Anda di halaman 1dari 8

MAKALAH

BAHASA SUNDA
TATAKRAMA KA ORANG TUA

Disusun Oleh :
Kelompok 2
Dede Nopiatasari
Elis Lisnawati
Ima Ismayanti
Sifiah Siti Fatimah
Kelas / Program : XII IPA 2

SMA NEGERI 1 DARMA


Jl. Raya Cipasung KM-15 Darma Telp. (0232)876643 Kuningan-
45562
E-mail : sman_1darma@yahoo.com
Kecap Panganteur
Puji sinareung syukur mangga urang sanggakeun kahadirat Allah SWT
anu tos masihan rahmat sareung karunia-Na ka urang sadaya sampe urang tiasa
ngarengsekeun ieu makalah anu dijudulan Tatakrama Ka Orang Tua, kanggo
nuntaskeun pancen ti Guru Basa Sunda kelas XII. Diharepkeun makalah ieu
tiasa masihan informasi ka urang sadaya ngeunaan perilaku urang ka kolot.
Saleresna makalah ieu masih jauh keneh tina kasampurnaan, kumargi kitu
urang nyuhunkeun saran sareung kritikanana ti sadaya pihak anu sifatna
ngawangun kanggo kasampurnaan makalah ieu. Pamugi - mugi ieu makalah
tiasa manfaat kanggo urang sadaya.

Kuningan, 11 Januari 2017

Penyusun
Daftar Eusi
Kecap Panganter..................................................................................................
Daftar Eusi...........................................................................................................
BAB I BUBUKA.................................................................................................
1.1 Kasang Tukang.........................................................................................
1.2 Rumusan Masalah....................................................................................
1.3 Tujuan......................................................................................................
1.4 Manfaat....................................................................................................
1.5 Cara Ngumpulkeun Data..........................................................................
BAB II PEDARAN.............................................................................................
2.1 Harti Tatakrama........................................................................................
2.2 Macem-macem Tatakrama.......................................................................
2.3 Kalakuan Kalakuan Anu Ka Asup Kana Uququl Walidain..................
2.4 Hal-Hal Anu Ku Urang Bisa Dicandak Lamun Ngabakti Ka Orang Tua
2.5Bentuk-Bentuk Tatakrama Ka Orang Tua.................................................
BAB III PANUTUP.............................................................................................
3.1 Kacindekan...............................................................................................
3.2 Saran........................................................................................................
Daftar Pustaka
BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang


Tatakrama ka orang tua atawa adat sopan santun di sebat oge etika anu
jadi bahan dina kahirupan urang, tatakrama ka orang tua tos jadi
persyaratan dina hirup sapopoe, malahan jadi kawajiban sangkan urang
bisa ditarima di masyarakat. Basa urang keur leutik teu sadar orang tua
urang tos ngalatih urang sangkan bisa narima pamere ti batur ku tangan
katuhu jeung ngucapkeun hatur nuhun. Tatakrama teh diperlukeun dina
kahirupan sapopoe contona orang tua oge ngalatih urang cara tuang,
ngaleueut, nyapa, masihan hormat, nyarios, ngangge pakean sareng
tingkah laku na kudu sopan. Lami-lami ngabentuk jadi kabiasaan ,
henteu mikirkeun kunaon kudu nindak sapertos kitu. Jadi, tatakrama
teh kudu diterapaken dina kahirupan sapopoe komo deui tatakrama ka
orang tua kudu leuwih sae.
1.2Rumusan Masalah
1. Naon anu dimaksud tatakrama ?
2. Naon wae macem-macem tatakrama teh?
3. Naon wae kalakuan kalakuan anu ka asup kana Uququl Walidain?
4. Naon wae hal-hal anu ku urang bisa dicandak lamun ngabakti ka
orang tua?
1.3Tujuan
1. Medarkeun pasualan ngenaan tatakrama ka orang tua.
2. Ngajadikeun ieu makalah sabage sumber informasi utamana keur
barudak sakola.
1.4 Manfaat
1. Sabage sumber informasi utamana keur barudak sakola.
2. Nambah wawasan ka urang sadaya ngenaan tatakrama ka orang tua,
bentuk-bentukna, kalakuan jeung hal-hal anu bisa dicandak lamun
urang ngabakti ka orang tua .
1.5 Cara Ngumpulkeun Data
Kanggo ngumpulkeun data - data atawa informasi - informasi anu
di butuhkeun urang ngagunakeun metode pustaka nyaeta macaan dina
internet.
BAB II
PEDARAN

2.1 Harti Tatakrama


Tatakrama asal katana tina tata sareng krama. Tata nyaeta aturan,
adat, norma, peraturan. Krama nyaeta sopan satun, prilaku santun,
tingkah laku anu santun, bahasa anu santun.
Jadi tatakrama nyaeta tingkah laku manusa anu dipandang tina segi hade
atawa burukna perbuatan.
2.2 Macem-Macem Tatakrama
Tatakrama ka guru
Tatakrama ka babaturan
Tatakrama nyarios
Tatakrama ngangge pakean
Tatakrama ka orangtua
Tatakrama di lingkungan keluarga
2.3 Kalakuan Kalakuan Anu Ka Asup Kana Uququl Walidain
Ngalakukeun aniaya ka orang tua
Ngucapkeun cariosan anu kasar
Nuntut ka orang tua, ku sabab teu diturutkeun sagala
kahoyonganna
Ngalantarkeun orang tua anu keur susah dina perekonomian,
padahal anakna benghar
Anak ngajauhan orang tuat sareng alim ngurus orang tua anu tos
sepuh
Ngacaci sareng ngahina orang tua
Bohong ka orang tua
Nyentak ka orang tua sabari suarana tarik
2.4 Hal-Hal Anu Ku Urang Bisa Dicandak Lamun Ngabakti Ka Orang
tua
Ngabakti ka orang tua mangrupakeun salah sahiji leubet ka syurga
Tiasa nampi ridha ti Allah, kusabab ridhana Allah teh ridhana
orang tua
Doana orang tua langsung di ijabah ku Allah
Jasa-jasa orang tua moal tiasa dibales ku urang
Ngabakti ka orang tua nyaeta hal anu leuwih utama
Ngabakti ka orang tua tiasa di luaskeunna rizki sareng
dipanjangkeun yuswa
Ngabakti ka orang tua tiasa ngahilangkeun kasulitan anu nuju di
alami

2.5 Bentuk-bentuk tatakrama ka orang tua


Nyarios ka orang tua kedah kata-kata anu lemah lembut
Ngajaga, ngarawat, lamun nuju udur, sepuh sareng tos pikun
Tawadhu (rendah diri), teu kenging sombong lamun urang tos
ngaraih kasuksesan sabab ti lahir urang teu apal nanaon sareng
orang tua urang anu tos ngajarkeun sagalana
Masihan infaq atawa shodaqoh ka orang tua lamun urang tos
kacukupan dina harta
Ngadoakeun orang tua, anu tos di cantumkeun dina firman Allah
SWT
Teu kenging nyarios kata Ah, sapertos anu di cantumkeun dina
Al-quran
Ngajalankeun nasehatna, sareng ngajaga nami baik orang tua
Ngadoakeun orang tua mugi-mugi dipasihan ku Allah
kamampuan, rahmat sareng kasejahteraan hirup di dunia sareng
akhirat
Saentos orang tua tos teu aya urang kudu:
Ngurus jenazahna
Ngalunaskeun hutang-hutangna
Ngalaksanakeun wasiatna
Ngadoakeun
BAB III
PANUTUP

1.1 Kacindekan
Tatakrama nyaeta adab sopan santun, kabiasaan sopan santun atawa
sopan santun, anu disepakati di lingkungan pergaulan antar manusa
setempat. Tatakrama digunakeun dina kahirupan sapopoe anu aya dina
sagala bentuk aturan anu kudu di taati ambeh ngabentuk karakter anu
ngajungjung tinggi nilai kasopanan.
1.2 Saran
Salaku jadi anak, urang kudu terus ngaharapkeun karidhoan ti orang tua
urang sareng nurutkeun parentah-parentahna, salami heunteu
ngalakukeun kamaksiatan. Anak oge kudu terus mentingkeun kaduana,
ku mayunanan kahoyonganana tibatan kapentingan sareng pribadi
urang. Mugi-mugi makalah iyeu nambih wawasan ka urang, khususna
kangge generasi muda sangkan tiasa nurut ka orang tua. Tina makalah
ieu diharapkeun tiasa ngabentuk kepribadian anu leuwih hade, khususna
kapara pembaca sareng generasi penerus bangsa. Salian ti eta urang
kedah tiasa nerapkeun tatakrama anu tos di paparkeun dina makalah ieu.
Urang ngaharapkeun makalah ieu aya manfaatna kanggo urang sadaya
sareng tiasa dijadikeun bekel dina kahirupan urang khususna ngenaan
tatakrama ka orang tua.
DAFTAR PUSTAKA
http://muslim.or.id/akhlaq-sareng-nasehat/bakti-ka-orang-
tua.html

Anda mungkin juga menyukai