Anda di halaman 1dari 8

BENTANG KAMELANG (MIMITRAN DAMAS)

(L)
Eulis mun akang datang ka damas hate liwung mapay tapak gandrung,
Carita anu geus lawas teu daek laas, duuuuh.....
(P)
Engkang mun datang mangsa mimitran hate peurih mapay tapak asih
Carita urang duwaan angger nembongan, duuuuh....
(L)
Sihoreng duriat angger natrat ngagurat, duh asih nu wening anteng
nganteng langgeng
(P)
Sihoreng kanyaah angger nganteng teu pisah, duh asih nu urang
langgeng pageuh deudeuh....
(NL)
Damas th leuwi asih, tempat kuring teuteuleuman icikibung ngojayan
mangsa rumaja. damas th taman katresnan tempat kuring nebarken bibit
asih ngadagoan mangkakna kembang harepan. Damas th tali kacapi ati
nu ngantengkeun rasa kaheman, kanyaah awaking ka saarakan asih uring
ka manehna. Di damas lagu hirup papasangan, mipit ceurik mun ti
peuting mulas beurang ku kawaas, suka jeung duka silih baganti ngeusian
ringkang haleuang, pan di damas eulis urang beber layar tarik jangkar
ngambah endahna sagara cinta munggaran, dipepende kuhiliwir angin
tingtrim bari sakapeung kudu ngayonan mapag lambak...Eulis, urang
kotretkeun ringkang nu kaalaman urang tuliskeun kawaas lawas nu teu
laas-laas, nusok ngalangkang nembongan dina lamunan nu sok nganjang
ngaringkang dina ciptaan, marengan datangna mangsa mimitran.
salempay kawaas nyampai di damas bulan ngempray di langit kamelang.
Lalakon urang carita urang lalakon urang duaan.
(NP)
Calon anggota damas bade lebet ka rohangan ka akang miwah ceuceu
dihaturanan ngadeg.
(P)
Haturan-haturan(duh haturan duh haturan)
Hatur mah haturan wilujeng sumping (haturan wilujeng sumping) 2X
Sumping damping di damas(duh sumping damping di damas)
Sosonoan gogonjakan (sosonoan gogonjakan)

Sumping damping di damas(duh sumping damping di damas)


Sosonoan jeung gogonjakan 2X
(L)
Eulis mangsa bubuka mimitran urang tepang nu munggaran, basa salira
saparakanca lebet karohangan dipapag tembang rampak pangbagea
ceuceu akang, sajorelat ieu teuteup nyampai dina raray, raray salira.
Sanajan baranang bentang wengi eta, panyawang labas teu kapalingan da
puguh bulan mah nenggang. Harita geulis, rema sukma bet asa kerep
ngageter lagu liwung ngaguruh dina jajantung hawar-hawar
ngagalindendeng jeroning angen, rambut salira nu panjang diuntun imut
nungtun liwung gandrung basa urang tepang raray numunggaran
(P)
Tepang raray numunggaran, imut nungtun liwung gandrung
Wening asih ngahariring ingkeun teundeun sampeur tineung
(L)
Basa tepang numunggaran, urang guntreng sakedapan
Aya galindeng nu nganteng, harewos jeroning batin
(P)
Heh angin peuting nu tingtrim, anu ngarti garis surti
Tepikeun getering batin endahna puisi ati
(L)
Apan tepang th munggaran, biheung urang tepung deui
Dareuda galindeng rasa, ingkeun teundeun sampeur tineung.
(NL)
Poe panjang mangsa mimitran, bibit asih nu ditebar timangsa tepang
munggaran teu karasa eulis sihoreng renung sirungan, haleuang tembang
tibeurang marengan melang hariwang hariring kawih tipeuting mirig
kainggis nu teu daek lantis. Kasieun cau ambon dikorangan saliara kapipir
pipir, palangsiang ambon sorangan salira mah teu mikir-mikir. Dina
mangsa diri nyorangan nyanghunjar lambar lamunan diumbar, dina
peuting anu simpe asa kucape mepende hate. Lamunan dipungkas ku
renghap nafas, bari nyalahkeun diri sorangan naha bet ludeung
melakkeun tineung. Duh kembang kamelang, kembang munggaran nu
ligar hegar na mumunggang pangharepan. Duh kalbu nu dirungrum
gandrung na kasaha diri th kudu balaka
(P)

Nakasaha kudu balaka, nembrakeun tungkusan kalbu


Nakumaha kudu nyarita, nyampaikeun rasa katresna
(L)
Nakasaha kudu balaka, nyangreudkeun tatali asih
Nakumaha kudu nyarita, maheutkeun rasa katresna
(P)
Sakapeung sok nanya diri na kunaon hate bet gandrung
Mitineung kanu saurang, linglung gandrung ngalanglayung..
(LP)
Kacapi nu jadi saksi, nyaksian lalakon diri
Rumpakana natrat nyarita tandaning kuring micinta
(NL)
Eulis basa salira munjungan dina mangsa wawanohan, galindeng soanten
asa kapireng, akang nepangkeun abdi, duh soca nucureuleuk ngolebat
dina lolongkrang kiceup salira tungkul nyumputkeun imut. Lambey
ngawed mipit asih sajorelat kiceup ngampih, salira mah moal terang
antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogencang hate
dipuntangan bimbang.
(L)
Eulis akang th bingbang, lami basa mimitran
Geulis duh buah hate iraha akang ka bumi
Eulis akang ngantosan nganti naon putusan
Geulis duh kembang soca piraku nu geulis tega
Kapan urang sasarengan melakkeun tangkal harepan
Tepang th teu acan lami piraku paturay deui..
(NL)
Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, naha
naon ari cinta? Nudatangna tara bebeja lamun indit tara pamit.
Dageuning sakapeung sok malik nanyakeun mun duriat dihalang-halang
naon nu jadi alesan naon nu jadi lantaran..
(P)
Naon nujadi alesan, naon nujadi lantaran
Naon anu jadi ukuran, duriat dihalang-halang..
(L)
Naha urang bet patepang, naha asih bet sirungan

Boa hate th longkewang, duriat mah ukur impian


(P)
Nulepatmah boa tepang salah mangsa
Bibit asih biheung deui manjing wanci
(L)
Salira mah balebat ti beulah wetan
Pamohalan mun kudu tepung jeung layung
(P)
Saha nurek disalahkeun, saha anu rek bongankeun
(L)
Saha anu rek nulungan, nusalahmah bongan sorangan
(NL)
Beurang kaselang ku peuting wawanohan beuki sering. Beuki sering beuki
ngait, beuki lami beuki meulit. Ah kitu soteh saakangeun da eulis mah
terang ge biheungeulis da bongan geuning cek tadi suka djeung duka
mah silih baganti, aya mangsa suka kaselang kuduka aya wanci seuri
kasilih kusedih, emut keneh basa salira sumping kasiangan dipapag
sentak pananata calagara diseukseukan bebeakan
Senawati kunaon maneh kabeurangan, jawab !!! tong loba alesan. Cek
akang ge lamun geus teu sanggup milu mimitran leuwih hade kaluar.
Samaruk maneh datang ka damas th rek di ogo?. Pedah maneh ngarasa
geulis?.montong ceurik !!!
Harita salira pasrah taya daya, rek dihideung rek dibodas ceuceu akang
numasini.
(P)
Diimah kuring nu indung pujaan bapa pinasti, deuh.
Da bongan lampah kaula tekad rek sumerah diri
Rek dihideung rek dibodas ceuceu akang nu masini, deuh.
Rumasa kuring mah dusun taya basa tuna harti, deuh.
Di damas estuning nyemah nganti asih ti pribumi
Tekad diri rek sumerah teu maksad ngabibisaning

BENTANG KAMELANG, Bagian Kadua (SISI B)


(NL)

