Anda di halaman 1dari 3

MATERI UNSUR INTRINSIK KAWIH

Unsur kawih diantarana nya eta:

• Tema nya eta galeuh poko nu nyaritakeun eusi kawih, contona sosial, religi, nasionalisme,
perjuangan jeung sajabana.

• Rasa nya eta sikep nu ngawih kana pasualan anu aya dina kawih (kaayaan nu digambarkeun
dina kawih)

• Nada nya eta sikep nu nulis kawih kana pasualan nu aya dina kawih (eusi tina kawih)

• Amanat nya eta pesen moral nu aya dina eta kawih.

MANUK DADALI

Mesat ngapung luhur

Jauh diawang awang

Meberkeun jangjangna bangun tgaya karingrang

Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk

Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna

Gandang jeun g patentang taya bandinganana

Dipikagimir dipikaserab ku sasama

Taya karempan kasieun leber wawanenna

Reff : manuk dadali

Manuk panggagahna

Perlambang sakti indonesia jaya

Manuk dadali pangkakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan taya pahiri hiri

Silih pikanyaah teu inggis bela pati


Manuk dadali ngandung siloka sinatria

Keur sakumna bangsa dinagara Indonesia

Conto hasil analisis unsur intrisnik tina kawih Manuk Dadali

1. Tema : nasionalisme sabab ngagambarkeun kareueus jeung pangajen rakyat ka nagara


indonesia nu kaayanna rukun.
2. Rasa (kaayaan) : Reueus jadi bangsa Indonesia anu miboga kawani
3. Nada (lirik/eusi) : Manuk dadali salaku perlambang nagara indonesia
4. Amanat : salaku bangsa indonesia kudu luhung kawani jeung mikacinta ka lemah cai.

TUGAS SISWA!

1. Pek baca materi ngeunaan unsur intrinsik kawih!


2. Analisis kawih nu judulna Mawar Bodas! Kerjakeun 5 soal dihandapna !

MAWAR BODAS

Mapay jalan satapak


Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap


Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi


Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal


Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna


Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
SOAL!

1. Naon tema kawih Mawar Bodas?


2. Naon nada nu kagambar dina eta kawih?
3. Naon rasa nu kagambar dina eta kawih?
4. Naon amanat tina eta kawih?
5. Naon nu dimaksud “Mawar Bodas” dina eta kawih, jentrekeun alesanana!

CATETAN :
1. Tugas dicatet eusina hungkul
2. Dikintun kana spi nganggo format jpg/foto upami tiasa sangkan teu korup
3. Dikempelkeun dinten ayeuna saluyu sareng jadwa
4. Tugas = absen

Anda mungkin juga menyukai