Anda di halaman 1dari 4

KERJA BAKTI LURAH KUNINGAN

KECAMATAN KUNINGAN

Diuningakeun ka sadaya RT. 03 RW. 05 kampung Cijalim Pasapen Kuningan. Wirehna


dina dinten Senen, Kaping 09 Januari 2011, ngawitan ti tabuh 8 enjing dugi ka lekasan.
Urang bade ngalaksanakeun Kerja Bakti mersihan hawangan nu ngalangkung ka kampung
urang. Kumargi kitu ke enjing sa teu acanna ngalaksanakeun kerja bakti. Urang kempel
heula di rompokna Pa Lurah sisieun hawangan, kanggo ngadangukeun heula wejangan ti Pa
Lurah. Hatur nuhun ka ayana perhatosanana. Diantos kasumpingananan.

Kuningan, 09 Januari 2011


lurahan Kuningan

H. Nana Rumana

b. Sakola ek ngayakeun piknik ka jogjakarta

SMA NEGERI 2 BANDUNG


Jln. Jendral Sudirman 28 Bandung

Diuningakeun ka sepuh-sepuh siswa SMAN 2 Bandung dina acara taunan sakola kelas XI,
sakola bade ngayakeun piknik ka Jogjakarta nyaeta ka Candi Borobudur, Malioboro, jeung
Dieng. Anu bade dilaksanakeun 3 poe ngawitan ti dinten Jumah kaping 8 Februari 2013 dugi
ka dinten Minggu kaping 10 Februari 2013. kempelna tabuh 5 wengi di aula sakola. Waragad
anu kudu dikaluarkeun nyaeta Rp. 650.000.Mugia para sepuh siswa uninga.

Kuningan, 8 Februari 2012


Kepala SMAN 2 BANDUNG

H. Ade Drajat

c. RT ek ngayakeun sunatan masal

KAMPUNG CIJALIM RT. 03 RW. 05


KELURAHAN KUNINGAN, KECAMATAN KUNINGAN

Assalamualaikum Wr. Wb.


Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03
RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten
Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug
Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana. Hatur nuhun
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Kuningan, 20 Januari 2012


Ketua RT 02
Komplek Kabumen

Maman Supriaman

d. Sakola ek ngayakeun lomba kabersihan kelas

SMA NEGERI 3 KUNINGAN

Jln. Siliwangi no.13 Kuningan

Diuningakeun ka sadaya wargi SMAN 3 KUNINGAN. Sakola bade ngayakeun lomba


kabersihan antar kelas X, XI, XII. Kelas anu pang bersihna berarti eta nu jadi pemenangna.
Hadiah nu di menangkeun nyaeta Piala sareng artos Juara 1 Rp. 100.000.-/ perkelas Juara 2
Rp. 75.000.-/ perkelas Juara 3 Rp. 50.000.-/ perkelas. Lomba bade dilaksanakeun unggal
dinten Senen kaping 1 Oktober 2010. Mugia para sepuh siswa uninga.

Kuningan, 05 Oktober 2012


Kepala Sakola
SMA NEGERI 3 KUNINGAN

Drs.H Agus Hakim

e. Kecamatan ek ngayakeun pembuatan KTP masal

PEMERINTAH KABUPATEN KUNINGAN


KANTOR KECAMATAN KABUPATEN KUNINGAN
Jln. Otista no.3 Kuningan

Diuningakeun ka sadaya warga Kec. Kuningan. Bade ngayakeun ngadamel KTP masal.
Wirehna dina dinten Salasa dugi ka poe Kamis. Kaping 08 September 2013 nepi ka kaping 10
September 2013. waktosna ngawitan tabuh 9 enjing dugi ka tabuh 5 wengi. Tempatna di
Kantor Kec. Kuningan. Hususna kanggo ngadamel KTP elektronik, saratna kudu mawa kartu
keluarga. Ka para wargi sadaya diantos kasumpinganana. Hatur nuhun Wassalamualaikum
Wr. Wb.

Kuningan, 06 September 2013


Kapala Camat Kuningan

Drs. H. Subagja

Anda mungkin juga menyukai