapon tèma Hari Pramuka nu ka-62, taun 2023 tèh nyaèta “Sumber Daya Manusia yang
Profesional dan Proporsional”. Tèma ieu tèh nembongkeun sumangetna Gerakan Pramuka dina
enggoning ngaronjatkeun sumber daya manusa nu leuwih professional, alatan nitenan sumber daya
manusa mangsa ayeuna anu masih kènèh can nyumponan kana naon-naon nu dipiharep ku urang
sadayana.

Dina tèma èta ogè ngandung harti yèn sakumna Pramuka Indonesia dipiharep bisa ngawangun citra
positif Gerakan Pramuka ka hareupna sayaga tur ngalibetkeun sumber daya manusa nu professional
jeung proporsional.
Nu kumaha nu dimaksud professional di dieu tèh? Nu dimaksud professional tèh taya lian professional
dina nyusun rencana, lumaku, tur mereskeun pasualan anu muncul di masyarakat. Tos pasti, urang
sadayana salaku Peserta Penegak parantos wajib mibanda sifat tanggung jawab anu sakitu ageungna,
sabab tos mancèn jabatan sangga, nyaèta: Sangga Pencoba, Perintis, Penegas, Pendobrak, dan
Pelaksana. Janten parantos jelas rèhna urang salaku Penegak Pramuka kudu ngajungjung luhur
keprofesionalitas saluyu sangga anu diamanatkeun ka urang sadayana.

Salajengna Proporsional, anu kumaha anu disebat proporsional jeung Pramuka tèh? nyaèta kudu anu
sabanding, saimbang, berimbang, naon maksudna?
Salaku anggota pramuka parantos jelas yèn urang tèh aya dina dua kahirupan, kahiji kahirupan jeung
kabutuhan pribadi, kadua kahirupan jeung kabutuhan keur masyarakat. Tah, di dieu kecap proporsional
bener-bener diuji, naha urang mampuh ngabagi antara ego pribadi jeung peran urang salaku pramuka
tuladeun keur sakumna masyarakat?

Berarti urang kudu bisa ngimbangan, ku maha carana?


Atikan kepramukaan tangtu bakal dumasar kana dua hal anu dicekel ku urang, nyaèta Trisatya jeung
Dasa Dharma. Trisatya jeung Dasa Darma tèh sanès ngan saukur diapalkeun wungkul, tapi ogè kudu
diamalkeun. Jadi, naon nu ku urang dilakukeun dina program kagiatan anu ku urang dilaksanakeun
sanès mung saukur transfer elmu, tapi ogè transfer amal.

Sim kuring miharep, sumanget kebersamaan jeung sumanget kapramukaan bakal tuluy diraksa diriksa ,
keur ngawujudkeun pramuka anu profesional jeung proporsional. Hayu urang babarengan
ngaronjatkeun ajèn inajèn pramuka jeung teu petot-petot berkontribusi dina ngawangun masa depan
leuwih hadè keur bangsa jeung nagara.

Rupina mung sakieu nu tiasa dipikahatur, dipungkas ku pang wilujeng, “Wilujeng Hari Pramuka ka-62,
Taun 2023, Mugia Gerakan Pramuka langkung punjul jeung sukses!”
Satu Pramuka untuk Satu Indonesia!
Jayalah Pramuka, Jayalah Indonesia!
Wassalamualaikum warahmatullahi Wabarakatuh,
Salam Pramuka!
‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬
Salam Kawilujengan kanggo urang sadayana
Salam Pramuka!
Nu dipikahormat, Para Pupuhu Kwartir Daerah Garut
Kakak Kwartir Cabang, oge salaku Wakil Bupati Garut, Kak Helmi Budiman.
Kakak Kwartir Ranting Kak Agus Untung Umbara
Nu ku sim kuring dipikahormat, kakak-kakak Dewan Pembina Pramuka
Teu hilap ogè ka sakumna rèrèncangan sim kuring nu dipikareueus,
sinareng ka rèngrèngan pangajèn nu ku sim kuring dipikahormat,

‫الحمد هلل رب العالمين‬, puji syukur ka hadirat Allah SWT. margi dina waktos ieu, kaping 14 Agustus 2023,
urang sadayana masih kènèh tiasa mièling Hari Pramuka ka-62.

Mugia sakumna generasi muda nu aub ancrub dina Gerakan Pramuka, teu weleh sumanget, produktif,
jeung kreatif dina sagala widang.
Tah, anapon tèma Hari Pramuka nu ka-62, taun 2023 tèh nyaèta “Sumber Daya Manusia yang
Profesional dan Proporsional”. Tèma ieu tèh ngandung harti rèhna Pramuka Indonesia dipiharep
mampuh ngawangun citra positif Gerakan Pramuka ka hareupna supaya nyiapkeun jeung ngalibetkeun
sumber daya manusa anu professional jeung proporsional.

Ti kawit yuswa Pramuka Siaga, anggota Gerakan Pramuka parantos diatik kanggo masihan perhatian ka
papada manusa, sayaga ngabantos ka nu sanès nu nuju meryogikeun pitulung. Hal èta tiasa dikawitan ku
cara-cara nu basajan sinareng tiasa dipilampah di lingkungan kulawargi urang, atanapi di lingkungan
masyarakat sabudeureun tempat hirup kumbuh urang sadayana. Sadayana bentuk pengabdian anu
dilakukeun ku Gerakan Pramuka tèh saluyu sinareng Kodè Kahormatan urang sadayana, nyaèta Dwi
Satya sareng Dwi Darma kanggo Pramuka Siaga, ogè Tri Satya jeung Dasa Darma kanggo golongan
Pramuka Penegak sapertos sim kuring ayeuna.

