Anda di halaman 1dari 1

Saintif

17 Contoh Pidato Bahasa Sunda


Singkat Terbaik untuk Berbagai
Topik
Sukma Aditya 2 years ago

Klik di sini untuk baca selengkapnya

Pidato bahasa sunda singkat ini berisi 17 contoh


pidato singkat bahasa sunda yang dapat
membantumu membuat dan menguasai pidato
ditambah dengan tema dan tujuan yang beragam.

Pidato merupakan aktivitas berbicara seseorang


dengan tujuan untuk menyampaikan suatu hal. Pada
umumnya pidato dilakukan di depan orang banyak.
Dalam penyampaiannya, pidato menyampaikan suatu
ide ataupun gagasan. Gagasan tersebut biasanya
dituliskan dalam kertas kecil secara singkat dan
untuk orang-orang yang sudah mahir berpidato
biasanya dapat berbicara tanpa teks untuk
menyampaikan gagasannya.

Terdapat berbagai macam jenis pidato, salah satunya


adalah biantara atau pidato dalam bahasa Sunda.
Seperti halnya pidato lainnya, biantara juga
merupakan pidato dengan tujuan menyampaikan
gagasan tertentu. Selain itu, tujuan dari isi biantara
juga haruslah jelas sehingga pendengar dapat dengan
mudah menangkap maksud dari isi biantara tersebut.

SLIME TRI X

Turunkan 18 Kg dengan Konsumsi


sebelum Tidur selama Seminggu

PELAJARI LEBIH

Pada umumnya, pidato disampaikan dengan bahasa


Indonesia baik itu di tempat umum seperti sekolahan,
desa atau bahkan di media massa. Namun, bagi
sebagian orang Sunda khususnya di pedesaan
terkadang menggunakan pidato dengan bahasa
Sunda untuk memperingati momen-momen tertentu.

Tips dalam Menyampaikan Pidato

Apabila hendak menyampaikan pidato maka


pembicara haruslah melihat kondisi saat
menyampaikan pidato tersebut khususnya apabila
ditujukan untuk orang Sunda. Beberapa hal yang
harus diperhatikan ialah :

Memberikan salam pembuka


Menggunakan bahasa yang mudah dipahami
Menyampaikan isi pidato secara garis besar dan
diikuti penjelasan
Memberi kesimpulan dan saran
Menggunakan bahasa Sunda yang umum dan
sederhana

Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda

Berikut contoh-contoh pidato singkat bahasa sunda


yang telah kami rangkum.

Contoh 1

Kebersihan untuk Kenyamanan Belajar

contoh pidato singkat bahasa sunda tentang kenyamanan belajar

Assalamualikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur hayu sasarengan urang sadaya


haturkeun ka Gusti Allah SWT kumargi dina ieu
waktos urang sadaya di pasihan kasehatan lahir
sareng bathin.

Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya


haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad SAW,
kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang
sadayana, amin. Saterasna, simkuring ngahaturkeun
hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan
waktos kangge abi ngabiantarakeun di payuneun
rerencangan sadaya.

Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana


judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga Kaberesihan
Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar

Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna,


kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida
kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh
nuju di bangun, urang sadaya tetep kudu ngajaga
kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-
masing.

Sapertos dina HR. At-Tabrani sareng


Hakim annnadaafatu minal iman nu artina
Kaberesihan nyaeta bagian tina iman. berarti lamun
urang sadaya ngajaga kaberesihan berarti urang
sadaya kaasup jalmi nu beriman nu aya di jalan Allah
SWT.

Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh


kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan imah urang,
tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola? Nya
aya atuh, urang teh diajar disakola teh geus jiga urang
keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh
Bapa, Indung kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus
dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga


kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan urang
diajar. Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya
diajar dina tempat nu bararau sampah jeung rea
kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge
sami siga kitu lamun kelas urang sadaya kelasnya
karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna
diberesihan heula lamun rek diajar, kan aya.

Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal


bakal kakeunaan panyakit, sapertos Malaria, DBD
jeung sajabana. Kabeh panyakit teh sarangna tinu
sampah jeung sajabana.

Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang


sadaya kudu di terapkeun sikap atawa inisiatif
pikeung ngajaga kaberesihan. Sakola kuduna mah
ngayakeun kagiatan beberesih sakola babarengan
sapertos JUMSIH (Jumat Bersih). Urang salaku
warga SMP N 1 Garut kudu ngilu aktip dina sagala
kagiatan sakola, aktip dina sagala kahadean sakola,
aktip miara sakola.

Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da


beberesih mah gawe na Mang Mim jeung Mang
Kasmo, ulah kitu. Sanajan Mang Mim jeung Mang
Kasmo ngaberesihan sakola urang ge kudu ngilu
beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari
urang sadaya teu ngajaga kaberesihan, hargaan
saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung
Mang Mim, minimal henteu miceun sampah
sangeunahna.

Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga


kaberesihan sakola pikeun kanyamanan diajar, balik
deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar
manfaatna nyaeta pikeun ngahadekeun nyerep sagala
palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah
cicing di sakola.

Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta


tong miceun sampah sangeunahna. Sabab mun urang
miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna
bakal rea pibakaleun panyakit. Tuluy ngajaga
kaberesihan kelas masing-masing. Mun nu hade mah
sakola ngadakeun JUMSIH urang sadaya kudu
ngiluan tina eta kagiatan.

Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun,


mugi-mugi aya mangpaatna kango sadaya,
hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu
biantara. Hatur nuhun tina sagala perhatosannana.

Wasalamualikum Wr. Wb.

Contoh 2

KEBERSIHAN

contoh pidato singkat bahasa sunda tentang kebersihan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.Sampurasun !Langkung


tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka
Ilahiirobbikalayan hidayah sareng inayahna, urang
sadaya tiasa kempel dina ieutempat kalawan dina
kayaan sehat walafiat.

Rerencangan anu ku simkuring dipikahormat !Dina


ieu waktos, simkuring bade nerangkeun kumaha
pentingna hirupsehat kanggo urang sadayana.
Janten, urang sadaya kedah atawa wajibngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya
tiasangajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu,
urang kedah ningkatkeunpola hirup sehat kanggo
kapayunna di kawitan ti ayeuna.Dina salah sahiji
hadits diterangkeun…

“Annadhofatu minal iiman”

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”


Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad
sareng tujuannana,nyaeta urang teh umat muslim
anu ngagaduhan iman dina jero hateurang. Upami
urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu
bersihatanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit
atawa hadas ageung, nunyebabkeun urang teu suci.
Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tinabersihna
jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar
urang.Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang
kudu mikacinta kabersihansangkan hate urang ge
milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya


bersih hate, bersihjiwa, bersih raga, sareng bersih
rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anukaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien…
Hayu urangsami-sami ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kasaean urang sadayasangkan tiasa leuwih
getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur
MahaAsih.

Rerencangan sadaya anu dipihurmat.Cekap sakitu


sim kuring nyanggakeun pihatur, pamungkas
pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu kirangmerenah
larapna, mugi kersa
ngahapunten.Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Contoh 3

PENTINGNYA PENDIDIKAN

contoh pidato singkat bahasa sunda tentang pentingnya

pendidikan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji


sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur
nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na,
ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat
dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan
kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang


sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos
seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka
ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti
kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna
serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh


kedah sumping ka tempat anu dimaksad. Tapi, ku
jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna.
Nu mana upami urang hoyong ngobrol papayun-
payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video
call. Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu
canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu sanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.


Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos
penting pisan kanggo putra-putri urang salaku
generasi penerus di jaman anu bade dongkap. Cobi
emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na
teknologi, kumaha upami putra sareng putri urang
teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal
katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi
ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh
ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae
mah.

Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun


media kango nyiar elmu atanapi pangarti. Dina salah
sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan
teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna,
pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka
pupusna.

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari


rejeki kanggo nyakolakeun putra putri urang supados
tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna.
Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan
teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun


kunu Maha Benghar nyaeta Allah SWT. Mudah-
mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan
cariosan urang ti awal dugi ka akhir tiasa dipihartos
ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna.

Hatur nuhun kana perhatosannana.

