Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu


mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu
tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala
panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana,
nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.
Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina
sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu
suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang
sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga.
Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih
jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu
kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang
sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya
sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.


Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya
basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna,
mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.


Assalamualaikum warakhmatullahi wabarakaatuh !
Salam Sejahtera

Mula-mula kuring hayang ngedalkeun hatur nuhun ka ibu guru sarta kabeh rencang
kuring anu geus masihan kasempetan kuring pikeun pidato dina beurang ieu, ngeunaan
miara lingkungan.
Hadirin anu dipihormat, urang nyaho yen global warming nyata masalah anu serius
pikeun nagara-nagara anu aya di dunya. Global warming teh lumangsung sabab
kagiatan manusa anu bisa ngarusak bumi tempat urang hirup.

Global warming nyata proses kanakan suhu rata-rata atmoser, sagara, sarta bumi.
Global warming ieu ngabogaan akibat anu picilakaeun pikeun kahirupan makhluk hirup,
saperti: suhu hawa ngaronjat di luhur rata-rata, mindengna lumangsung cuaca anu
henteu menentu saperti ayeuna ieu, parobahan iklim, jst. Global warming ta akibat ti
efek imah kaca, kebakaran leuweung, jst.
Pamarntah geus ngalaksanakeun usaha pikeun nyegah global warming, sapertos:
ngalakukeun reboisasi, ngahulag pangwangunan gedong anu mak kaca kaleuleuwihan,
penanaman sarbu tangkal, nyieun taman kota, jst. Henteu ngan di Indonsia tapi nagara-
nagara di dunya geus ngalakukeun usaha panyegahan global warming.

Pancen urang minangka pelajar kudu miara lingkungan ambh global warming
henteu ngancem mahluk hirup anu aya di bumi ieu. Urang bisa ngalakonan tindakan
leutik tapi boga pangaruh ged, saperti: urang miceun runtah dina tempatna, melak
tangkal di pakarangan kelas, nyokot runtah anu ambacak, jst.
Hadirin anu dipihormat, ku sabab ta miara lingkungan kacida penting sakali ambeh
anakincu jaga urang engke bisa ngarasakeun endahna hirup di dunya ieu sarta bumi
urang tetep lestari. Amin!
Hayu urang mimitian miara lingkungan ayeuna saperti melak tangkal pikeun hiji urang!

Wassalamualaikum Warakhmatullahi wabarakaatuh !


Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IXJ nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.
Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup
anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae,
batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci
tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di
sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge
suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu
kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa
ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai