Anda di halaman 1dari 4

Lirik Lagu Kawih Sunda : "Sapu nyere pegat simpai"

Ririungan urang karumpul

meumpeung deukeut hayu rang sosonoan

Macangkrama bari ngawadul

urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan

hiji wanci anu geus ditangtukeun

Bakal pisah bakal pajauh

bakal mapohokeun katineung urang

Sapu nyerepegat simpai

bakal kasorang takdir

ti Gusti Hyang Widi

pasti kalakon

Urang rek papisah

urang rek pajauh

meumpeung deu keut

hayu rang sosonoan

Lirik Lagu Kawih Sunda : "Kembang Ros"

Kembang ros kumatak lucu

Nya alus rupa nya


Heunteu aya papadana

Ratuning kembang sajati

Papaes ti patamanan

Seungit mani ngadalingding

Lirik Lagu Kawih Sunda : "Laut Kidul"

laut kidul kabeh katinggali

Ngebat paul kawas dina gambar

Ari ret kaleubah kaler batawi ngarungkunuk

Laut namah teu katingali

Ukur lebah lebahna

Semu- semu biru

Ari ret kalebah wetan

Gunung gede kawas nu ngajakan balik

Meh bae kapiuhan

Lirik Lagu Kawih Sunda : "Mawar Bodas"

Mapay jalan satapak

Ngajugjug ka hiji lembur

Henteu karasa capena

Sabab aya nu diteang


Hujan angin dor dar gelap

Hunteu aya keur ngiuhan

Sanajan awak rancucut

Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi

Ka tempat anu di tuju

Rek ngalongok mawar bodas

Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal

Kembang geus aya nu boga

Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna

Teu kapikir ti tadina

Lamun bakal nyeri hate

Hoream teu sudi teuing

Mikiran pipanyakiteun

Mikiran pipanyakiteun

Lirik Lagu Kawih Sunda : "Asmarandana"

Manggih hakaneun saeutik


Dibikeun ka anak heula

Kajeun manehna mah engke

Sieun anak kalapara

Eta di sato hewan

Jalma mah leuwih ti kitu

Nyaah asihna ka anak

Mun anak dipareung geuring

Kurang sare kurang dahar

Jaba tatamba ka doktor

Henteu ngitung karugian

Asal anak waluya

Ti keur leuutik terus – terusan

Nepi ka anak sawawa

Anda mungkin juga menyukai