Anda di halaman 1dari 2

SD NEGERI CARINGIN 2

PENILAIAN TENGAH SEMSTER 1


TAHUN PELAJARAN 2019-2020
Cerdas, Sehat, Berbudi Luhur

Nama : ............................. No. Absen : .................................................


Kelas : 2 (Dua) ............. Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Hari / Tanggal : .............................

I. Cakra aksara A, B, atawa C di hareupeun jawaban anu bener!


Pananya nomer 1-5 dumasar kana ieu bacaan.

Tartib Diajar

Diajar kalawan tartib, hasilna tangtu leuwih hade.


Sanajan pangajaran di sakola loba rupana, lamun bisa ngatur waktu tur cara diajarna, moal hese moal
matak cape hate.
Pangajaran keur isukan dipariksa, Dibeberes bari diapalkeun.
Sare ulah peuting teuing, Sangkan hudang teu kabeurangan.
Lamun isuk-isuk cukup waktu, indit ka sakola henteu kudu rurusuhan.

1. Kudu kumaha sangkan hasil diajar leuwih hade?


a. Tartib
b. Sakadaek
c. Hare-hare
2. Kumaha carana sangkan hudang sare teu kabeurangan teh?
a. Teu kudu sare
b. Sarena ulah peuting teuing
c. Sarena kudu tibra
3. Supaya henteu cape hate dina diajarna urang kudu….
a. Bisa ulin jeung babaturan keur refresing
b. Bisa ngatur waktu tur cara diajarna nu hade
c. Bisa jajan anu hade waktu istirahat
4. Nurutkeun bacaan di luhur, cing saha anu kudu tartib diajar teh?
a. Barudak sakola
b. Tukang kebon
c. Bapak atawa Ibu guru
5. Ceuk bacaan di luhur waktu beberes jeung ngapalkeun pangajaran keur poe isukan teh iraha?
a. Pabeubeurang
b. Pasosore
c. Peuting
6. Samemeh indit ka sakola urang kudu……
a. Pamit heula ka Indung Bapak
b. Ulin heula sing tenang
c. Jajan heula sing loba
7. Pangajaran anu teu kaharti kudu…..
a. Diantepkeun
b. Ditaroskeun
c. Dipotocopy
8. Mana anu bener tina kalimah-kalimah ieu di handap?
a. Dadi Budak Pinter.
b. Kamari Tati teu sakola.
c. nani hormat ka guru.
9. Ngagurat supaya lempeng kudu make….
a. Pamupus
b. Buku
c. Jedar
10. Sinonim tina kecap piwuruk nyaeta….
a. Papatah
b. Tutunjuk
c. Someah
Pananya nomer 11-15 dumasar kana ieu bacaan

Dodo Gering
Geus opat poe Dodo gering katarajang panyakit tipes. Awakna panas nyebret, tur teu daek
barangdahar.
Waktu dipariksa ku dokter, Dodo dititah dirawat di rumah sakit. Di rumah sakit, Dodo diinpus
sarta kudu terus ngagoler.
Babaturan Dodo daratang ngalongok ka rumah sakit, tapi teu meunang lila, lantaran Dodo kudu
loba reureuh.

11. Dodo katarajang panyakit…..


a. Bisul
b. Tipes
c. Asma
12. Dodo kudu …… di rumah sakit.
a. Dirawat
b. Disarekeun
c. Disuntik
13. Saha nu mariksa Dodo teh?
a. Bidan
b. Dokter
c. Perawat
14. Saha nu ngalongok Dodo teh?
a. Ibu guru
b. Babaturanna
c. Uwana
15. Naon sababna anu ngalongok Dodo di rumah sakit teu meunang lila?
a. Lantaran tempatna heurin
b. Lantaran Dodona embung dilongok
c. Lantaran Dodo kudu loba reureuh

II. Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban anu aya dibelah katuhu!

1. Barudak kelas dua meunang…ti Ibu Guru.


2. Maman dititah maca ……di hareup.
3. Ka budak…..loba nu resep.
4. Budak nu……tara eraan.
5. Kababaturan kudu….. ulah judes.

Anda mungkin juga menyukai