Anda di halaman 1dari 5

KEMENTERIAN AGAMA RI

MADRASAH TSANAWIYAH KAMPUS MADRASAH


PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Nama : ............................. Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Hari / Tanggal : ............................. Waktu : 07.30-09.30 WIB
Kelas : 8 (Delapan)

Petunjuk : # Bacalah Basmalah sebelum menjawab pertanyaan


# Kerjakanlah soal yang mudah terlebih dahulu
# Bacalah Hamdallah setelah selesai menjawab semua soal
# Bekerjalah dengan penuh kejujuran dan rasa tanggung jawab

A. Pilihlah salah satu jawaban yang paling benar dengan cara melingkari huruf a, b,c atau d!
Baca kawih ieu di handap!
Pahlawan Toha
1) Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

2) Nyatana pahlawan Toha


Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri

3) Tarate nu mangkak
Ligar di empang
Jadi bukti gugurna
Pahlawan bangsa

1. Tema kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan….


A. Sumanget Muhamad Toha
B. Kawani Muhamad Toha
C. Perjoangan Muhamad Toha
D. Jasa Muhamad Toha

2. Nilik kana eusina, kawih di luhur kaasuk kana kawih….


A. Pejoangan
B. Pupujian
C. Silih Asih
D. Atikan

3. Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku…..


A. 2 pada
B. 3 pada
C. 4 pada
D. 5 pada

4. Unggal pada dina kawih di luhur diwangun ku…..


A. 3 padalisan
B. 4 padalisan
C. 5 padalisan
D. 6 padalisan

5. Kawih Pahlawan Toha mangrupakeun pangeling-ngeling kana kajadian….


A. Bandung Selatan
B. Bandung Lautan Api
C. Kamerdekaan RI
D. Pajoangan Pahlawan Toha

6. Dina pada ka hiji Kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan…


A. Wapatna Muhamad Toha
B. Jasa Muhamad Toha
C. Asal usul Pahlawan Toha

Soal PAS Bahasa Sunda Semester 1 Kelas 8 MTs Kurikulum 2013 – www.kampusmadrasah.com
D. Sumanget Pahlawan Toha

7. Nu kaasup kalimah transitif di handap ieu nyaeta….


A. Barudak keur lalumpatan
B. Nina keur ngahariring di kamar mandai
C. Dadan tumpak kuda
D. Si Engkus ngajerit

8. Di handap ieu mana anu kaasup kalimah intransitif?


A. Manehna meuli sapatu
B. Beurit diundag anjing
C. Udin nutupkeun panto
D. Hayam jago kongkorongok

Baca sempalan sajak di handap ieu!


Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

9. Dumasar sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak the hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan….
A. Kayaan tanah sunda nu endah, tapi henteu tengtrem tur loba ancaman
B. Kaayaan tanah sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun
C. Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
D. Kaayaan alam sunda anu geus ruksak ku polusi

10. Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca disebut….


A. Jejer atawa tema
B. Nada jeung suasana
C. Rasa
D. Amanat

11. Sajak ka asup kana karya sastra sunda dina wangun….


A. Lancaran
B. Prosa
C. Prosa liris
D. Ugeran

12. Ieu dihandap mana kalimah anu ngandung harti konotatif ?


A. Pulisi keur mincing bangsat supaya kaluar tina panyumputanana
B. Tadi balik sakola Nanang nincak tai kuda
C. Neng Rani keur ngala jambu di buruan imahna
D. Mang Ahmad keur biantara di hareupeun murid-murid kelas VIII

13. Kecap aringkah ngandung harti….


A. Arindit
B. Caricing
C. Tatahar
D. Bebeja

14. Ungkara anu biasa dipake dina sajak teh biasana mibanda harti konotatif (kiasan). Harti konotatif nyaeta….
A. Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang
sejen
B. Harti anu sajalantrahna ditepikeun ku pangarang ka nu maca sajak
C. Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang
sejen
D. Harti anu mibanda harti lega tur hese ditafsirkeunana

15. Sisindiran teh kaasup kana karya sastra Sunda wangun….


A. Drama
B. Prosa
C. Prosa liris
D. Puisi

16. Dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sok disebut…


A. Cerpen
B. Prosa
C. Pantun
D. Puisi
Soal PAS Bahasa Sunda Semester 1 Kelas 8 MTs Kurikulum 2013 – www.kampusmadrasah.com
17. Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta….
A. Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan
B. Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan
C. Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan
D. Silih asih, piwuruk, jeung sesebred

18. Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung….
A. Sesebred
B. Paparikan
C. Rarakitan
D. Wawangsalan

Mawa peti dina sundung


Ditumpangan ku karanjang
……………………………
……………………………

19. Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur ….


