Anda di halaman 1dari 1

WARTA

A. Harti
Warta teh nyaeta beja ngeunaan hiji kajadian anu ditepikeun ngaliwatan
media massa, boh media cetak atawa media elektronik.

B. Unsur Warta
Unsur warta teh aya 6 (5W + 1H), nyaeta :
1. Who (saha)
2. What (naon)
3. Why (naha)
4. Where (di mana)
5. When (iraha)
6. How (kumaha)

C. Conto warta
Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida
gedena pikeun diekspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas
Asean taun 2015 engke. Salasahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut
ajenna henteu eleh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah di mana-
mana.
Eta hal teh ditetelakeun ku ketua Bidang Usaha Mikro, Kecil, dan
Menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty
Brusel, di Unit Pelaksana teknis (UPT) Sepatu Cibaduyut, sawatara waktu
kaliwat

D. Warna Kalimah
Warna kalmah teh aya opat, nyaeta:
1. Kalimah barang
Kalimah barang teh kalimah anu caritaanana (predikatna) kecap barang.
Contona: Bapana teh guru.
Jejer(J) Caritaan(C)
2. Kalimah pagawean
Kalimah pagawean teh kalimah anu caritaanana kecap pagawean.
Contona: Bapana teh keur ngajar.
J C
3. Kalimah sipat
Kalimah sipat teh kalimah anu caritaanana kecap sipat.
Contona: Bapana teh bageur.
J C
4. Kalimah bilangan
Kalimah bilangan teh kalimah anu caritaanana kecap bilangan.
Contona: Imahna aya dua.
J C

Anda mungkin juga menyukai