Anda di halaman 1dari 4

_Dina hiji waktu, masarakat keur ngalakukeun pagaweanna masing masing, nu nyeuseuh, nu nulis, macul, ngarit, aya oge

nu mandi.

_Ujug-ujug pupuhu desa indit ka gardu

(Sora kohkol ditakol tarik tur riweuh)*

Pd: kumpull...... (sakabeh rakyat buru2 kumpul)*

Emeh : Euleuh euleuh aya naon ieu . Meni sok rareuwas kieu. Jaba seuseuhan loba keneh deuih .

Enok : Hayu atuh wang datangan heula we, bisi aya nanaon. Anteh, hayu urang ka ditu, burukeun

Anteh : enya hayu, ah keur kagok teh

( eta nu tiluan mawa kabeh seuseuhan , tuluy lumpat ka tempat sora kohkol disada)

Somad : Aya naon atuh mang , kagok yeuh keur mandi. Haarrrr. Aing mah kmha ieu :(

( Saprak si .....mandi Patani ngaliwat ka eta walungan )

Umen : Heh jang somad geuwat geura hanjat . Kohkol geus disada.

Somad : Euleuh, kagok yeuh saeutik deui Kang .

Umen : Ah kmha di dinya we. Kuring mah rek indit bisi ek dibagi duit .

Somad : Duit kang? Erek atuh ai duit mah .

Umen : Erek naon?

Somad : Nya erek...mandi deui (seuri koneng)

(kang umen geus indit, Si somad bari make anduk keneh langsung lumpat ngudag kang umen)

Somad : dagoaan kaang... !!!!

....#geus karumpul..

Pd : geus karumpulnyaa..

Anteh : aya naon ieu teh kang? Beut dibebereg, tiung ge can masang, ayaan keneh busa tadi nyeseuh deuih (ngelap
leungeun)

Somad : enya puguh, tingali yeuh make anduk keneh kuring mah (nu awewe marelong, terus nutupan panonna)

Wanoja : (ngajerit) aaah!~

Umen : mana duit na atuh Pa?

Pd : duit naon? Nu aya ge bayar hutang. Heup ah, jadi kieu, . . . .

Enok : kelaa atuh kang dangdan heula, kalemm

Pd : enya sok, jadi kieuu..

Enok : ke heulaaaaa akaaang aeh can tamat..


Pd : enya enya sok heula nyai.. atosnya? nah jadi kieu isuk sore tanggal 2 rek aya bupati kadieu. nya maksudna rek
mariksa proyek irigasi anu aya di cipintu tea, tuh nu di ditu geningan, tah ku kitu na urang salaku warga dieu kudu mapag,
nya sahenteu na atuh ngaeyong-eyong bupati na atawa kumaha, kitu.. urang ngaieu nu matak pibungaheun bupati na,
matak sok dangdan pageulis-geulis pakasep-kasep, ulah sagala dibawa komo make anduk mah

Somad : naon eta teh nyindir maksud na kang? Euleuuh

Pd : hnteu ah, sok aya patarosan teu jang engke?

Anteh : ari engke nyambut na bade kumaha?

Pd : mapagna teu kudu nu rame-rame, urang papag kasumpinganna hungkul da terus nganteur ka proyek na paling
kitu wungkul

Somad : lah pirage kitu meni kudu diraramekeun sagala

Pd : eh tong salah, bisi mah aya tukang tv ka dieu terus ngaliput urang pan, sok biasa na kitu pan? ke teh urang bisa
asup tipi, hebat pan?

Kabeh warga : ohhhhhhhhh kiittttuuu

Pd : tah atosnya? Sip sok ayeuna mah bubar, pek lakukeun deui kagiatanna. Sore, nya. Kahade tanggal 2 ditungguan
di dieu babarengan urang mapag bupati (pupuhu langsung balik ka imah na)

Somad : siap atuh ari kitu mah, nya, kang umen? (nyengir modus)

umen : enya atuh siap kang, ke heula ieu aya naon yeuh cungar cengir

Somad : he he, nginjeum baju atuh, kuring teu boga nu alus, hayang asup tivi sakali mah, nya?

Umen : embung ah sok tara dibalikkeun

Somad : dibalikkeun kang bener, ayeu na mah dibalikkeun, janji da bener

Umen : bener janji?

