Anda di halaman 1dari 3

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

ُ‫صحْ بَ َه‬
َ ‫لى آ َل َُه َو‬ َ ‫لى أَ ْش َرفَُ الـمرْ َسلَينَُ َو‬
َُ ‫ع‬ َ ُ‫صالَةُ َوال ّسالَم‬
َُ ‫ع‬ ّ ‫ َوال‬،‫ين‬ َ ُ‫ َوبَ َُه نَ ْستَ َعيْن‬،َ‫ب ْالعَالَمَ ين‬
َُ ‫علَى أم‬
َ ‫ور ال ُّد ْنيَُا َوال َد‬ َُّ َ ُ‫ْال َح ْمد‬
َُ ‫لِل َر‬
ُ‫ أَ ّما بَ ْعد‬،َ‫أَجْ ـ َمـعَين‬
Anu ku simkuring dipihormat, para asatid wal asatidah tokoh masyarakat setempat,
oge ka palurah sinareng ibu lurah pak Rw sarng ibu rw, bapa rt, para panitia oge para
ibu2 anu ku simkuring di pikahormat oge dipikadeudeuh oge mudah2an dinsehatkn
sareng di jembarkeum rizqina.

Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa,
sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. Kalayan nikmat ti Allah urang sadaya
tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Mi’raj Nabi
Muhammad SAW 14445 H/2024 M.

Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna
dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin....

Simkuring ngadég di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara
badé ngadugikeun sababaraha acara Isra Mi’raj anu baris kasanggakeun, nya éta di
antawisna :

1. Bubuka (Maca basmallah)

2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi

3. Sambutan panitia

4. Nadzoman khulasoh

5. Taushiyah ti ustad (nama ustad)

6. Doa/Panutup

Sateuacan ayeuna kna anu inti simkuring gaduh ayeuna syiiran:

Kamana jalan ka jogja

Tuh kapalih wetan

Kamana jalan ka syurga

Tuh dongkap ka pangaosan

Kamana jalan ka jogja

Tuh kapalih wetan


Kamana jalan naraka

Tuh kaditu kana dangdutan

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,
sumangga ieu urang sasarengan buka acara Isra Mi’raj 1445 H maos basmalah.

(Bismillahirrahman nirrahim..)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka
Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan. (Maos ayat suci alqur’an sarta
solawat nabi)

Acara selanjutna nyeta nu katilu, sambutan Panitia Pelaksana. Ka Sadérék (nama ketua
panitia) mangga dihaturanan ka payun.

Hatur nuhun ka Sadérék (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana.

Nincak kana acara ka opat, nyaeta aosan nadzoman waktos sinareng tempat
disayogikeun.

( santriwati assalam)

Hatur nuhun ka kersana ayeuna snatri assalam, anu parantos maoskn nadzomanna.

Acara salajengna nyaeta acara inti atawa nu kalima, nya éta taushiyah ti Bapa Ustad
(Nama ustad), Sumangga Bapa (Nama ustad), waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Taushiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun
taushiyahna, mugi-mugi ilmuna berkah jeung urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir, nya éta panutup atawa doa, nu ieu baris dipingpin ku
Bapa Ustad (Nama ustad). Sumangga Bapa Ustad (Nama ustad), dihaturanan kanggo
mingpin doa.

(Maca do’a) Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad), anu parantos mingpin
do’a ti kesempatan acara Isra Mi’raj 1443 H ieu. Mugia do’a urang sadaya di kobul ku
Allah SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah babarengan.


(Alhamdulillahirabbil‘alamin)

Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka réngréngan panitia anu parantos ngabantosan tina
sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten kasadayana bilih aya basa
anu kirang merenah.

Ashikum nafsi waiyyaya bitaqwallah. Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah


wassalamu’alaikum warohmatullah wabarokatuh.***

Anda mungkin juga menyukai