Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum.wr.

wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang
panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta
hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu
parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna
“Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun
watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif
sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup
modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu
perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus
loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya
di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun
talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu
pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu
luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna
sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna
kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan
fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :Pikeun anu kakara
mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video –
video anu teu sawajarnaKacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagalaBisa katipu tina
iklan – iklan di internet.
Tapi aya oge segi positifna :Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan
saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun Bisa nambah rerencangan dina jejaring
social, jsbRumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja
biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun
urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.

Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai