Anda di halaman 1dari 4

Kajian Islam

Tina katerangan ayat-ayat jeung hadits tadi, jelas yen pikeun Alloh
Ta’ala jeung Rosul-Na, teu aya hiji amalan anu dianggap sepele, teu
aya kahadean nu dianggap teu sapira, asal dipigawe sacara
maksimal saluyu jeung kamampuan dirina bari jeung ikhlas
ngalaksanakeun pagawean hade eta pikeun ngalaksanakeun sagala
parentah Alloh Ta’ala kalawan nurut kana conto ti Rosululloh
Sholallohu ‘Alaihi Wassalam.
Mungkin nurutkeun pandangan jalma mah, upama hiji muslim nu
hirupna miskin, manehna infaq lima rebu perak dianggap leutik tur
teu sabaraha, tapi mungguhing Alloh Ta’ala mah eta the meunang
penghargaan nu gede. Malah bisa sabanding jeung jalma kaya anu
infaqna sajuta, sabab jalma kaya tadi keur biaya ulinna ge bisa
meakkeun jutaan perak. Ku sabab eta, nilai hiji kahadean teu
dipandang ku lobana (kuantitasna) tapi leuwih dinilai ku kualitas tina
amal kahadean eta, hartina yen jalma anu nyieun kahadean tadi
geus ngamaksimalkeun kamampuan anu aya dina dirina pikeun
ngalaksanakeun kahadean tadi.
Jadi pikeun hiji muslim ulah mandang enteng, nganggap sepele
atawa mandang ringan tina hiji amal kahadean. Perhatikeun
dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wassalam :
ϑ˶ ϭέ˵ό˴ϟ˸΍˴ϥ˶ϣ˴ϙ˶ϟ˴Ϋϥ͉ ˶· ϙ˴ Ϭ
˸ϣ ˵Ο ˶ϳ˸˴ϟ˶· ˲ρ˶γ ˴Αϧ˸ϣ
˸ ϭ˴ Ϫ ˴ ϧ˸˴΃
˵Ε ˴ ˴΃ϡ
ϭ˴ ϙΎ
˴Χ ˴˷Ϡ
˶ϛ˴˵Ηϥ˸ ˴΃
ϭ˴ ϑ˶ ϭέ˵ό
˸ϣ˸΍˴ϥ˶ϣΎ
˴ϟ ˱΋ ˴ ϥ͉ έ˶
ϳ˸η ˴Ϙ˸ ˴Η˴ϻϭ˴
Σ
“Jeung ulah nganggap teu sapira kana kahadean saeutik oge,
sok sanajan cumarita ka dulurna ku raray nu marahmay (hade
budi). Amalan eta mangrupakeun bagian tina kahadean” (HR.
Abu Daud no. 4084 jeung Tirmidzi no. 2722.).

Urang Da’wah Bareng

Kampung Cipongporang Desa Serangmekar Ciparay


Kajian Islam

Aya paribahasa dina bahasa Indonesia anu unina “Sedikit-Sedikit,


Menjadi Bukit”. Paribahasa eta ngajelaskeun hasil anu gede kalah
kumaha oge asalna tina perkara nu leutik, nu dianggap sepele,
atawa teu sapira. Saperti hiji bangunan imah anu agreng moal bisa
kawujud lamun teu aya tumpukan bata jeung material lainna nu
laleutik. Jadi sagala perkara oge mun hayang gede kudu ngaliwatan
“Proses” ti nu leutik heula, tina perkara anu sepele atawa tina
perkara anu teu sapira.
Ngan kalolobaan jalma, dina kahirupan kumbuh di masyarakat loba
nu nganggap teu penting kana perkara-perkara anu sepele tadi,
nganggap nu teu sapira tadi dianggap teu boga nilai, mangka wajar
mun loba jalma teu mandang kana perkara nu laleutik tadi, loba
jalma teu sumanget pikeun migawe pagawean-pagawean nu sepele
tea.
Contona, perbuatan hade nu leutik dianggap teu boga nilai, saperti
miceun cucuk di ditengah jalan kacirina eta the pagawean teu sapira,
sahingga loba kaum muslimin nu teu merhatikeun masalah eta.
Padahal pagawean sepele tadi bisa ngahindarkeun loba jalma nu
kacilakaan di jalan. Jeung deui upama pagawean hade nu leutik tadi
mindeng dipigawe ku hiji muslim, bias numpuk-numpuk kahadean
anu gede. Lain saukur pagawen hade anu leutik, oge pagawean
goreng atawa dosa anu dianggap leutik bisa mawa kacilakaan anu