Somad : janji kang (bari ngaluarkeun cinggir)

Umen : awas siah tah (cinggir dibeulit, nepi ka imah na masing-masing eta cinggir ngabeulit keneh)

Anteh : abdi ge ah, ngke deui we nyeuseuh na, yap emeh, euceu. . . (pas malik reuwas ningali emeh kalah sare)
emeeeeeeeh!!!

Emeh : naon naonn aya naonn ieu naon?

Enok : kalahkah pelorr, nyaaaaa. Hayu ah urang balik urang nyiapkeun baju nu geulis

Emeh : gandong. . . . (manja)

Enok : ihhh paribasa, embung ah beurat lain budak deui ayna mah, geus hideung jebrog ayna mah ah, hayuuuuuuuuuu
(bari digusur), Anteh bantuan ngagusur

Anteh : hayuu, hiji duaaaaa euupp ahhh, kat ku beurat ieu budak
Emeh : enya hayu (bari heuay)

Anteh : (nutupan heuay na si emeh)

. . isukanna, tangga hiji na,

#kohkol ditakol kat ku Tarik tibatan Kamari, sakabeh warga buru-buru kumpul ngadatangan sora na

Somad : aya naon deui kang? Kat ting ku hariwang nabeuh na

Pd : ieeuu aduhhh etaaa-

Enok : naon kang naon sok kalem heula nembe nyarios

Emeh : (heuay bari kuliat)

Anteh : (nutupan heuay na si emeh) heuay teh tutupan

Umen : alah punten kang telat sakedik aya pidamelen nembe na

Pd : eta cenah pa bupati teh kadieu na jantenna bade kaping hiji, aduhh mangkaning ieu geus jam tilunyaa, telat
ngabejaanna

Somad : eh atuhnya kumahaa ieu teh geus ah kuring ek balik heula siap-siap heula atuh, hayu kang umen (metot bajuna)

..(Emeh, anteh jeung enok ge langsung balik ninggalkeun pupuhu teu bebeja heula)

Geus siap-siap warga langsung ararindit deui ka tempat kohkol tadi jang nyambut pa bupati

Warga sariap siap ngaarapih-rapih papakeanna masing-masing

..(warga ngadangoan nepi ka ek maghrib)

Emeh : kang? Mana atuh pa bupati na? teu datang-datang geuningan? (heuay) tunduh yeuh

Pd : duka puguh ieu teh

Anteh : salah tanggal kitu kang?

Pd : ah asa moal

Somad : kumaha atuh? Ieu tatadi dipoe nepi ka ngesang yeuh, bau hapeuk (ngangseu baju)

Umen : adan sakedap deui ge kang

#teu kanyahoan pupuhu desa ningali deui serat ti bupati teras ningal tanggal na tanggal 11

Pd : pengumuman baraya, punten hehe jantenna kaping sabelas diundur saur na..

Somad : cenah tanggal hiji

Pd : hehe punten katutupan saangka jadi sugan teh jadi na tanggal hiji

Warga : euhhhhh huuuu, (bari ngalungan nu dicekel) kumaha atuh ah


Somad : jang naon atuh ieu dangdan kat ku handsome kieu atuh ah, nyaah kudu diseuseuh, kang seuseuh heula yeuh

Umen : saha nu make na ge tuh ka calon pamajikan ka si emeh we

Somad : alim ah isin kangg

Emeh : beu kang bade ku abdi diseuseuh na?

Anteh : jiga nu sok nyeuseuh wae

Umen : ih leresan ieu teh? Aduh hatur nuhun neng, uh pujaan pisan

Emeh : ih si akang maah seueur baturnya

Enok : euleuh kalah bobogohan, hayu ah urang balik ayna mah, can nyangu, si Anteh ge can beres beberes na,. bapa
pupuhu abdi uih heula, wilujeng sonten bapa

Pd : ma-mangga wilujeng

(Somad jeung umen geus mangkat jauh ti gardu)

Somad : kang, baju teh jang abi we

Umen : embung ah, nyaah alus baju na

Somad : ih atuh kang, da nyaah atuh bau si emeh engke na pan

Umen : beuli we kumaha?

Somad : atuh kaang,

Umen : ah nya ari kitu mah embung

Somad : enya atuh kang enya sok sabaraha?

Umen : bae sok 50 sabulan 12 kali ngangsur demi emeh tercinta atuh mad

Somad : enya atuh kang sok lah deal ari kitu mah, dedemian nya sakedik hehe

Anda mungkin juga menyukai