Anda di halaman 1dari 3

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) GENAP KELAS

SDIT AL-AMIN SINDANGKASIH


TAHUN PELAJARAN 2020/2021 3
Nama : .......................... Nilai
Mata Pelajaran : Basa Sunda
Waktu : 60 Menit No. Peserta : ..........................

I. Cakra (X) aksara a, b, c, atawa di hareupeun jawaban anu bener!


Pẻk baca ku hideup pẻdaran dihandap pikeun ngajawab pananya nomor 1 - 5!
Joging
Jalan Galumpit teu sakumaha ramẻ, da ukur jalan desa. Komo ka jalan tonggohna mah, sabab
langka lembur. Tapi ari poẻ Ahad isuk-isuk mah osok ngadadak jadi ramẻ, sabab loba anu
olahraga. Joging disebutna tẻh, nyaẻta lumpat lalaunan, bari sakapeung sok leumpang heula
mun geus mimiti karasa capẻ mah. Tonggoheun Galumpit tẻh ngajegir gunung, Kawasna ari
opat kilomẻter mah aya jauhna tẻh. Ramẻna pisan mah lamun geus haneut moyan.
1. Jalan Galumpit teu sakumaha ramẻ tẻh sabab…………………….....
a. Ukur jalan dẻsa c. Jalan ramẻ
b. Da jalan kota d. Jalan gedẻ
2. Ngadadak ramẻ tẻh biasana dina poẻ Ahad,sabab…………………...
a. Loba anu kerja bakti c. Loba anu nguseup
b. Loba anu olahraga d. Loba anu ngala lauk
3. Di tonggoheun Galumpit tẻh ngajẻgir…………..
a. Tatangkalan c. Batu gedẻ
b. Imah d. Gunung
4. Lamun diukur jauhna kira-kira aya………….....
a. Tilu kilometer c. Opat kilometer
b. Dua kilometer d. Lima kilometer
5. Ramẻna anu joging tẻh lamun geus…………..
a. Peuting c. Tengah poẻ
b. Haneut moyan d. Isuk-isuk
6. Lengkepan kakawihan dihandap ieu!
Ayang-ayang gung
Gung goongna ramẻ
Mẻnak Ki…………
Nu jadi wadana
Naha manẻh kitu
……….olo-olo
a. Mastanu,Tukang c. Wadana,Ramẻ
b. Mẻnak,Gung d. Tukang,Wadana
7. Babagian leungeun nu ditunjuk huruf c ngarana……

a. Pigeulang c. Siku
b. Dampal leungeun d. Ramo
8. Mun hayang boga…………,atlet kudu disiplin dina latihan.
a. Lapang c. Prestasi
b. Pertandingan d. Rẻket
9. Susunan kalimah dihandap nu bener nyaẻta…….
a. Dina suten cinggir tẻh sok diibaratkeun sireum.
b. Jariji ali makẻ mah biasana kẻnca dina lamun
c. sapẻdah labuh tina barẻd manẻhna urut tuur
d. curuk sok dipakẻ jauh barang anu sok nuduhkeun
10. Piknik ka gunung tẻh mending…………….,ngarah teu panas jeung teu sieun.
a. Beurang-beurang c. Peuting-peuting
b. Isuk-isuk d. pasosore
11. Oray sok……
a. Matil c. Ngoẻt
b. Macok d. Ngalodok
12. Pak Haji………ka sawah.
a. Rẻk indit c. Badẻ angkat
b. Balik d. Mulih
13. Penulisan kalimah dihandap nu bener nyaẻta………..
a. pun lanceuk kuliahna di unpad nyandak jurusan farmasi
b. mang Herman jadi masinis kereta Api.
c. Pesawat garuda tujuan batam Aya Nu inditna ti bandung.
d. Jamaah anu rẻk ka Mekah inditna ti Bandara Halim.
14. Pangaos hapẻ henteu……………..ti sajuta
a. Kurang c. Kirang
b. Gorẻng d. Awon
15. Ucing sok…….
a. Ngoẻt c.macok
b. Matil d.ngalodok

II. Pẻk baca ku hideup pẻdaran dihandap pikeun ngajawab pananya nomor 1 - 5!
Ẻngang jeung Tikukur
Aya ẻngang sosobatan jeung tikukur,maranẻhna hirup akur,najan dina rupa loba bẻdana.Hiji
poẻ ẻngang tẻh ragrag kana cai,awakna nangkarak.atuh teu bisaeun hiber.Manẻhna geus
ampir tikerelep ,untung kaburu datang sobatna.Tikukur gancang macok rẻgang,terus
disodorkeun ka lebah ẻngang.”Nuhun” omong ẻngang ka tikukur.
1. Ẻngang tẻh sosobatan jeung……………………………………………………………
2. Maranẻhna hirup akur sanajan………………………………………………………….
3. Ẻngang ragrag kana cai teu bisaeun…………………………………………………….
4. Tikukur nulungan ku cara nyodorkeun…………………………………………………
5. Ẻngang ngucapkeun…………………………………..ka tikukur.

III. Jawab sakumaha parẻntah!


1. Pẻk ku hidep gunakeun aksara gedẻ di awal kalimah jeung ngaran!(pakẻ aksara tulis)
 mang herman jadi masinis karẻta api argo parahiyangan.
…………………………………………………………………………………….
2. Sebutkeun ngaran tilu sasatoan jeung pasipatanana!
…………………………………………………………………………………............
3. Cing lemeskeun!
a. Alus =……………………………………………………………………………..
b. Meuli =……………………………………………………………………………
c. Leuwih,=,,,,,,……………………………………………………………………...
4. Cing sebutkeun 5 ngaran babagian ramo!
…………………………………………………………………………………………..
5. Sebutkeun dua ngaran sasatoan nu jadi sosobatan dina carita basa sunda!
…………………………………………………………………………………………..

Anda mungkin juga menyukai