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

gede, contona ngomongkeun batur atawa ghibah, anu geus


dianggap sepele, padahal akibatna diantarana di masyarakat bisa
nyababkeun papaseaan, sedengkeun diakherat bakal meunang siksa
anu lain enteng.
Mangka dina ajaran Islam teu aya pagawean teu dipisah-pisahkeun
antara pagawean gede jeung nu leutik, teu aya pagawean nu
dianggap sepele, teu aya amalan anu dianggap teu sapira, boh
perbuatan hade atawa goreng, kabehannana bakal meunang
balesan saluyu jeung jenis amalanna. Amalan hade bakal balesan
kahadean, amalan goring meunang balesan siksa, sakumaha
dawuhan Alloh Ta’ala :

̒ η ˳Γέ͉ ˴Ϋϝ˴ Ύ
˵ϩέ˴˴ϳ ΍
έ˴ ˸Λϣ
˴Ϙ ˶ ϝ˸ ϣ˸ ˴ϳ ϥ˸ ϣ
˴ό ˴ϭ˴ ˵ϩέ˴˴ϳ ΍
έ˸ ˴ ˳Γέ͉ ˴Ϋϝ˴ Ύ
˱ϳ Χ ˸Λϣ
˴Ϙ ˶ ϝ˸ ϣ˸ ˴ϳ ϥ˸ ϣ
˴ό ˴˴ϓ
“Sing sama nu ngalampahkeun amal kahadean sanajan ngan
sabobot kebul, saestuna manehna bakal nenjo amal hadean
(balesannana). Jeung sing saha nu ngalampahkeun kajahatan
sanajan ngan sabobot kebul, saestuna manehna bakal nenjo
amal jahatna (balesannana)” (Qs. al-Zalzalah: 7-8).
Jelas ayat ieu mangrupakeun jaminan yen Alloh Ta’ala teu mandang
hiji amalan teh gede jeung leutikna, moal ngadzoliman amalan
hamba-Na. satiap amal hade atawa amal jahat pasti meunang
balesan tina perbuatannana. Ngan bedana teh pahala atawa balesan
antara amal hade jeung amal jahat.
Satiap amal kahadean anu dilampahkeun ku hiji hamba lain ngan
saukur dibales ku hiji kahadean nu satimpal, tapi karana sifat
Rohman-Rohim na Alloh Ta’ala, hiji kahadean bakal dibales ku
sapuluh kahadean bahkan nepi tujuh ratus kalina. Malahan upama

