Anda di halaman 1dari 4

Kumpulan Pidato Bahasa Sunda

Kategori : Pendidikan

Dalam beberapa acara, seseorang dituntut untuk bisa berpidato baik itu secara resmi
maupun tidak. Berpidato bukanlah hal yang mudah. Tidak semua orang bisa
melakukannya dengan baik. Untuk pidato yang sukses, seseorang mutlak
mempersiapkan naskah dengan baik. Hal ini juga menyita pikiran dan energi, sebab
bukan hal yang mudah juga tentunya. Terlebih jika Anda didaulat menyusun naskah
pidato dengan menggunakan bahasa daerah. Nah, sebagai inspirasi dalam
mempermudah Anda, berikut kami sajikan beberapa contoh naskah pidato dengan
berbagai tema dan dalam bahasa tradisional sunda. Tema yang diangkat, mulai dari
kebersihan lingkungan hingga tema keagamaan. Contoh naskah ini kami rangkum dari
berbagai sumber. Semoga mencerahkan. Berikut naskah pidato bahasa sunda tersebut.

Pidato Dengan Bahasa Sunda Tema Internet


Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu
urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat
sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat
ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru
anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna
Pangaruh Internet Ka Rumaja
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong
medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet
tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae,
cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit
sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di
desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok
disebut warnet.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae
anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang
ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung
siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa,
sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta
media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae.
Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun
jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana
kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs situs, gambar
gambar, atawa video video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing
ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana
sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang
bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan

Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina
kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang
kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh
umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka
Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa
hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun
tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola
oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu
bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih
raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu
bersih sadayana. Allohumma, amien Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu
Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa
ngahapunten.

Pidato Bahasa Sunda Tema Kebudayaan

Assalamualaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana.
Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung,
margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina
kasempatan ieu.
Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek
budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan
unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur,
singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan
dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina
kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina
nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon
Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka
bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu
nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung
pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi
jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu
merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern
pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling
cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur
kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian
anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun
urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka
urang sadaya.
Wassalamualaikum w. w.

Pidato Bahasa Sunda Tema Keagamaan

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang
tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung
Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh
kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatnaAmin..
Hadirin anu dipikahormat !

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta
bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala
sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa
numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu
dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu
mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak
ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun
terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen
kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar
bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan
musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun
nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang
sadaya mulih.
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten
wal affu mingkum

Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan SD

Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT.
Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat
walafiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku
umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan
kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak
saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan
rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru
anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa
guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya
manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa
miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu
mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

Demikian beberapa contoh pidato bahasa Sunda yang dirangkum dari berbagai
sumber. Semoga bisa menginspirasi Anda dalam menyusun naskah pidato yang
mengesankan para pendengar. Selamat menuangkan ide!

Anda mungkin juga menyukai