Panginten dina manah salira harita, teungteuingeun bet cicingeun


padahal akang th aya naha ka abdi teu bumela. Geulis mugi masing
surti, kapan salira nuju diuji. Kapeurih sing jadi peurah ulah pundung
kusakitu, ngan basa salira ngareret naha ieu hate bet nyeredet, cisoca
eulis nu ngeclak ipis lalaunan mapay damis. Ciibun nyalangkrung da langit
keur mendung halimun katineung ngarangkul langit haleungheum.
(L)
Halimun nyalangkrung, da langit keur mendung
Duuh, panutan ati geulis teuing katumbiri
(P)
Halimun katineung na langit keur ceudeum
Duuh, panutan rasa lebar temen tuh cisoca.
Cisoca numaseuhan damis, kadeudeuh geuning beuki pageuh
(L)
Salira ngeclakeun cisoca, hate akang samagaha
(NL)
Ngarenda lamunan nganyam implengan, teu karasa jog anjog ka mangsa
urang ngabungbang
(P)
Ngabungbang urang ngabungbang, ngabungbang ngumbar kamelang
Dilangit bulan nyaangan bentang nu sedih ngiceupan.
Ngabungbang urang ngabungbang, dilangit bulan impian
Nahate asih ngusapan diaping bentang kaheman
(LP)
Aaah, ngabungbang 4X
(NL)
Urang ngabungbang sawengi jeput, neuteup bulan nu teu weleh imut.
Peuting ieu langit bengras langit damas, bentang baranang dilangit
sarakan urang. Urang ngabungbang nungguan beurang harepan
(LP)
Bray geura beurang, bray geura caang,
Bat pek ngolebat balebat sing kebat liwat 2X
(P)
Kahayang th pajar geura ngalangkang
Pek balebat pek ngolebat kebat liwat

Mawa beja jeung harepan, emh duh pajar geura bray beurang
Jol geura beurang alam bray geura caang
Bat pek ngolebat balebat geura ngolebat
(NL)
Mangsa bulan nyusup ditundung ku indung suku ngabungbang lekasan
mapag balebat Beulah wetan, wanci carangcang tihang salira
saparakanca kedah santika ngiring lumpat bari diaping kujagabaya, akang
mah pangtukangna henteu tebih ti salira, urang lumpat nanjak mudun
ditungtun ku angin gunung, lebah mumunggang, basa nu sanes nanjak
mudun salira mah geuining kakantun ngahunjar dina amparan jukut datar.
Kunaon senawati? Cek akang bari nyampeurkeun, ieu sampean tijalikeuh
kang waler salira. Akang ngasongkeun leungeun salira cengkat bari
muntang, geus tong lumpat mending ge leumpang, cek akang, salira teu
mumpang bari angger nyepengan panangan, mapah gigireun akang.
Harita geulis kawani sumping teuing timendi nekad datang teuing timana,
mangsa urang leumpang ngarendeng duaan akang ngedalkeun angenangen nu geus lawas disidem wakca ka salira balaka yen neundeun
tineung nyimpen kadeudeuh manawi suwung mangandeuh. Harita geulis
najan salira teu ngawaler ku kedal lisan, diri yakin yen asih th teu
nogencang. Rema salira karaos pageuh na mangsa pakeupeul leungen.
Basa pareng lengkah ngarandeg urang nyelang ngundeur deudeuh
amprok teuteup, raray salira tanggah sumerah. Sakedapan teuteup
geugeut beuki deukeut, les ngiles lelembutan kumalayang acining batin
gumulung ngumbar kaheman, sakuriling sepi jempling simpe
kaheumpikan dangding. dina regang tangkal kihujan cangkurileung
enteup ngagareuwahkeun salira nyiwit bari ngaharewos halon ah akang
mah bangor, harita akang nembe emut najan rineh pan salira th calon
keneh. Cangkurileung ngageleber hiber kalandeuhkeun, cek dina hate
akan harita, jung manuk geura hiber mawa beja, bejakeun ka sarerea
senawati pupujaning ati pigedengeun prameswari jaga pun aing jadi
alumni. Bejakeun, bentang nu peuting tadi ngiceupan kiwari ngancik na
ati bentang mimitran ayeuna aing nu boga.
(L)
Eulis, kembang impian.kembang di taman akang
Eulis, kembang kamelang.kembang na hate akang
(P)
Akang, bentang impian.bentang dilangit abdi
Akang, bentang harepan.bentang na hate abdi
(L)

