Anda di halaman 1dari 3

(pangajaran tatap muka 1)

PANGAJARAN 5
HIRUP BERESIH TUR SEHAT

Prak regepkeun paguneman di handap!

Huhujanan
Waktu Danu keur leumpang balik ti sakola, ujug-ujug breg hujan gedē. Hadēna Danu
mekel payung dina kantongna. Danu buru-buru muka paying, tuluy neruskeun leumpangna.
Sabot keur leumpang, Danu ningali Asēp babaturanana, sarua balik ti sakola bari huhujanan.
Sigana Asēp mah teu mawa payung.
Danu : “Asēp, naha huhujanan!”
Asēp : “Payungna tinggaleun di sakola.”
Danu : “Kadieu atuh, urang bareng dipayung, yu!”
Asēp : “Keun waē, kagok baraseuh, Dan”
Danu : “Ih, bisi gering tuluy huhujanan mah, Sēp! Isukan pan rēk ulangan, hayu kadieu urang
duaan dipayung!”
Asēp : “Enya, atuh!”

Jawab pananya di handap ieu!


1. Timarana Asēp jeung Danu teh?
2. Saha anu huhujanan tēh?
3. Kunaon Asēp huhujanan?
4. Saha nu ngajakan Asēp makē paying?
5. Naha Asēp teu meunang huhujanan?
(pangajaran tatap muka 2)
Baca babarengan kalimah di handap ieu!
1. Nyinglar panyakit leuwih hade tibatan ngubaran.
(mencegah penyakit lebih baik daripada mengobati)

2. Kadahareun nu pipanyakiteun leuwih hade heunteu didahar.


(makanan yang menyebabkan penyakit lebih baik tidak dimakan)

3. Ulah ngantep runtah patulayah di buruan.


(jangan membiarkan sampah berantakan di halaman)

4. Samemeh indit ka sakola kudu sasarap heula.


(sebelum berangkat sekolah harus sarapan terlebih dahulu)

5. Barudak nu kakurangan gizi sok babari gering.


(anak yang kekurangan gizi akan gampang sakit)

6. Ulah huhujanan bisi rieut.


(jangan bermain hujan hujanan nanti bisa sakit kepala)

7. Sangkan sehat kudu berseka.


(supaya sehat harus menjaga kebersihan)

8. Pakean kotor kudu geuwat diseuseuh.


(pakaian kotor harus segera dicuci)

9. Hawa nu seger matak sehat kana awak.


(udara yang segar akan menyehatkan badan)

10. Beresih teh sabagian tina iman.


(kebersihan Sebagian dari iman)
(pangajaran tatap muka 3)

Prak lengkepan paguneman di handap dumasar kana adegan dina gambar!

1. Ibu : “Danu, enggal geura emam heula!”


Danu : “Muhun Bu, bade ………………………

2. Danu : “Arek naon ka kebon Binatang, Di?”


a. Adi : ………………………………………………………

3. Bu guru : “Sangkan teu nyeri waos, hidep kedah kumaha?”


a. Ali : ……………………………………………………………………….

4. Adi : “Mia, ieu runtah kamanakeun?”


Mia : ……………………………………………………………………….

5. Rudi : “Euleuh eta kuku meni paranjang!”


Doni : “Nu matak ieu oge ………………………………………..

Anda mungkin juga menyukai