Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

…………………………………………………………………………………………………………………………
…..
Ka sadaya wargi sohibulbait nu ku sim kuring dipihormat, ka sadaya wargi ua mamang bibi ade aa
teteh anu ku sim kuring di pihormat sareng dipikanyaah.
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci,
alhamdulillah ku Rahmat sareng inayah manten-na dina danget ieu urang sadaya dipaparin
kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngariung, patepung lawung
paamprok jonghok di ieu patempatan dina acara haolan aki H. Abdul Majid Sreng Nini Hj. Siti
Jubaedah.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka
kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil
ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin wal hadiroh hormateun sim kuring, hapunten nu kasuhun hampura nu keteuda, dina danget
ayeuna simkuring kumawantun nyarios dipayuneun para sepuh para wargi sadaya, sanes adigung
atanapi nurus tunjung, rupina sim kuring dipercanten janten pupuhu catur, nanging hapunten bilih
ngawur da simkuring mah tara seeur saur.
Sateuacana, simkuring ngawakilan sohibulbait hoyong ngahaturkeun wilujeng sumping sinareng hatur
nuhun saageung-ageungna margi abdi miwah rengrengan kulawargi didieu ngaraos bingah tur jembar
manah, wirehna para wargi sadaya tiasa nohonan kana ieu haflah.
Kangge salajengna simkuring bade medarkeun catur anu baris dilakonan dina danget ayeuna kana
sababaraha hiji acara nyaeta :
1. Bubuka
2. Tawasul
3. Prakata panitia
4. Tausiah & Do’a
5. Tutup
Hadirin wal hadiroh samudayana, supados teu nyangkalong kana waktos mangga urang kawitan wae
acara anu kahiji nu rupina “BUBUKA”, kalayan ‘aosan basmalah sasareungan, mangga dihaturanan…
“BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM”
Alhamdulillah acara parantos dibuka sasareungan, kangge acara anu ka dua nyaeta “TAWASUL”, nu
rupina bade disanggakeun ku pangersa ………………………….., Ka pangersa
……………………………., waktos sinareng tempat disanggakeun.
Haturnuhun ka pangersa ……………………………….. nu parantos mingpin Tawasul, mugia karuhun-
karuhun urang, ibu rama urang, wargi-wargi urang atanapi guru-guru urang sadaya nu parantos
ngintunkeun salamina aya dina panangtayungan Alloh SWT. Amiin ya robbal ‘alamin.
Salajengna urang teraskeun ka acara ka-3 nu mangrupi Prakata Panitia, nu Insyaalloh bade didugikeun
ku saderek ……………………, ka saderek ……..……………. waktos sinareng tempat disanggakeun.
Haturnuhun ka saderek ……………………….., mugia naon nu di dugikeun janten manfaat kangge
urang sadayana. Amiin ya robbal ‘alamin.
Teu karaos urang tos dugi kana acara nu ka-4 nyaeta “Tausiah dilajengkeun Do’a”, kangge Tausiah
sinareng do’a ieu insaalloh bade disanggakeun ku ……………….., ka pangersa
…………………. waktos sinareng tempat disanggakeun.
Haturnuhun ka ………………………………….. anu parantos medarkeun mangpirang-pirang
pangaweruh ka urang sadayana, mugia janten pibekeleun jaga boh di dunnya lewih-lewih di akheratna.
Amiin ya robbal ‘alamin.
Alhamdulillah acara tikawit dugi ka akhir parantos dilakonanan, rupina kanggo mungkasan atanapi
penutup acara dina haflah danget ayeuna hayu urang ‘aos HAMDALAH sasarengan,
ALHAMDULILLAHHIROBBIL’ALAMIN…
Pamungkas sanggem, Simkuring anu janteun pupuhu catur neda ageungna pangamputen bilih aya saur
nu teu kaukur, atanapi polah nu teu merenah. kitu deui bilih aya kakirang dina panampianana boh
katempatana atanapi tuang leeutna, nyuhunkeun ageungna pangapunten.
Akhirul kalam, Wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. Wb

Anda mungkin juga menyukai