Anda di halaman 1dari 1

PESIAR PASKIBRAKA KA YOGYAKARTA

Suksés ngalaksanakeun tugasna naekeun bandéra "merah putih" dina miéling


HUT RI ka-78, Pamaréntah Kabupatén Garut méré pangajén mangrupa ulin
ka Yogyakarta keur anggota Paskibraka.
Paskibraka Kabupatén Garut miboga tantangan sorangan nyaéta ngibarkeun
Duplikat Bandéra Pusaka Républik Indonesia nu sakral ku kituna Pamaréntah
Kabupatén Garut masihan waktu pikeun Paskibraka ulin sanggeus
ngalakukeun pangibaran jeung panurunan oge pemusatan salila bulan
Agustus.
Dina biantara nu pinuh ku haru, Bupati Garut, Rudy Gunawan méré pangajén
ka Paskibraka Indonesia Kabupatén Garut nungges nyokong latihan sarta
pembinaan para anggota Paskibraka.
"Sebagai bentuk apresiasi, kita akan melaksanakan pesiar ke Yogyakarta 3
hari 2 malam" ceuk Bupati Garut, Rudy Gunawan, Kemis (17/08/23)
Paskibraka ngalaksanakeun kagiatan pariwisata, salila 3 poé ti tanggal 29
Agustus nepi ka kaping 31 Agustus taun 2023, wisata nu dituju nyaéta ka
Malioboro, wisata kaliurang, jeung keraton.
Nu ngilu kaditu nyaéta, sadaya anggota paskibraka tingkat Kabupatén Garut
taun 2023, jeung purna Paskibraka Indonesia Kabupatén Garut, oge
pamingpin Purna Paskibraka Indonesia Kabupatén Garut. Pesiar ieu
mangrupa pangajén keur paskibraka sanggeus ngarayakeun kamerdékaan
HUT RI nu ka 78.

Anda mungkin juga menyukai