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

ngan ukur niat rek milimpah kahadean, tapi ku sabab aya halangan,
eta ge dicatet salaku hiji kahadean. Jaminan Alloh Ta’ala :
ϥϭ
˴ ϣ ˸ ϳ ϻ˴ ϡ
˵˴Ϡ
υ˵ ˵ ϭ˴ Ύ
˸ϫ Ϭ ˸Λϣ
˴˴Ϡ ˶ ϻ͉·˶ ϯ ί˴Ο
˸ ˵ϳ ϼ˴˴ϓΔ
˶˴΋
˷ϳ˶γ͉ ϟΎ
Α ˴ ϥ˸ ϣ
˶ ˯˴ Ύ
Ο ˴ϭ˴ Ύ
Ϭ
˴ ϟ˶Ύ ˸˴΃έ˵η˸ ϋ
˴Λϣ ˴ ˵Ϫ˴Ϡ
˴ϓΔ
˶˴ϧγ˴ Σ˸Ύ
˴ϟΑ ˴ ϥ˸ ϣ
˶ ˯˴ Ύ
Ο ˴
“Sing saha anu datang mawa kahadean (dina poe kiamat) nya
pikeun manehna ganjarannana sapuluh kali lipet, jeung sing
saha anu datang mawa amal kajahatan, manehna moal dibales
anging ku nu sabobot, jeung maranehna moal dikaniaya” (QS. Al
An’am: 160).
Katerangan ayat ieu dipertegas ku hadits qudsi anu katampi ti Abu
Huroiroh Rodhiallohu ‘Anhu, saurna, Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi
Wassalam dadawuh: “Alloh Ta’ala dadawuh :
Ύ
ϫ˴ ϭ˵Α˵Ηϛ˸ Ύ˴ϓΎ˴˴Ϡ
Ϭ ϣ ˴ ϥ˸ ˶Έ
˶ϋ ˴ϓˬ Ύ ˴˴Ϡ
Ϭ ϣ ˸ ϳ˴ ϰ͉ΗΣ
˴ό ˴ Ϫ ˶ϳ˸˴Ϡϋ
˴ Ύ ˴ ϭ˵Α˵Ηϛ˸ ˴Η˴ϼ ˴ϓ˱Δ˴΋
ϫ ϳ˷˶γ˴ ϝ˴ ϣ ˸ ϳ˴ ϥ˸ ˴΃ϯ Ω
˴ό ˶Α
˸ϋ
˴ Ω ˴΍έ˴˴΃΍ ˴·˶
Ϋ
Ύ
Ϭ
˴Ϡ˸ϣ
˴ό
˸ ϳ˴ ϡ ˸˴Ϡ ˱ ˴ϧγ˴ Σ
˴ϓΔ ˴ ϝ˴ ϣ ˸ ϳ˴ ϥ˸ ˴΃Ω
˴ό ˴΍ έ˴˴΃΍
˴Ϋ·˶ϭ˴ ˱Δ˴ϧγ˴ Σ
˴ ˵Ϫ˴ϟΎ ˴ ϭ˵Α˵Ηϛ˸ Ύ
ϫ ˴ϓϰϠ ˸ ˴΃ϥ˸ ϣΎ
˶Ο ˶ Ϭ ˴Ηϥ˸ ·˶ϭ˴ Ύ
˴ϛ˴ έ˴ Ϭ
˴Ϡ˶˸Λϣ
˶Α
˶
˳˴΋
Δ Ύϣ ˸γ˴ ϰ˴ϟ·˶ Ύ
˶ό˶Α Ϭ
˴ϟ
˶Ύ ˸˴΃έ˶η
˴Λϣ ˴ ϭ˵Α˵Ηϛ˸ Ύ
˸ ˴ό˶Α˵Ϫ˴ϟΎ
ϫ ˴˴Ϡ
˴ϓΎ
Ϭ ϣ
˶ϋ ˴ϓˬ ˱Δ˴ϧγ˴ Σ
˴ ϥ˸ ˶Έ ˴ ϭ˵Α˵Ηϛ˸ Ύ
˴ ˵Ϫ˴ϟΎ
ϫ ˴ϓ
“Upama hamba Kaula nganiatan migawe kajahatan, ulah waka
dicatet nepi ka manehna migawena. Upama manehna migawe
kajahatan eta, mangka catet hiji kajahatan nu satimpal, upama
manehna ninggalkeun kajahatan tadi karana (sieun ku) Kaula,
mangka catet pikeun manehna hiji kahadean. Upama manehna
nganiatan pikeun migawe hiji kahadean, mangka catet pikeun
manehna hiji kahadean, upama manehna migawe eta kahadean,
mangka catet pikeun manehna sapuluh kahadean anu satimpal
nepi ka tujuh ratus kali lipetna” (HR. Bukhori no. 7062 jeung
Muslim no. 129).
Hadits ieu mangrupakeun motivasi atawa dorongan pikeun satiap
muslim ngalobakeun niat jeung ngalampahkeun kahadean.

Urang Da’wah Bareng

Anda mungkin juga menyukai