Ditutup ku doa “rabbana aatinaa fiddunya hasanah,


wa fil-akhirati hasanah, wa qinaa adzaabannaar”.

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh..

Contoh 4

Pidato Tentang Agama

contoh pidato singkat bahasa sunda tentang agama

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT


anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya
tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna,


di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng
katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge
nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian
nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT.
Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa
numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran
urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup


urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi
urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya
izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar
ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu
goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa


numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng
ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu


merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Waalaikum salam Wr.Wb.

Contoh 5

Narkoba

contoh pidato singkat bahasa sunda tentang narkoba

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Siang ka Sadayana..

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan


anu ku sim kuring dipikanyaah. Ti payun hayu urang
kedalkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT anu
salawasna nyalindungan

urang sadayana, solawat sareng salam kanggo Nabi


Muhammad SAW. Alhamdulillah urang tiasa tepung
lawung dina danget ieu, dina kaayaan bagja tur sehat.

Hadirin anu dipihormat ku sim kuring. Dina ieu


kasempetan, sim kuring bade medar ngeunaan
Narkoba atawa NAPZA.

Narkoba teh singgetan tina ” narkotika jeung obat-


obatan anu dilarang atawa anu ngabahayakeun.
Salian “narkoba”, istilah sejen anu diwanohkeun ku
Pamarentah Indonesia hususna ku dalam
Kementerian Kesehatan RI nyaeta NAPZA nyaeta
singgetan tina Narkotika, Psikotropika jeung Zat
Adiktif.

Eta dua istilah, boh narkoba boh napza teh


ditujukeun ka kelompok senyawa anu umumna
ngabogaan resiko kacanduan pikeun nu makena.
Ceuk pakar kesehatan, narkoba teh sabenarna mah
senyawa-senyawa psikotropika anu biasa dipake
pikeun ngabius pasen anu rek dioperasi atawa dipake
pikeun ngubaran panyakit nu tangtu.

Narkoba jadi haram teh lamun geus dipake di luar


maksud pikeun ngabius atawa ngubaran sarta lamun
dosis makena geus liwat ti anu ditangtukeun.
Narkotika teh jenis zat anu matak kacanduan

pikeun pamakena. Narkotika kabagi jadi tilu


golongan nyaeta:

Narkotika golongan I

Narkotika golongan I, nyaeta narkotika anu


pangbahayana. Daya adiktifna atawa matak
nyanduna pangkuatna. Golongan ieu sakuduna mah
ukur dipake pikeun panalungtikan di laboratorium
pikeun elmu pangaweruh. Conto jenis narkoba
golongan kahiji di antarana nyaeta: ganja, heroin,
kokain, morfin, jeung opium.

Narkotika golongan II

Narkotika golongan II teh, jenis narkotika daya


adiktif kawilang kuat, kuduna ukur dipake pikeun
ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba
golongan kadua nyaeta: petidin, benzetidin, jeung
betametadol.

Narkotika golongan III

Narkotika golongan III teh, narkotika anu daya


adiktif panghampangna, tapi sarua bae ukur bisa
dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto
jenis narkoba golongan tilu: kodein jeung turunana.

Psikotropika

Nah, sedengkeun psikotropika teh nyaeta zat atawa


obat salian anu lain narkotika, boh nu alamiah boh
sintesis atawa jieunan, anu boga pangaruh psikoaktif
ngaliwatan pangaruh selektif kana susunan saraf
pusat anu ngalantarankeun parobahan has kana
aktivitas normal jeung paripolah nu makena.

Baca juga: Tips dan Cara Mudah Belajar


Matematika [Cepat Paham +
Menyenangkan]

Aya opat golongan obat psikotropika :

Golongan I, psikotropika anu daya adiktif


pangkuatna, contona: MDMA, LSD, STP, jeung
ekstasi.
Golongan I, psikotropika anu daya adiktif kuat,
contona: Amfetamin, metamfetamin, jeung
metakualon.
Golongan I, psikotropika anu daya adiktif sedeng,
contona: Lumibal, buprenorsina, jeung

Anda mungkin juga menyukai