Anda di halaman 1dari 1

Pidato Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb

Pak Udin nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas 9(salapan)-D


nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT
nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray
dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan
sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade
ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang
sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan
dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.
Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto
hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di
mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih


atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang
sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana
kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa
anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna,
mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai