Anda di halaman 1dari 4

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pentingnya Pendidikan

Pangbubuka (pembukaan):

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.


Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha
Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung
mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.

EUSI

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh
parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih
pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad.
Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyong
ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call.

Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu
sanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.


Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang
salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap.

Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra
sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku
persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur
pami hoyong kenging damel anu sae mah.

PANUTUP

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putri
urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna. Kumargi tos karaos ku
urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah SWT.

Hatur nuhun kana perhatosannana.

Ditutup ku doa "rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa qinaa


adzaabannaar".

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh..


BIANTARA

OLEH =
NAMA = FACHRI TRI U
KELAS = IXB
PELAJARAN = BAHASA SUNDA

SMP NEGERI 44 KOTA BEKASI


“Ngajaga Kabersihan Lingkungan Sakola“
Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola (….nama sekolah), sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi
dipihormat, sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku
simabdi pikadeudeuh.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana
kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu
dina kayaan sehat walafiat. Amin

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan
lingkungan kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga kabersihan pikeun diri urang sorangan.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun “Inna dhofatu minal iman” Nu hartosna,
“Kabersihan teh sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos
maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina
jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina
sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu
didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate
urang ge milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen
sampah papaduan, nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina,
lamun bersih tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero
kelas. Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah
kudu ka tempatna.

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha
Welas tur Maha Asih, ku cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina
lingkungan sakola.

Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya
basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi
kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
BIANTARA

OLEH =
NAMA = ARYO DWI SAPUTRA
KELAS = IXB
PELAJARAN = BAHASA SUNDA

SMP NEGERI 44 KOTA BEKASI

Anda mungkin juga menyukai