Anda di halaman 1dari 1

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil ‘alamiin wabihi nasta’inu ‘ala ummu riddunya waddiin, washolatu
wassalamu ‘ala asrofil ambiya ‘iwal mursalin wa’ala alihi wasohbihi ajma’in, amma
ba’du.
Puji, kalayan pamuji nu sajati nu janten panghias ati nu ngancik dina sanubari, minangka mimiti
dina ieu ngaji urang sami panjatkeun kanu maha suci buktosna Alloh Robbul Izati.
Puja, kalayan pamuja anu sanyata nu janten panghias basa nu nyaliara dina waruga minangka
bubuka sina ieu carita urang sami sanggakeun kanu maha kawasa buktosna Alloh Subhanahu
Wata'ala.
Syukur anu janten papaes umur, minangka panutur na ieu catur urang sami kucurkeun anu maha
luhur buktosna Alloh Robbul Ghofur.
Nu mana kalayan Kudrot sareng Irodat mantena urang sadaya tiasa kumpul ngariung paamprok
jonghok, anu Insya Alloh hempak murbayaksana urang di ieu majlis elmu teh taya sanes
ngagaduhan niat anu sami, kahiji niat silaturrahmi kadua tolabul'ilmi, katilu panginten NGOPI
sareng KONGRES tea anu janten kagiatan rutinan di wengi salasa tea.
Kalihna ti eta, solawat kalih kawilujeungan mugia sapapaosna di kocor golontorkeun ka panutan
alam, pahlawan revolusioner islam. anu parantos ngaluarkeun umat manusa ti jaman anu poek
mongkleng buta rajin, ka zaman anu caang padang narawangan pinuh ku cahaya kaimanan. Anu
parantos nyandak umat manusa ti zaman kabiadaban ka zaman peradaban. Buktosna Habibana
Wanabiyana Wamaulaana Muhammad Saw.
Oge teu kakantun ka para kulawargina, para sohabatna tug dumugi ka urang sadaya salaku
ummat anu ta'at tur patuh kana ajaran mantena. Mudah-mudahan isuk jaganing geto dina nalika
bancang pakewuhna kiamat urang sadaya kapaparin safaatul udzma ti mantena.... Amiiin.... 
Bapak – bapak sadayana Sim kuring aya dipayuneun hadirin sadaya wireh kapapancenan salaku
panata acara dina ieu acara NGOPI sareng KONGRES. Supados henteu nyangkolong kana
waktos, sateuacan di kawitan, simkuring bade ngadugikeun rentetan acara, diantawisna :
1. Pembacaan Surat Alfatihah (sasarengan)
2. Sambutan – Sambutan
3. Murojaah Aosan (Sasarengan)
4. Materi plus NGOPI sareng KONGRES
5. Panutup

>Ngopi & kongres<

Anda mungkin juga menyukai