A. Pangarti teu beurat nanggung Tapi mangpaatna manjang
B. Nu ngarti jalan di Bandung Ciri jalma loba pangarti
C. Nyaahna indung ka anak mun disakolakeun ka Bandung
D. Mihormat ka Indung Bapa Tangtu dipiasih Gusti

Kararasan sayang galatik


Diwadahan kana kantong
Rarasaan jangkung leutik
Awak badag siga gentong

20. Sisindiran di luhur teh eusina…


A. Silih asih
B. Piwuruk
C. Sesebred
D. Pikasebeleun

21. Mun ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur teh kaasup kana….
A. Rarakitan
B. Paparikan
C. Wawangsalan
D. Sesebred

Teu beunang di piring leutik


Teu beunang di pika isin

22. Wawangsalan di luhur teh wangsalna…


A. Tatakan
B. Pisin
C. Baki
D. Talenan

23. Wawangsalan di handap anu wangsalna reungit nyaeta…


A. Langir cai leumpang ngijing, Kadeuleu kayap-keyepna
B. Laleur leutik hama raga, Liarna sakolong langit
C. Laleur hideung panyeureudan, Kilang bara urang jadi
D. Manuk lisung anu jalu, Dagoan di pasampangan

24. Jalma anu …. Mah moal puguh tempat cicingna da pundah-pindah wae.
A. Ipis biwir
B. Heuras genggerong
C. Hejo tihang
D. Heuras beuheung

25. Ari nyarita teh anggeuskeun atuh,…..yeuh!


A. Gantung huntu
B. Panas ceuli
C. Gantung denge
D. Tiis ceuli

26. Babasan nu hartina “babari ambek atawa teu sabaran” nyaeta….


Soal PAS Bahasa Sunda Semester 1 Kelas 8 MTs Kurikulum 2013 – www.kampusmadrasah.com
A. Atah warah
B. Hampang birit
C. Getas harupateun
D. Galegeh gado

27. Cing, pangasupkeun bola kana jarum, ku Ema mah teu katempo.
Kecap rundayan pangasupkeun dina kalimah di luhur kaasup kana kecap…..
A. Kecap kayaan
B. Kecap sifat
C. Kecap pagawean
D. Kecap barang

28. “Erna keur nulis”


Kalimah di luhur kaasup kana kalimah salancar….
A. Inti
B. Basajan
C. Jembar
D. Umum

29. Ungkara anu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan disebut gaya basa….
A. Lalandihan
B. Sindir
C. Ngasor
D. Rarhulan

30. “Kawas bueuk meunang mabuk si Udin teh, paingan aya bapana”.
Kalimah di luhur make gaya basa….
A. Ngumpamakeun
B. Mijalma
C. Lalandihan
D. Ocon

31. “Ti tatadi ditempo teh manehmah kawas anjing tutung buntut”. Kawas anjing tutung buntuk hartina….
A. Nyeri bujurna
B. Buntutna tutung
C. Teu daek cicing
D. Pundah-pindah wae

32. Jalma anu mingpin diskusi disebut….


A. Girang serat
B. Panumbu catur
C. Pamilon
D. Panyatur

33. Salah sahiji sarat jadi panumbu catur anu kudu kapibanda nyaeta…
A. Parigel make baju anu laus sangkan dipikaresep pamilon
B. Capetang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah
C. Bisa nyarekan pamilon sejen anu teu sapaham
D. Kudu bisa nyatetkeun hal-hal penting dina sawala

34. Dina sawala aya jalma anu tugasna nyatetkeun atawa ngarekam hal-hal anu disawalakeun….
A. Girang serat
B. Panumbu catur
C. Pamilon
D. Panyatur

35. “Tawis kabingah manga urang sami tutup ieu sawala ku ngedalkeun hamdalah!”
Ungkara diluhur biasana diucapkeun ku panumbu catur dina…..sawala.
A. Bubuka
B. Eusi
C. Panutup
D. Kacindekan

Soal PAS Bahasa Sunda Semester 1 Kelas 8 MTs Kurikulum 2013 – www.kampusmadrasah.com
KUNCI JAWABAN
PENILAIAN AKHIR SEMESTER GANJIL
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

1 C 11 D 21 B 31 C
2 A 12 A 22 B 32 B
3 B 13 A 23 B 33 B
4 B 14 A 24 C 34 A
5 B 15 D 25 C 35 C
6 A 16 C 26 C 36
7 C 17 C 27 C 37
8 D 18 A 28 B 38
9 A 19 A 29 C 39
10 A 20 C 30 A 40

B. Esay!
4

Soal PAS Bahasa Sunda Semester 1 Kelas 8 MTs Kurikulum 2013 – www.kampusmadrasah.com

Anda mungkin juga menyukai