Anda di halaman 1dari 3

Alhamdulillahirabbil alamin, wabihi nasta’inu ‘ala umuriddunya waddin, wassolatu wassalamu

‘ala asropil ambiyai walmursalin, sayyidina wamaulana muhammadin waala alihi wasohbihi
azma’in.
Asyhadu alla ilaha illalloh. Wahdahula syarikalah waashadu anna sayyidana muhammadan
abduhu warosuluhu lanabiyya ba’dah. Amma ba’du

panitia penyelenggara acara anu ku simkuring di pihormat oge teu kakantun ka


tokoh masyarakat kp kiaralawang anu sami-sami ku simkuring di pihormat. Oge wabil khusus
ka para alim ulama anu kusimkuring di pihormat sareng wabil khusus ka kersana al-mukarom
bapak ustadz ..................... ti ........................, oge teu hilap ka aparatur pemerintahan ti desa
sukaraja ka kersana bapak ....................... anu kusimkuring dipihormat, sareng teu kakantun ka
para hadirin sadayana anu sami-sami ku simkuring dipihormat, sareng mudah-mudahan ku Allah
dimulyakeun. Amin ya Allah ya robbal alamiin.

para hadirin rohimakumulloh.


Teu hilap simkuring ngahaturkeun nuhun ka para hadirin sadayana anu parantos kersa
sumping ka ieu haplah mubarokah, nyaeta dina raraga memperingati maulid nabi atanapi
memperingati hari lahirna junjungan urang sadayana baginda nabi besar Muhammad SAW.
Anu amudah-mudahan urang sadayana kempelna dina haplah mubarokah ieu,mugia sing
kenging rohmat sareng ridhona Allah SWT, sareng mudah-mudahan sing kenging syafaatul
uzmana kanjeng Nabi Muhammad SAW jaga di yaumal qiamah. Amiin.. amiin ya Allah Ya
Robbal ‘Alamin.
Para hadirin rohimakumullah, langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji
syukur ka Allah SWT, berkat kudrot, irodat, sareng inayah mantena, nu alhamdulillah urang
sadayana tiasa sumping sareng tiasa kempel dina ieu haplah mubarokah. anu niatna seja
nyukcruk elmu ngala pangabisa kanggo ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan urang
sadayana ka Allah SWT.anu mudah mudahan sing aya ridho sreng ijabahna Allah swt.amin ya
allah ya Robbal ‘Alamin
Teu kakantun sholawat kalih salamna mugia tetep salalamina di curah limpahkeun ka
junjungan urang sadayana nyaeta Habibana Wanabiyyana kanjeng Nabi Muhammad SAW. Teu
kakantun ka para sahabatna, kapara atba’ut, tabi’in, tabi’at, tur dugi ka urang sadayana selaku
umatna nu nurut tumut kana ajaran mantena, anu mudah-mudahan urang sadayana sing
kabulateran safa’at ti kanjeng Nabi Muhammad SAW. amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin
Para hadirin rohima kumulloh.
Simkuring nangtung dina ieu panggung, ngadeg dina ieu patempatan, alhamdulillah izin
Allah SWT, simkuring dipercanten selaku pengatur waktos penata acara anu insyaallah aya 7
rupi acara anu bade di pimpin ku simkuring.
Atuh diantawisna acara anu kahiji nyaeta:
Pembukaan, anu alhamdulillah acara pembukaan parantos di kawitan ku simkuring .
Atuh salajengna acara nu ka-2 nyaeta IJAB
Nu ka-3 TAWASUL
Nu ka-4 PEMBACAAN AYAT SUCI AL-QURAN
Nu ka-5 Sambutan ti aparatur pemerintahan desa sukaraja
Nu ka-6 TAUSIAH
Sareng Nu ka-7 TUTUP DOA
Anu mudah-mudahan ieu acara ti kawit dugika akhir ku Allah SWT mugia sing dipasihan
kalancaran sareng kasalametan. Amiin ya Rabbal Alamiin.
Para hadirin rohimakumullah, kumargi ulah nyangkolong kana waktos ieu acara urang
lajengkeun wae. Namung sateuacana dilajengkeun, hayu urang sami-sami ngaoskeun heula suroh
al-fatihah.
Pibarokati hummul qur’an, alfatihah .....

AMIN.........
Para hadirin urang lajengkeun wae ieu acara kana acara nu ka-2 nyaeta IJAB anu
insyaallah ijab ieu bade di sesepuhan ku kersana bapak ustadz ........................, waktos sareng
kahormatan disanggakeun ka mantena.

Alhamdulillah ngahaturkeun nuhun ka kersana bapak ustadz anu parantos mimpin ijab.
Anu mudah-mudahan naon rupi nu dicarioskeun nembe mugia sing aya dina ijabahna allah SWT.
amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin.

