Anda di halaman 1dari 2

Dongeng Tangkuban Parahu

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di Jawa Barat ngaranna Dayang
Sumbi. Dayang Sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna Sangkuriang. Sangkuriang
kareseupna ngaburu sasatoan di leuweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu ngaranna
Tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu
mangrupakeun bapana Sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung Tumang mangkat ka hiji leuweng, pas Sangkuriang
nitah Si Tumang ngudag buruan ka leuweng, Si Tumang embungen nuturkeun kahayang
Sangkuriang, nah akhirna Si Tumang diusir ka jero hutan ku Sangkuriang. Saentos
Sangkuriang balik deui ka Istana, Sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna nyaeta
Dayang Sumbi.
Ngadenge carita eta, Dayang Sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna Dayang
Sumbi nakol sirahna Si Sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya
urutna. Sangkuriang ngambek, terus akhirna mangkat ngembara ninggalkeun Istana
karajaanna. Saprak kajadian eta Dayang Sumbi nyesel ka nu tos dilakuken ka Sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, Dayang Sumbi terus ngadoa jeung tapa. Tina hiji wangsa,
dewa-dewa masihan hadiah ka Dayang Sumbi, nyaeta rupa awet ngora jeung kageulisan nu
abadi. Entos lami pisan Sangkuriang mangkat, akhirna Sangkuriang mutuskeun balik dei ka
Istana. Saentos nepi ka Istana, Sangkuriang ningali karajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, Sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain
padahal mah indungna. Ningali tina kagelisannana, akhirna Sangkuriang niat rek ngalamar.
Sabalikna oge, Sangkuriang teh jalmi anu kasep, nu matak nyien Dayang Sumbi oge reseupen
ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, Sangkuriang caritana rek pamit menta izin rek ngaburu di leuweng.
Sangkuriang menta Dayang Sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina sirahna.
Dayang Sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah Sangkuriang nu rek jadi calon
suamina eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau baheula. Dayang Sumbi
merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.
Dayang Sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna Dayang Sumbi niat rek ngagagalkeun lamaran
eta teh, Dayang Sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta, nyaeta: Ka hiji, Dayang
Sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai Citarum, kadua na, Dayang Sumbi hayang hiji
sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai Citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting
eta keneh, Sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta. Sangkuriang mulai tapa jeung
ngerahkeun makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun dua syarat eta.
Dayang Sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir
beres di lakukeun. Dina waktu eta keneh, Dayang Sumbi oge mulai marentahkeun
pasukannana pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur,
saolah-olah kos panon poe nu karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil.
Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagaweannana, ngambek lantaran nganggap teu bisa
ngabulkeun dua syarat eta.
Make kakuatannana, akhirna Sangkuriang ngabobol bendungan anu entos dijieunna,
teu lila jadi banjir gede Sangkuriang oge nendang sampan parahu nu tos dijienna. Sampan
parahu eta ngalayang jeung akhirna ragrag dina hiji gunung nu ayena disebut “Gunung
Tangkuban Parahu.”

Anda mungkin juga menyukai