Anda di halaman 1dari 4

Sumedangan/(Jalir Jangji - Euis Komariah)

Pajar maneh bogoh sok sapikir


Geuning bohong ieu mah sulaya
Pajar maneh arek bela pati
Nu puguh sangsara deungeun

Pajar arek saniak sapikir


Mun kacai rek jadi saleuwi
Nu kitu mah palsu wungkul
Jangji-jangji taya nu bukti

Pameget mah pami kasedekeun


Tara pisan seep pisaureun
Lir upami panangan nu palid
Nyaur sarawel-rawelna

Paribasa engkang moal lami


Sakedap ge bade wangsul deui
Nu puguh mah matak pusing
Nyiksa teh kacida teuing

T A H A J U D Euis Komariah

Tengah peuting sedeng jemplang jempling,


Awang awang keur ilang dangiang,
Tiis lirih rehe combrek,
Mahluk nuju menekung nyambat nyambat, Ilahi Robbi
Gusti nu Murbeng Alam,..sim abdi sumujud tur pinuh karumaosan,
Dosa abdi teu wasa ngawincik wincik eui,..
Tina ageung,..ageungna,..Gusti,abdi seja tobat,

Margi kitu masad abdi Gusti ,da Gusti mah sifat maha welas,..
Mugi dihapunten,..bae,..
Sareng abdi bade piunjuk, bade tumut,..pangersa Gusti,.
Sumembah salamina,siang wengi ,..sumujud,
Mugi hidayah ,dilampahkeun dilimpahkeun ka abdi anu laif,..
Hoyong , husnul hotimah ,..Gusti,mugia ngaijabah,

Tina ,..katunaan diri ,najan hirup tanpa guna,..


Cing atuh Gusti yang Maneng,..
Mugi abdi di tangtayungan, sanes karep nu tumiba,.
Abdi neda sih pitulung,.pitulung ku anu utama,..
Duh Gusti kumaha abdi,jait tina karerepet,
Abdimah sumerah bae,

Da teu wasa ngalangkungan da Gusti mah nu Kawasa,


Sok asa bae piraku,.Gusti ikhlas,ka mahlukna,
Sasambat abdi anu sedih,..anu pinuh ku nalangsa,
Kasaha nya nya sumondok,
Nitipkeun nyawa jeung badan kitu pibasaeun nana,
Abdi Gusti neda tulung,..ka anu kagungan wewenang,

Ceurik Rahwana
Banondari anu lucu bojo akang anu geulis geuning da anu geulis
kadieu sakeudeung geuwat akang rek mere pepeling aduh geulis mere pepeling
geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti

Duh engkang panutan kalbu sembaheun lahir jeung batin gusti lahir jeung batin
aya naon pangersa tara tara tisasari aduh gusti teu tisasari
nyauran ragrag cisoca abdi mah saredih teuing

Kaduhung akang kaduhung kataji nu lain-lain geulis nu lain-lain


kaiwa goda rancana kagembang ku Sintawati aduh geulis ku Sintawati
geuning kieu balukarna doraka akang ka ba tin

Misanggem abdi kapungkur lilisan ka lenggah gusti geuning ka lenggah gusti


ka salira engkang pisan maturanan temah wadi aduh gusti da temah wadi
mung engkang kalalanjoan, ngajura napsu teu dipigih

Kapati-pati - Eros - Kacipta

I (Kapati-pati)
Hayang ceurik jejeritan..
ngajerit maratan langit, maratan langit
cua urang mah mangsa ngorana
sok hayang nu sanes tanding

Sakapeung abdi sok mikir hayang gaduh elmu ngapung


si pengkuh tangtuna beunang
dijinjing diguwang-gawing, diguwang-gawing
dina mega pangluhurna

II (Kapati-pati)
Asa kungsi ningal bentang
kucap-kiceup di wiati, di wiati
duka ngiceupan ka saha
gereget ku hayang mipit

Barang diteuteup deui bentang geus kasaput awun


kiceup anu sajorelat
asa matak gandrung teuing, gandrung teuing
harianeun, harianeun
bentang teu lana ngiceupan

III (Eros)
Abdi hoyong ngimpi deui dipeureumkeun, keukeuh beunta
kalah hate tingseredet
ras emut dina impian waktos silih pikanyaah
lir gula sinareng madu, awor sarua amisna

IV (Kacipta - Panambih)
Pateuteup waktos keur pageut
pameungkeut nambihan geugeut
matri pamageuh duriat
hanjakal ngan sajorelat geuning
sinar asih nu nembongan
rangkeuyan kembang harepan
leubeut meuhpeuy ku kadeudeuh
nyimpaykeun ngagaleuh maneuh

Aya lagu nu halimpu


ngacapkeun rungrungan kalbu
jentrengna sora kacapi
lagu hariring birahi
bray kacipta kumalangkang
sarining maduning kembang
sekar endah nu marahmay
campaka mekar gugupay

Cacapkeun harita tepang


diri teh sungkan paanggang
nyengcelang nu ngajak imut
imut nu ngan sajorelat ieu
sinar asih nu nembongan
rangkeuyan kembang harepan
teuteup anjeun nu kareueut
nambihan rasa kameumeut
Baranang bentang sulintang
caangna lir hate urang
mapaesan alam peuting
nu nyanding mawa hariring
nyawang bulan nu nembongan
caangna mawa harepan
nu endah mangsa harita
kacipta salalamina.

Papatet

Mipir lamping sakuriling


mapay lebak sabengbatan
jog anjog ka leuweung ganggong
leuweung ganggong simagonggong
barala tempat berhala nawing cadasna barodas
nyerelek cai nyusuna cinyusu nu ngawahangan

Lagu-lagu : Tejamantri,
Sumedangan,
Lembur Singkur,
Lorloran,
Gunung Sari,
Karang Sari,
Liwung Jaya, K
aprabonan,
Panca Warna,
Tahajud (Sujud),
Lumengis I,
Madenda Sari,
Paingan,
Jalir Jangji
Asmarandana Karaton, Pasini I,
Puspawana

Anda mungkin juga menyukai