Dina sanès kanten Kode Kahormatan Gerakan Pramuka, ditekenkeun pentingna takwa ka Tuhan Yang
Maha Esa, di antarana diwujudkeun ku ayana silih tulungan dina beungkeutan duduluran tur teu
dipasing-pasing boh dumasar kana suku, agama, ras, jeung golongan. Disiplin, tanggel waler, jujur, jeung
sauyunan kalintang pentingna dipaheutkeun dina diri satiap anggota Pramuka. Pramuka ogè ngajarkeun
ka urang sadayana supados teu kendat-kendat sayaga dina sagala situasi, ngajungjung luhur persatuan,
sareng silih ajènan dina kaanèkaragaman.

Sim kuring miharep sumanget pikeun duduluran sareng sumanget dina kapramukaan bakal teras diraksa
diriksa, pikeun ngawujudkeun pramuka anu professional sareng proporsional. Hayu urang sasarengan
ngaronjatkeun jeung berkontribusi dina ngawangun mangsa nu bakal datang ku nu langkung punjul
kanggo bangsa jeung nagara.
Rupina mung sakitu anu tisasa kapihatur. Sakali deui sim kuring ngadugikeung pangwilujeng “Wilujeng
Hari Pramuka! Salam Pramuka!

‫والسالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬


‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

Nu dipikahormat, ogè inspirasi kanggo urang sadayana


Kakak Kwartir Cabang, oge salaku Wakil Bupati Garut kota anu dipikameumeut, Kak Helmi Budiman.
Hiji kasinugrahaan kanggo sim kuring tiasa ngadugikeun sasiereu sabeunyeureun biantara perkawis
kapramukaan,
Kakak Kwartir Ranting Kak Agus Untung Umbara, anu kalintang seniorna dina ngabingbing urang
sadayana, hatur rewu nuhun, kak Untung!
Kapangurusan sinareng panata calagara acara kemah nu ku sim kuring dipikareueus!
Kakak-kakak Dewan Pembina Pramuka nu ku sim kuring dipikaasih!
Teu hilap ogè ka sakumna rèrèncangan nu dilimpudan ku kabagjaan!
Sinareng ka rèngrèngan dèwan pangajèn nu ku sim kuring dipikahormat,

Dina dinten anu pinuh ku kabagjaan ieu, urang sadayana tiasa kumpul ngariung kanggo ngareuah-reuah
Hari Pramuka. Hiji acara anu kalintang istimèwana kanggo urang sadayana. Hari Pramuka sanès mung
ukur jantèn momen kanggo sungkan-sungkan sareng ririungan wungkul, tapi ogè mèpèlingan ka urang
ngeunaan ajèn inajèn anu dicekel deleg ku Gerakan Pramuka.

Jejer Hari Pramuka taun ayeuna nyaèta, “Sumber Daya anusia yang Profesional dan Proporsional”
umajak ka urang supados teu kendat-kendat usaha janten individua nu berkualitas, mibanda jiwa
kapamingpinan, tur mampuh berkontribusi positif pikeun masyarakat jeung bangsa. Sumanget pramuka
maparin landasan anu weweg dina mekarkeun karakter jeung kaparigelan urang sadayana.

Pramuka sanès mung sawates aktivitas ngèmah sareng diajar kaparigelan tahan di alam liar wungkul.
Pramuka tèh nyaèta sakola kahirupan, tempat urang diajar ngeunaan hirup sauyunan, tanggel waler,
disiplin, sareng sumanget pantang bobolèh. Ajèn inajèn ieu bakal ngabingbing urang sadayana dina
mayunan sanès kanten halangan-harungan dina mangsa nu bakal datang. Dina ngagedurna sumanget
sauyunan Gerakan Pramuka, urang sadayana bakal diajar ngeunaan silih ajènan, sareng ngawujudkeun
lingkungan anu inklusif kanggo urang sadayana. Tah nu kieu anu ngajantenkeun pramuka pikeun wadah
nu ngabentuk karakter anu kuat tur mibanda dampak posituf dina hirup kumbuh urang sadidinten.

Waktos urang mièling Hari Pramuka dina taun ieu, hayu urang sasarengan ngemutan kumaha carana
supados urang sadayana tiasa janten agen perubahan anu nyandak manfaat keur kulawargi urang,
sakola, sareng masyarakat. Urang sadayana tèh minangka generasi penerus, ku ayana sumanget
Pramuka urang tiasa ngawujudkeun cita-cita sareng impenan urang keur kasaèan sadayana.
Hayu urang dugikeun mangpirang-pirang rasa, mangrèwu-rèwu hatur nuhun anu kedal tina hèhèrang
rasa rumasa, ka sakumna Pembina Pramuka, Kakak-kakak Pramuka, ogè ka sadayana pihak anu parantos
berkontribusi dina enggoning ngadeudeul kagiatan Pramuka di sakola urang sadayana. Sumanget
aranjeunna dina ngabingbing sareng maparin inspirasi ka urang sadayana.
Dicekapkeun sakieu biantara ti sim kuring. Hayu urang ngareuah-reuah Hari Pramuka kalayan pinuh ku
sumanget, sareng teu kendat-kendat ngagedurkeun sumanget Pramuka dina satiap rèngkak-polah urang
kanggo mapag mangsa nu bakal datang.

‫والسالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

Anda mungkin juga menyukai