Atuh urang lajengkeun wae kana acara nu ka-3 nyaeta TAWASUL anu insyaallah tawasul
ieu bade di pimpin ku kersana bapak ustadz ..............................., waktos sareng kahormatan
disanggakeun ka mantena.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana bapak ustadz anu parantos mimpin tawasul, anu mudah-
mudahan ‘aosan manten na sareng aosan urang sadayana mugia sing ditampi sareng di ijabah ku
Allah SWT. amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin.

Atuh urang lajengkeun deui kana acara nu ka-4 nyaeta PEMBACAAN AYAT-AYAT
SUCI AL-QURAN anu insyaallah Pembacaan Ayat-Ayat Suci Al-Quran ieu bade di aoskeun ku
kersana bapak ustadz ..............................., waktos sareng kahormatan disanggakeun ka mantena.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana bapak ustadz anu parantos ngaoskeun Ayat Suci Al-
Quran, anu mudah-mudahan ‘aosan na , mugia sing aya dina panampian na Allah SWT. Atuh
dina lepatna mugia sing aya panghampura sareng rohmatna Allah SWT. oge urang sadayana anu
ngupingkeun nana mudah-mudahan sing kenging rohmat sareng ridhona Allah SWT. amiin ya
Allah Ya Robbal ‘Alamin.

Atuh urang teraskeun wae kana acara nu ka-5 nyaeta Sambutan Ti Aparatur Pemerintahan
Desa Sukaraja ku kersana bapak ..............................., waktos sareng kahormatan disanggakeun
ka mantena.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana bapak aparatur pemerintahan ti desa sukaraja anu parantos
ngadugikeun sambutan na, mudah-mudahan naon rupi anu tos di dugikeun ku mantena,mugia
sing aya manfaatna kanggo urang sadayana. amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin.

Para hadirin rohimakumulloh,


Atuh urang teraskeun wae kana acara nu ka-6 nyaeta TAUSIAH anu mana acara ieu nu
diantos-antos ku urang sadayana, nu alhamdulillah ayeuna tos dugi kana waktosna. Atuh ku
kituna sumangga urang sami-sami ngupingkeun sareng ngaregepkeun ku hate anu khusu, kana
naon rupi anu bade di ‘aoskeun atanapi bade di dugikeun ku bapa ustaz engkin.
Para hadirin rohima kumulloh, atuh urang teraskeun wae kana acara tausiah. Rupina
tausiah ieu anu bade di dugikeun ku kersana al-mukarom bapak ustadz ...............................,
waktos sareng kahormatan disanggakeun ka mantena.
Atuh sabari ngantosan pa ustadz naek ka panggung, hayu urang sasarengan ngaoskeun
sholawat ...................Allahumma sholli wasallim wabarik ‘alaih.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana bapak ustadz anu parantos ngadugikeun pituah-pituahna,


anu mudah-mudahan naon rupi anu tos didugikeun ka urang sadayana, mugia sing aya manfaatna
sareng tiasa ngamalkeun nana. amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin.

Para hadirin.Atuh urang lajengkeun wae kana acara nu terakhir nyaeta TUTUP DOA, anu
insyaallah tutup do’a iyeu bade di pimpin ku kersana bapak ustadz ..............................., waktos
sareng kahormatan disanggakeun ka mantena.

Para hadirin rohimakumulloh,


Alhamdulillah hirobbil alamin, acara demi acara ti kawit dugika akhir parantos rengse, anu
alhamdulillah aya dina kalancaran sareng kasalametan.anu mudah mudahan urg sadayana
saparantos mulihna tina iyeu acara maulid nabi mugia sing kenging elmu anu manfaat maslahat
dun ya sinareng akherat oge sing kenging rohmat sreng ridhona allah s.w.t. amin ya allah ya rbbl
alamin.
para hadirin rohimakumulloh, atuh sateuacana simkuring mundurr tina ieu panggung,
ngejat tina ieu patempatan, simkuring salaku pengatur waktos penata acara nyuhunkeun d
hapunten tina sagala rupi kalepatan simkuring anu utamina tina akhlak sareng perilaku
simkuring oge tina tata cara bahasa anu kirang sopan atanapi kirang raos kana manah para
hadirin sadayana, anu mudah-mudahan para hadirin sadayana tiasa ngahapunten kana sagala rupi
kalepatan simkuring. amiin ya Allah Ya Robbal ‘Alamin.
Para hadirin rohimakumulloh, atuh mung sakitu wae nu kapihatur, leresna dongkapna ti
Allah, lepatna tina kabodoan simkuring.
Akhirul kalam,

Anda mungkin juga menyukai