Anda di halaman 1dari 6

Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Pendidikan 

1. Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Pendidikan


Perkembangan Pendidikan

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..


Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.Langkung tipayun, hayu
urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu
MahaWelas tur nu Maha Asih.

Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa


riungmungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar
pangarti dina urusan kaislaman.Bapa sareng Ibu anu hadir didieu.
Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari the parantos
seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten
sareng tebihpisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka
teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur,Urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka


tempat anu dimaksad.Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya
kamera payuna. Nu mana upami urang hoyongngobrol papayun-
payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call.Tah eta
salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih
seueur keneh nusanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.Kumargi kitu,


pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-
putri urangsalaku generasi penerus di jaman anu bade
dongkap.Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na
teknologi, kumaha upami putrasareng putri urang teu di bahanan ku
pangarti?
Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih kupersaingan kerja,
kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah
anu luhurpami hoyong kenging damel anu sae mah.Atuh sajaba ti
eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi
pangarti.Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen
pendidikan teh saumur hirup, teumengenal yuswa.

Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka


pupusna.Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki
kanggo nyakolakeun putra putriurang supados tiasa neraskeun
pendidikan anu saluhur-luhurna.
Kumargi tos karaos kuurang sadaya yen pendidikan teh penting
pisan kango bekel hirup urang kapayun.Mugia harepan urang
sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah
SWT.Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan
cariosan urang ti awal dugi ka akhirtiasa dipihartos ku sadayana
Bapa Ibu anu hadir ayeuna.
Hatur nuhun kana perhatosannana.Ditutup ku doa "rabbana aatinaa
fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa
qinaaadzaabannaar".Wassalamu alaikum warohmatullohi
wabarokaatuh..

2. Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Pendidikan


Wajib Belajar Pendidikan Dasar
 
Assalàmu’alaikum Wr. Wb.
Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi
washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring,
sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Làngkung tipayun, mangga uràng sasarengan manjatkeun rasà
syukur kà Allah SWT kumargi ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya
tiasa kempel dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng
salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà,
Nabi Muhammad SAW, kà para kulawargina, ka parà sohabatna,
sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin
ya robbal ‘alàmin.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget


ngeunaàn “Wajib Belajar Pendidikàn Dasar“.
Sàpertos anu ku uràng sadayana kauninga, Pamarentah Indonesià
parantos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun,
nyaeta ti tingkàt SD dugi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku
kaayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu benten-
benten. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang
màmpu. Masarakat ànu mampu mah tos tangtos bakal tiasa sakola
kumargi kagungan biaya. Namung, seueur pisan masarakàt
Indonesia anu kiràng mampu, anu teu tiasà sakola kumargi teu aya
biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa
ngengingkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu
kiràng mampu.

Anu janten tujuàn wirehna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà


warga nagarà teh nyaetà supados sadaya wargà nagara pàlinter.
Bangsà bakal sejahterà upami masarakatnà palinter. Upami
masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl tiasa ngudàg
kana kamajengan nagarà sanesna sareng bakàl kalindes ku
kamajengan jaman.
Ku ayana program wajàr dikdas salapàn taun, dipiharep masarakàt
Indonesia tiasà langkung majeng, utaminà dina widang pendidikàn.
Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà
pangrojong ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka
sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayàna kedah
ngarojong kana progràm ieu supados kenging hasil ànu
nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten
bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu kirang merenàh kana manàh.
Hatur nuhun kàna sadaya perhàtosannana.
 
Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr.
Wb.

3. Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Pendidikan


Pentingna Pendidikan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.


Alhamdulillahilladzi an'ama'alaina bi ni'matil iman, wal islam.
Asyahadualla ilaha illaloh, wasyhaduanna Muhammadarrosullulah.
Allohuma sholi `ala Muhammad wa'ala ali syaidina Muhammad
amma ba'du.
Kapala Sakola anu kusimkuring dipihormat , Bapa/Ibu Guru anu
kusimkuring di pihormat, sareng rerencangan sadaya nu
kusimkuring dipiheman.

Puji syukur urang sanggakeun kanu maha kawasa anu tos


ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya, alhamdulillah dina
dinten ieu tiasa kempel didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah


limpahkeun kajunjungan urang sadaya nya eta Nabi Muhammad
SAW, oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang
sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman.Aamiin yaa
rabbal'alamin.
4. Contoh Biantara Bahasa Sunda Tema Pendidikan
Pentingnya Pendidikan Untuk Seumur Hidup
Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi


washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.
 
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring,
sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Làngkung tipayun, mangga uràng sasarengan manjatkeun rasà
syukur kà Allah SWT kumargi ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya
tiasa kempel dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng
salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà,
Nabi Muhammad SAW, kà para kulawargina, ka parà sohabatna,
sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin
ya robbal ‘alàmin.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget


ngeunaàn “Wajib Belajar Pendidikàn Dasar“.
Sàpertos anu ku uràng sadayana kauninga, Pamarentah Indonesià
parantos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun,
nyaeta ti tingkàt SD dugi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku
kaayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu benten-
benten. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang
màmpu. Masarakat ànu mampu mah tos tangtos bakal tiasa sakola
kumargi kagungan biaya.

Namung, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu, anu


teu tiasà sakola kumargi teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong
sadaya masarakàt Indonesia tiasa ngengingkeun pendidikàn anu
layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.
Anu janten tujuàn wirehna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà
warga nagarà teh nyaetà supados sadaya wargà nagara pàlinter.
Bangsà bakal sejahterà upami masarakatnà palinter. Upami
masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl tiasa ngudàg
kana kamajengan nagarà sanesna sareng bakàl kalindes ku
kamajengan jaman.
Ku ayana program wajàr dikdas salapàn taun, dipiharep masarakàt
Indonesia tiasà langkung majeng, utaminà dina widang pendidikàn.
Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà
pangrojong ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka
sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayàna kedah
ngarojong kana progràm ieu supados kenging hasil ànu
nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten
bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu kirang merenàh kana manàh.
Hatur nuhun kàna sadaya perhàtosannana.
Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr.
Wb.
 

Editor : Endang Oktaviyanti

Anda mungkin juga menyukai