Anda di halaman 1dari 4

Kajian Islam

Memang dina perbuatan niru-niru laku jalma kafir dina masalah


kabiasaan sapopoe anu dianggap lain ibadah hukum asalna Mubah,
hartina meunang dipigawe, tapi ku cara tasyabuh kana perbuatan ka
jalma kafir bisa mangrupakeun jalan Ittiba’ Bil Kuffar (nuturkeun
jalanna jalma-jalma kafir) sahingga dina perbuatan naon bae, saperti
make pakean, cara leumpang, cara ngomong jeung sajabana nu
sifatna lain ibadah hukumna jadi dilarang, ieu teh disebut kaidah
Sadd Adz Dzari’ah (nungtun kana jalan kagorengan). Sabab niru-niru
lampah sacara lahiriyah bakal mawa kana nyaruaan dina perkara
bathiniahna. Ibnu Taimiyah Rohimahulloh ngajelaskeun
deui :”Nyaruaan panampilan dina lahiriyah bakal nimbulkeun rasa
mikaresep jeung mikacinta sarta bakal timbulna rasa ngabela dina
hatena”. Contona jalma anu ngaidolakeun hiji public figur, saperti
artis atawa paminpin hiji organisasi, terus manehna niru-niru cara
pakean, cara ngomong jeung sajabana ka jalma nu diidolakeun
nana, dina pamustungannana upama jalma nu diidolakeunnana
nyieun perbuatan salah, bakal dibela sataker kebek. Sabab rasa
cintana geus nutupan hatena tina jalan anu haq jeung nungtun jalan
kana kagorengan.
Make topi naon bae hukum asalna mubah hartina meunang teu
dilarang ku agama. Tapi upama make topi senterklas anu beureum
ngurucut aya babandulan anu sok dipake ku umat kristen dina
perayaan natal, mangka make topi anu kitu bisa jadi jalan kana Sadd
Adz Dzari’ah (nungtun kana jalan kagorengan) sahingga make topi
senterklas hukumna dilarang atawa haram.

Urang Da’wah Bareng

Kampung Cipongporang Desa Serangmekar Ciparay


Kajian Islam

Perobahan aturan shaft sholat anu kudu aya jarak kurang leuwih
sameter antara ma’mum jeung ma’mum, perobahan aturan ieu
kacirina sepele jeung dianggap ringan teh sabenerna program
Yahudi jeung Nashrani. Da perobahan ieu digugu terus ku umat
Islam, mungkin bae kadituna bakal ngarobah Al-Qur;an sacara
kasaluruhan, sabab sajarah geus ngabuktikeun urang Yahudi jeung
Nashrani geus bisa hasil ngarobah eusi kitab Taurat jeung Injil,
saperti dijelaskeun ku Alloh Ta’ala :

Ώ Ի
˶ ˴Ηϛ˶ϟِ
Լ˴ϥ˶ϣϭ˵˴ϫ Ύ ϣ ϛ˶ϟِ
Ի
˶ ˴Η
˴ϭ˴ Ώ Լ˴ϥ˶ϣ˵ϩϭ˵Αγ ِΗ
˴ Σ˴ ϟ
˶Ώ ϛ˶ϟِ
Ի
˶ ˴Η Խ ˵˴Η
˶ΑϡϬ ˴ϧγ˶ ϟِ
˴΃˴ϥٔϭ˵Ϡِ ˱Ϙ
˴ϳ Ύϳέ˶˴ϔ˴ϟϡِϬِϣϥ͉ ˶·ϭ˴
˵ϧ˶
˵ ϭ˴ Ώ˶
ϡِϫ ˴ ϟِ
˴ Ϋϛ Լ˶ໂ͉ Լϰ˴Ϡ ϋ ˴ ˵ϟϭ˵Ϙ
˴ ϥϭ ˴ϳϭ˴ ໂ ِϣϭ˵
˶͉ Լ˶Ωϧ˶ϋ ϥ˶ ˴ϫ Ύ ϣ˴ϭ˴ ໂ ˶͉ Լ˶Ωϧ˶ϋ ϥ˶ِϣϭ˵ ˴ϫ ϥϭ˴ ˵ϟϭ˵Ϙ
˴ϳϭ˴
ϥϭ˵˴Ϡ
˴ ϣ όِϳ˴
“Saestuna aya sagolongan di antara maranehna (Yahudi jeung
Nashrani) anu muter balikeun letahna dina maca kitab, supaya
maraneh yen anu dibacana tina sabagian kitab. Padahal eta teh
lain tina kitab jeung maranehna nyebutkeun :”ieu teh datangna
ti Alloh”, padahal eta teh lain ti Alloh. Maranehna geus nyarita
bohong ka Alloh sdeng maranehna nyaraho” (QS. Ali ‘Imron : 78)
Sigana ku lima conto ieu oge geus cukup nembongkeun yen
sabagian kaum muslimin geus loba anu nurut kana laku kana lampah
urang Yahudi jeung Nashrani anu pamustungannana bakal mawa
satiap muslim supaya murtad tina agamana sacara teu karasa, keur

