Anda di halaman 1dari 3

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Puji sareung syukur urang panjatkeun ka Allah SWT, sholawat sareung salam urang limpah curahkeun ka
jungjunan nabi akhir jaman, nyaeta Nabi Muhammad SAW, ku kituna urang sadaya tiasa patepang tuur
paamprok jonghok dina ieu acara, ibu/bapa anu ku simkuring dipika hormat.

Saderek sadaya anu ku simkuring pikacinta, dina ieu rengrengan simkuring bade ngadugikeun biantara
ngeunaan kabersihan lingkungan, anu dimana urang sadaya terang yen di lingkungan bersih parantos tangtu
sehat ka diri urang sadaya anu nyicingan eta tempat.

Dina cara miara kana ieu lingkungan teh aya 3 paling saeutik supados lingkungan tetep bersih jeung sehat
nyaeta ngagunakeun teknik dihandap

1. Simpen sampah plastik

Maksadna nyaeta , simpen sampah anu parantos diangge teh ulah nepikeun ka di piceun dimana wae.

2. Gunakeun deui eta sampah

Saparantosna di simpen teras di bersihkeun , nah upami tos kitu mah tiasa di gunakeun deui eta sampah
plastik teh

3. Daur ulang eta sampah

Dina penelitian sampah plastik teh bisa ancur ku taneuh ku jarak waktu 24 taun, pasti lami ari kitu mah, nah
ku kituna tiasa eta sampah teh di daur ulang janten barang rumah tangga anu sanes , janten henteu dimana
wae.

Tilu cara di luhur tiasa di gunakeun ku urang sadaya, supados lingkungan urang sehat sareung bersih, ku
kituna sakitu wae ti simkuring mugia janten mangfaat kanggo urang sadaya.

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Baca Juga: 40 Contoh Wawangsalan Bahasa Sunda dan Artinya

2. Kebersihan lingkungan rumah

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji sareng syukur ka Dzat Nu Maha Agung. Ku Rohman sareng
Rohim-Na, urang sadayana tiasa riung mungpulung di ieu patempatan dina rararaga acara kumpul wargi RT
5.

Solawat miwah salam mugi salamina dilimpah curahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka
kulawargina, para sobahatna, para tabi’in atba’ut tabi’in, dugi ka urang sadayana mudah-mudahan kenging
sapaatul udzma jaga di yaumil jaja wal hisab. Aamin ya robbal alamin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Kasehatan mangrupi salah sawios ni’mat Gusti nu kalintang awisna. Kumargi sakitu, payus pisan upami
urang tiasa ngajagina.

Kumaha carana ngajagi sareng nyukuran ni’mat sehat?


Salah sawiosna nyaeta ku jalan ngajaga kabersihan awak urang sareng kabersihan lingkungan. Awak sareng
lingkungan anu beresih moal gampil kakeunaan ku panyawat.

Ngajagi kabersihan lingkungan gampil pisan disebatkeun nana sareng gampil dilakonan kantun urang
kersana. Carana nyaéta ulah miceun runtah di mana waé, rajin kokoréd di buruan, sareng getol sasapu.

Upami sadayana warga guyub dina ngajaga kabersihan lingkungan urang, tanwandé lembur urang bakal
bararesih matak pikabetaheun sareng tebih tina panyawat.

Kumargi kitu, hayu urang sasarengan ngajagi kaberesihan bumi katut buruanna séwang-séwangan, ogé
sasarengan gotong royong meresihan sarana umum sapertos jalan, pancuran sareng solokan.

Hadirin nu ku simkuring dipihormat.

Sakitu anu tiasa kadugikeun, hapunten boh bilih aya kalimah anu matak tugenah kana manah nyentug kana
kalbu. Mudah-mudahan urang salawasna kalebet ka jalma nu tiasa ngajaga kabersihan margi saur katerangan
ogé kabersihan teh bagéan tina iman.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

3. Kabersihan Sabagian Tina Iman

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbinu mana kalayan hidayah sareng
inayahna, urang sadaya tiasa kempeldina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat, dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun biantara ngeunaan
kabersihan. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajagalingkungan sareng awak nyalira pikeun tiasa ngajaga
diri tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna
dikawitan ti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun, "Inna dhofatu minal iman," nu hartosna: “Kabersihan teh sabagian tina
Iman”.

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim
anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu
bersihatanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar
urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge
milu bersih.

Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urangsadaya sangkan tiasa leuwih getol
kana ibadah ka Gusti nu Maha Welastur Maha Asih.

Para wargi anu mulya, cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilihaya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirangmerenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Baca Juga: 15 Contoh Sisindiran Rarakitan Bahasa Sunda: Piwuruk, Banyol, Asmara

4. Kabersihan di Sakola

Assalamualaikum wr. wb.


Bapak sareng Ibu guru anu ku simkuring dipikahormat oge hadirin miwah hadirin anu parantos ngaluuhan
ieu acara, oge rerencangan saderek anu ku simkuring dibanggakeun.
Mangga nyanggakeun abdi (nami) ti (nami sakola).

Urang kedah ngartos yén lingkungan mangrupikeun tempat di mana manusa gumantung kana kahirupan. Ku
sabab kitu urang kudu ngajaga lingkungan sabisa-bisa sangkan Bumi bisa mawa kauntungan, lain karugian
komo musibah.

Salah sahiji cara pikeun nyegah lingkungan ngabalukarkeun musibah pikeun urang nyaéta ngajaga
kabersihan. Dina ngajaga kabersihan diri urang kedah terang naon anu dimaksud kabersihan lingkungan.

Harti kabersihan lingkungan anu sabenerna nyaéta ngajaga kaayaan hiji tempat sangkan tetep pas pikeun
dicicingan manusa. Ku kituna kaayaan fisik kaséhatan manusa ogé bakal dijaga. Kumargi kitu urang kedah
ngajaga kabersihan lingkungan supados nyiptakeun kahirupan anu santun sareng sejahtera.

Ngajaga kabersihan lingkungan ogé mangrupa cara nu hadé pikeun nyegah ayana rupa-rupa panyakit nu
nyicingan dina usum hujan kawas ayeuna. Ngajaga kabersihan lingkungan sorangan tiasa dimimitian ku
ngabersihkeun sakola anu dipikacinta.

Saupama sakola dina kaayaan beresih, maka jalma séjén moal weléh nuturkeun conto kabiasaan anu hadé
dina ngabersihkeun ieu sakola. Urang salaku warga sakola ogé bisa kapangaruhan ku rupa-rupa dampak
positif, nya éta nyaman kagiatan diajar-ngajar lantaran lingkungan sakola dina kaayaan leuwih bersih.

Ngajaga kabersihan lingkungan sakola ogé bisa dilaksanakeun ku cara miceun runtah di tempatna, rutin
ngalaksanakeun pikét kelas unggal poé sarta dina raraga ngabersihkeun lingkungan sakola tina sarang
reungit Aedes aegypti anu bisa ngabalukarkeun rupa-rupa panyakit bahaya, salah sahijina nyaéta demam
berdarah.

Sakitu biantara ti abdi, upami aya kirang langkung abdi nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Artikel ini telah tayang di https://www.sonora.id dengan judul "4 Contoh Biantara Sunda Tentang
Kebersihan Singkat, Mudah Dihafalkan".

Klik untuk baca: https://www.sonora.id/read/423873161/4-contoh-biantara-sunda-tentang-kebersihan-


singkat-mudah-dihafalkan

Anda mungkin juga menyukai