Anda di halaman 1dari 2

Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangmerenahna!

1. Surat nu ditulis keur kaperluan pribadi hiji jalma, ditujukeun keur babaturan atawa kulawarga
disebut.......................
a. Surat resmi b. Surat dinas c. Surat penting d. Surat pribadi
2. Nu teu kaasup bagian tina surat pribadi nyaeta.......................
a. Tempat jeung tanggal ngajieun surat
b. Tujuan jeung alamat nu dikirim surat
c. Kop surat
d. Salam bubuka
3. Kalimah nu subjekna ngalakukeun pagawean disebut.......................
a. Kalimah aktif b. Kalimah pasif c. Kalimah barang d. Kalimah pagawean
4. Mana nu kaasup kalimah aktif.......................
a. Bang Pepe ngajingjing kantong
b. Hayam keur diparaban ku Dadan
c. Domba the rek dipeuncit ku Pa Kadir
d. Langlayangan dijieun Jajang
5. Mana nu kaasup kalimah pasif.......................
a. Bang Pepe ngajingjing kantong
b. Dadan keur maraban hayam
c. Pa Kadir rek meuncit Domba
d. Langlayangan dijieun Jajang
6. Gaya basa nu ngibaratkeun barang, tangkal atawa sato ngalakukeun pagawean jelema
disebut.......................
a. Rarahulan b. Kadalon c. Mijalma d. Hiperbola
7. Di handap ieu nu kaasup kalimah gaya basa mijalma nyaeta.......................
a. Nunung mah moal sakola lantaran keur mules beuteung
b. Waktu ngadenge imah kahuruan, kuring reuwas asa murag jantung
c. Bulan nyumput ditukangeun mega
d. Seragam sakola nu Dina kabanjur ku cai
8. Kendaraan tingbelesat ....................... muru ka tempat tujuan
a. Tingkariceup b. lalumpat c. ngawangkong d. tarungkul
9. Bentang ....................... di langit
a. Tingkariceup b. lalumpat c. ngawangkong d. tarungkul
10. Kalimah berita (wawaran) nu dibentuk ku unsure subjek jeung predikat disebut.......................
a. Kalimah wawaran basajan c. Kalimah barang basajan
b. Kalimah wawaran jembar d. Kalimah sipat jembar
11. Dudung keur maca. Ieu Kalimah kaasup.......................
a. Kalimah wawaran basajan c. Kalimah barang basajan
b. Kalimah wawaran jembar d. Kalimah sipat jembar
12. Pilih mana anu kaasup kalimah wawaran jembar.......................
a. Budak the ulin bae
b. Dongeng teh geus tamat dibaca
c. Baju disimpen dina lomari
d. Geuning japati the geus paeh?
13. Mana kalimah pananya anu bener ngalarapkeun kecap kumaha.......................
a. Kumaha ieu harga beas saleterna?
b. Kumaha maneh bet milu?
c. Kumaha ari nyieun langlayangan teh?
d. Kumaha eta suku tepi ka getihan kitu?
14. Mana kalimah pananya anu bener ngalarapkeun kecap sabaraha.......................
a. Sabaraha disimpenna buku teh?
b. Sabaraha baju the bet kotor?
c. Sabaraha gula the sakilona?
d. Sabaraha kamari Dadan teu sakola?
15. Mana kalimah pananya anu bener ngalarapkeun kecap iraha.......................
a. Iraha sapatu the bet baseuh?
b. Iraha budak the bet ceurik bae?
c. Iraha TV teh gambarna bet teu jelas?
d. Iraha rek indit ka Cikarang teh?
16. Ieu di handap kabehanana kaasup kalimah pangantet, iwal ti.......................
a. Bandrek the dijieunna tina cai gula jeung jahe
b. Dodi mah diukna di tukang
c. Gedig we manehna indit rurusuhan
d. Yogi mah kasep kawas bapana
17. Kalimah parentah anu eusina nitah, nyaeta.......................
a. Ning, urang ngarujak bonteng, yu!
b. Ulah lulumpatan bae Ujang, bisi labuh!
c. Pareuman lampu the Din, serab!
d. Hadena mah maneh gancang menta dihampura
18. Kalimah parentah anu eusina nyaram, nyaeta.......................
a. Ning, urang ngarujak bonteng, yu!
b. Ulah lulumpatan bae Ujang, bisi labuh!
c. Pareuman lampu the Din, serab!
d. Hadena mah maneh gancang menta dihampura
19. Kalimah parentah amu eusina pangjurung, nyaeta.......................
a. Ning, urang ngarujak bonteng, yu!
b. Ulah lulumpatan bae Ujang, bisi labuh!
c. Pareuman lampu the Din, serab!
d. Hadena mah maneh gancang menta dihampura
20. Kalimah parentah anu eusina pangajak, nyaeta.......................
a. Ning, urang ngarujak bonteng, yu!
b. Ulah lulumpatan bae Ujang, bisi labuh!
c. Pareuman lampu the Din, serab!
d. Hadena mah maneh gancang menta dihampura

Anda mungkin juga menyukai