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

maranehna keun bae kaum muslimin ngakukeun diri beragama Islam


asal laku lampah jeung ibadahna saluyu jeung kahayang maranehna,
mengpar tina pituduh Alloh Ta’ala jeung conto Rosululloh Sholallohu
‘Alaihi Wasallam. Keur maranehna nu penting bisa mawa jalma-jalma
iman jadi kafir. Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat An-Nisaa ayat 89
˯˱ ΍ ˴ ˵ϧϭϛ˵˴Η˴ϓ΍
ϭ˴γ˴ ϥϭ ϭέ˵˴ϔ
ϛ˴ Ύ
˴ϛ˴ ϥϭ
ϣ ϛ˸ ˴Ηϭ˸˴ϟ΍
˴ έ˵˵ϔ ϭ͊Ωϭ˴
“Maranehna mikahayang supaya maraneh (kaum muslimin) jadi
kafir saperti maranehna kafir, sahingga maraneh (kaum
muslimin) jadi sarua (jeung maranehna)” (QS. an-Nisa’: 89).
Upama geus kafir, komo kafir na teh geus iman heula mangka keur
jalma anu kafir sanggeus iman bakal hese deui ditarima taubatna ku
Alloh Ta’ala, sakumaha pidawuh Alloh Ta’ala :

ϡ˵˴ϟέ˶
˸Ϭ ˴ϔ˸ ˴ϳϟ
ϐ ˶ ˵စൗϥ˶ ϛ ˸͉ϟ΍
˵ ˴ϳ ϡ ˸ϛ
έ˱ϔ˵΍ϭ˵
˸Ω΍Ω ͉˵Λ΍
˴ί˸ ΍ϡ ϭ˸έ˵˴ϔ ͉˵Λ΍
ϛ˴ ϡ ϭ˸˵ϧϣԻϡ
˴΍͉˵Λ΍
ϭ˸έ˵˴ϔ ͉˵Λ΍
ϛ˴ ϡ ϭ˸˵ϧϣԻϥ˸ϳΫ
˴΍˴ ˶͉ϟ΍ϥ˶
͉΍
‫˱ن‬ϳ˶Αγ˴ ϡ
ϼ˸ ˸Ϭ
˵˴ϳΩ
˶Ϭ
˸ ˴ϳϟ˶ ϻ˴ϭ˴
“Saestuna jalma-jalma anu geus iman tuluy kafir, tuluy iman
(deui), tuluy kafir deui bari nambahan kakafiranna, mangka Alloh
moal bakal ngahampura ka maranehna jeung (maranehna) moal
meunang pituduh kana jalan (anu lempeng)” (QS An Nisa: 137)
Mangka ku sabab eta kudu ati-ati jeung waspada lengkah, laku
lampah jeung itikad bisi niru-niru lampah jalma kafir, utama niru-niru
kana lampah urang Yahudi jeung Nashrani. Niru-niru atawa nyaruaan
lampah hiji kaum kafirin disebut Tasyabuh, jeung perbuatan ieu teh
geus di omat-omatan geus dilarang ku Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi
Wasallam, sakumaha diterangkeun dina salaha sahiji hadits anu
katampi ti Ibnu ‘Umar Rodhiallohu ‘Anhuma, saurna yen Rosululloh
Sholallohu ‘Alaihi Wasallam parantos dadawuh :

ϡ˵ϧ˸ϣ
˸Ϭ ˵˴ϓϡ˳ϭ˸˴Ϙ
˶ ϭ˴Ϭ Α ˴ ˴Ηϥ˸ ϣ
˶ ˴Ϫ͉Αη ˴
Urang Da’wah Bareng
Kajian Islam

“Sing saha anu nyaruaan hiji kaum, mangka manehna ti


golongan maranehna” (HR. Ahmad 2: 50 jeung Abu Daud no.
4031)
Malah dina hadits anu lain anu katarima ti ‘Amr bin Syu’aib ti bapana
ti akina, saurna yen Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam parantos
dadawuh :
Ύ ˶ϳ˴ϐΑ
˴ϧέ˸ ˴ ˴Ηϥ˸ ϣ
˶ ˴Ϫ͉Αη ˴Ύ ˶ α˴ ϳ˸˴ϟ
͉ϧϣ
“Teu kaasup golongan kami (lain umat Muhammad) sing saha
anu nyaruaan (laku-lampahna) salian ti kami” (HR. Tirmidzi no.
2695.).
Hadits ieu mangrupakeun dalil dilarangna Tasyabuh sabab tasyabuh
mangrupakeun Ittiba’ Bil Kuffar, nuturkeun jalanna jalma-jalma kafir,
utamana urang Yahudi jeung Nashrani anu unggal poe saeutikna 17
kali dina sapoena di penta ku satiap muslim supaya dijauhkeun tina
jalan maranehna, sabab jalan maranehna teh jalan anu sasar jeung
jalan anu bakal meunang bebendon ti Alloh Ta’ala.
Ngeunaan dilarangna kaum muslimin tasyabuh ka kaum kafirin, saur
ulama Ibnu Taimiyah Rohimahulloh ngajelaskeun :”nyarupaan hiji
perkara sacara lampah lahiriyah bisa mangaruhan kana nyaruaan
kana akhlaqna. Ku sabab eta, salaku umat islam ulah nyaruaan
atawa tasyabuh ka jalma kafir” saterusna dina kasempetan sejenna
anjeuna nerangkeun :”Upama dina perkara adat kabiasaan salaku
muslim dilarang nyonto jeung niru (tasyabuh) ka jalma kafir, komo
deui dina perkara lainna (khususna ibadah)”.

Urang Da’wah Bareng

Anda mungkin juga menyukai