Anda di halaman 1dari 9

BIANTARA

Mrs. Yanti
Struktur Biantara nyaeta diwangun ku :

1. Bagian bubuka
2. Bagian eusi
3. Bagian panutup
1. Bagian bubuka ngawengku salam
bubuka, mukadimah (husus pikeun
Islam), salam hormat ka hadirin,
jeung ngahaturkeun nuhun ka
panata acara nu geus mere
kesempatan
Conto bubuka :

Assalamualaikum Wr. Wb.,


Wilujeng enjing sadayana, bapa sareng
ibu guru anu ku sim kuring dipikahormat,
sareng rerencangan sadayana anu ku sim
kuring dipikacinta
Langkung tipayun mangga urang
sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT,
anu parantos marengkeun urang sadayana
dugi ka tiasa patepang dina ieu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu
tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
2. Bagian eusi, nepikeun tujuan jeung
kacindekan eusi biantara
Conto eusi :

Pala wargi anu sim kuring dipikahormat,


dina ieu waktos sim kuring bade
ngadugikeun kumaha pentingna hirup
sehat kanggo urang sadayana. Urang
sadaya kedah atanapi wajib ngajagi
lingkungan sareng awak nyalira sangkan
ditebihkeun tina sagala rupi panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun
hirup sadidinten ku cara anu sehat.
Meresihan salira atanapi ibak, maresihan
kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto anu
disebat hirup anu sehat. Conto anu
sanesna, miceun runtah kana tempatna,
nyiduh ulah dimana wae, batuk atanapi
bersin kedah nutupan baham.
Conto Panutup dina Biantara

Pala hadirin sadayana, rupina


dicekapkeun sakitu anu kapihatur,
kirang langkungna mugi tiasa
dihapunten.

Anda mungkin juga menyukai