Anda di halaman 1dari 3

‫َاَس اَل ُم َعَلْي ْمُك َو َر َمْحُةِهللا َو َبَر اَك ُتُه‬

‫اَحلْم ُد ِ ِهلل اِذَّل ْي َأْر َس َل َر ُس ْو ُهَل ْاِب لُهَد ى َو ِد ْيِن ْا َحلِّق ِلُيْظ ِهَر ُه َعىَل اِّدل ْيِن ِّلُك ِه َو َلْو َكِر َه‬

‫ْا لاَك ِف ُر ْو َن َو َلْو َكِر َه ْا ُملِرْش ُكْو َن َو َلْو َكِر َه ْا ُملَناِف ُقْو َن‬

‫َو الَّص َالُة َو الَّس َالُم َعَىل َنِب ِّيَنا ُم َح َّم ِد ﷺ َو َعَىل آِهِل َو ْحَص ِب ِه َأْج ـَم ـِع َني َاَم ا َبْع ُد‬

Anu kusim abdi dipikahormat guru urang sadya Almukarom Al Ust ........... , anu kusim abdi
di pikahormat para kasepuhan, jeung anu kusim abdi dipikahormat hadirin para jamaah
majlis ta’lim kampung comrang anu teu bisa disebutkeun satu persatuna namun insya
Allah moal ngirangan rasa homat abdi ka bapa-bapa para pamuda sadayanan miwah
murangkalih anu parantos hadir dina iyeu tempat mugi-mugi Allah SWT ngalebatkeun
urang sadayana ka golongan ahli syurgana Amiin Allahuma Amiin,

Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Allah SWT
kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina ieu tempat anu bade
ngalangsungkeun pangaosan rutin nu dilaksanakeun unggal malem senen. Teu hilap,
sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, nyaeta
habibana wanabiyana wamaulan Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para
sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal
‘alamin.

Hadirin rahimakumullah kauninga ku urang sadaya bahwa milarian elmu eta mangrupikeun
kawajiban urang sadayana selaku hamba Allah umat Rosulallah, Allah moal netepkeun
suatu ibdaha di hukuman wajib upami teu aya ka uramaan anu kacida ageungna di balik
ibadah eta. sapertos milari elmu hukumna fardu ‘ain teh gaduh kautamaan anu kacida
seer tur ageung, salah sawiosna nyaeta milari elmu teh tiasa nganterkeun urang
sadayana kana surgana Allah SWT anu sakumaha dauhan rosulallah dina salah sawiosna
hadits riwayat imam muslim
Sing sahaning jalma anu menempuh hiji jalan kangge milarian elmu, maka Allah bakal
masihan jalan ka eta jalema ka surgana Allah swt.

Kukituna mugi-mugi urang sadayana janten ahli elmu sareng ahli surgana Allah amiin
Allahuma Amiin.

Jamaah hadirin anu dirahmati Allah adapun susunan acara dina wengi iyeu nyaeta
pembukaan, tuluy dilanjutkeun kana hadiah dzikir, pembcaan kitab teras penutup.

Urang masuk wae ka acara anu pertama nyaeta pembukaan, kukituna urang buka iyeu
pangaosa ku aosan basmallah teras disusul ku surat alfatihah baris ngaharepkeun ridho
sareng kabarkahan ti Allaj ta’ala

Saterasna nyaeta pembacaan hadiah dzikir anu dina kesepatan iyeu bade di pimpin ku
guru urang sadaya al mukarom al ust ................ dengan segala hormat kami sanggakeun.

`alhamdulillah ngahaturkeun nuhun ka guru urang sadaya anu parantos mimpin kana iyeu
dzikir anu pamudah mudahan ngajadikeun bekel urang jaga di yaumil akhir amiin.

Saterasna dilanjutkeun kana pembacaan kitab anu bade dibawakeun ku guru urang
nyaeta pangersa almukarom al ust ................... dengan segala hormat kami sanggakeun

‘Alhamdulillah masya Allah tabarokAllah ngahaturkeun nuhun ka guru urang pangersa


almukarom al ust.................. anu parantos masihan elmu anu insya Allah janten petunjuk
dina sagala ibadah, aktivitas oge janten cacaang hate urang sadaya

Bapak2 hadirin jamaah rohimakumullah Qodarullah teu karaos urang sadayana tos dugi
kapenghujung acara, anu berarti lebet kana acara penutupan, kukituna urang tutup iyeu
pangaosan ku aosan Alhamdulillah.

Alhamdulillah sadaya acara parantos dilaksanakeun kalawan khidmat, mugi-mugi sadaya


amal ibadah urang sadaya aya dina panampian Allah teras mugi-mugi di gentos ku kasaean
anu berlipat ganda amiin yaa robal alamiin
Abdi selaku pembawa acara pamit undur diri hapunten sagala kalepatan kata sreng sikap
akhirul kalam

Wassalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai