Anda di halaman 1dari 2

Mc Muharrom

BISMILLAHIRROHMANIRROHIM

Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Allhamdulillahirobbila’lamin wabihi nastai’nu a’la umuridun ya waddin wasolatu wasolamu a’la


asrofil ambiya iwal mursalin waa’la alihi wasoh bihi ajmain amabadu.

Anu ku pribados dipihormat Almukarom ti Pondok Pasantren……………………………


Bapa………………………… ti …………………………..., Bapa Kepala Desa Ciketak sinareng perangkatna,Bapa
Kesra, Bapa Ulis, Ketua DKM sareng perangkatna, Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda
pamudi oge para Bapa Ibu hadirin anu sami dipihormat.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana
kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya dipaparinAn kasempetan kangge ngaraoskeun kana
kani'matan anu kacida ageungna (iman-islam) Oge kuayana ni'mat sehat urang sadayana tiasa
kumpul mungpulung paamprok jongkok patepang raray Kalayan nyumpingan kana ieu patempatan
dina raraga “Mieling di babarkeunana kanjeng Nabi Muhammad SAW”, Dina kaayaan sehat walafiat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadayaHabibana
Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge
teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin
ya Allah Yarobbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu sami dipihormat. Hapunten sateuacana pribados nuhunkeun widi, salaku
pangjajap acara atanapi panganteur carita. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di
pidangekun dina wengi ieu. Acara anu ka hiji nyaeta

- Bibika, anu kadua

- Laporan ti atas nami panitia, anu katilu

- sambutan ti atas nami ketua DKM Desa Ciketak, anu ka opat

- Gerentes manah ti atas nami aparatur pamarentahan Desa, anu ka lima

- Pangumuman perlombaan para juara, anu ka genep

- Acara inti “Uraian Hikmah”, anu pamungkas

- Do’a atanapi panutup


Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka
acara anu kahiji nyaeta bibika, kalayan sasarengan maos Basmallah, Bismillahirrohmanirrohim.
Masih dina acara anu kahiji anu mana bade di eusi ku aosan kalam Ilahi, anu bade di aoskeun
ku………......................... sareng saritilawah........................... Ka............................... disumanggakeun.

Hatur nuhun ka...................................sareng saderek....................................... anu parantos


maoskeun kalam ilahina pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti mantenna.

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kahiji, mangga urang teraskeun kana acara
anu kadua nyaeta laporan ti atas nami panitia, ka Saderek “Irwan Sukmanto” disumanggakeun.
Hatur nuhun ka saderek Irwan Sukmanto anu parantos masihan laporana pamudah-mudahan urang
sadaya kenging manfaatna, Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kadua mangga urang teraskeun kana acara
anu katilu nyaeta sambutan ti atas nami Ketua DKM Desa Ciketak, ka Bapa Edi Jubaedi di
sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa anu parantos masihan sambutana pamudah-mudahan urang
sadaya kenging mangfaatna, Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang teraskeun kana acara
anu ka opat nyaeta gerentes manah ti atas nami pamarentahan Desa, ka
Bapa........................................................ di sumanggakeun, hatur nuhun ka
Bapa...................................... anu parantos masihan gerentes manahna, pamudah-mudahan urang
sadaya kenging mangfaatna. Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami berbahagia, rengse acara anu ka opat mangga urang teraskeun kana
acara anu ka lima nyaeta pangumuman para juara anu kenging dina perlombaan dina raraga mieling
di babarkeunana junjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad SAW. Ka
saderek.............................................. disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek.......................... anu
parantos maoskeun sadaya para juara, pamudah-mudahan ngajantenkeun motivasi kangge putra
sareng putri urang sadaya. Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka lima mangga urang teraskeun kana acara
anu ka genep nyaeta acara anu di antos antos kurang sadaya “Uraian Hikmah” ka Bapa Almukarom
di sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa Almukarom anu parantos masihan uraian hikmahna
pamudah-mudahan urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka genep, mangga urang teraskeun kana
acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang
sasarengan maos Hamdalah.Allhamdulillahirobbila’lamin.

Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku
urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami
darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji
amal soleh kangge hadirin sadaya, Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina
samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana.

Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai