Anda di halaman 1dari 2

Lembur Singkur

Pencipta : Bakang Abubakar


Lagam : Cianjuran
Laras : Pelog Degung
Wanda : Panambih
Sumber : Lagu-lagu Panambih Tembang Sunda Laras Pelog
Bapak Sobirin - Bandung

Tuh itu lembur nu singkur


Lebakeun pasir nu suni
Anu ngayapak dihandap
Paranti nyirnakeun pikir
Ngabangbrangkeun kabingbangan
Niiskeun panasna ati
Gelenyu
Lembur singkur sisi gunung
Tempat ngancik nu gumati
Someah nyaah ka semah
Sepi ti rasa kumaki
Padusunan padepokan
Tempat kuring niis pikir

Di lembur jauh nu singkur


Padusunan tempat kuring
Teu aya aing-aingan
Gemah ripah repeh rapih
Tiis dingin paripurna
Tebih ti hiri pangdengki
Gelenyu
Lembur tempat kuring matuh
Tempat ngancik nu saati
Saaleutan sauyunan
Rame gawe sepi pambrih
Gotong royong babarengan

Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org


Lembur Singkur (2)
Sabilulungan ngahiji

Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org

Anda mungkin juga menyukai