Deudeuh eulis salira kagungan saha, titip asih dina hate anu wening
(P)
Dededuh engkang salira panutan rasa, nitip asih dina ati anu wening.
(NL)
Dirungrum diayun gandrung ditimang melang hariwang, kembang asih
beuki ligar disiram cai katresnan ati, rema mangsa nuntun waktu
manjangan mangsa mimitran kahayang mah teras tepang, sungkan pisah
najan salengkah. Tapi dalah dikumaha keur geugeut nganteur katineung
jol beja digupay tugas akang kudu miang ti subang, teu bisa mungpang
najan dibarengan ku longkewang kapaksa kedah ngantunkeun mimitran.
Teu lami eulis ukur sawengi tapi abong keur dibeulit asih sawengi th asa
sawarsi, hate kumejot dibetot kasono,
Basa akang ninggalkeun subang, langit hurung dipulas layung lebah ciater
hate gumeter, pileuleuyan langit subang
(P)
Pileuleuyan langit, langit subang
Layung ngajurung ka bandung, najan sono najan melang
Wayahna da bandung geus ngagupayan
(L)
Pileuleuyan geulis, kota subang
Ayeuna awaking mulang, najan deukeut deudeuh geugeut
Wayahna da bandung geus ngadagoan
(P/L)
Dilangit subang layung keur mayung basa awaking mulang ka bandung
Teuteup kadeudeuh ngundeur katineung gupay jeung imut nu
ngajajapkeun. 2X
(NL)
Datang ka bandung dipapag beja, cenah salira kenging nugraha dileler
janten diah permata pitaloka. Kasono waktos paamprok beuki pageuh
dianteur kareueus, ratu galuh nukapungkur purbasari nu bihari pan
ayeuna salira buktosna, ratu ayu bentang mimitran ratu kalbu diri akang.
Asa cikeneh urang tepang teu karaos geulis mimitran manjing lekasan
mun panon poe geus lingsir ninggalkeun tapak kaliwat mulas katineung
na hate nu lawas nerap ngagurat.
(P)
Mun panon poe geus lingsir, ninggalkeun tapak kaliwat

Mulas katineung na hate, isukan moal tandang, da mimitran geus lekasan


Nyukup waktu dua minggu duh nyumponan papagon damas.
(L)
Tipeuting sok teu geunah teuing, tibeurang pinuh kawaas
Sedih lucu geus kalakon, ngareka minuhan rasa
Nu langgeng nerap ngagurat ngeusian tulisan hirup duh..
Na lampah mimitran damas.
(NL)
Basa mimitran lekasan geulis urang tepang na wengian pangistrenan,
kabaya pulas bulao langit nu dianggo kusalira, kasmaran teu daek leungit
na rasa akang harita. Maling teuteup bulan tumanggay nu tingtrim na
damis eulis, duh. Geulis teuing pupujaning ati. Basa ramo urang patarema
akang ngedalkeun ucap pangbagea, wilujeng sumping di damas. Bari
hate mah cumarita urang sareng geulis ngundeur tineung. Harita salira
imut ratug jajantung kapentang jamparing asih. Degung ngungkung luhur
panggung wirahma hegar mapag salira, dina lolongkrang haleuang
tembang hate urang nyarita sewang-sewangan, mimitran nu geus lekasan
urang sambung ku lalakon cinta urang
(LP)
Kleung angkleung sagara ombak-ombakan
Keueung nineung sangsara ge babarengan
Kleung angkleung sagara ombak-ombakan
Teneung ludeung sangsara ge babarengan (diulang*)
(NL)
Cag, teundeun di handeuleum hieum tunda dihanjuang siang ingkeun
teundeun sampeur tineung palias rek ka tampian. (*)

Anda mungkin juga menyukai