Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBBS, drama (bs. Walanda) nyaeta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi, bisa dicindekkeun yen drama teh nyaeta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antarana para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). Disawang tina ulikan sastra, drama teh kaasup kana sastra lakon. Disebut kitu, sabab karangan drama teh ngebrehkeun paripolah palaku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, sarta sina manguneman jeung palaku lianna atawa sina ngomong ka dirina sorangan. Tapi, drama dina tradisi urang sunda mah hentu salawasna kitu, lantaran aya hal-hal anu mibanda ciri has. Upamana dina longser jeung sandiwara, aya sawatara bagean anu euweuh dina drama moderen, kayaning tatalu, selingan (dieusian ku ngigel, bobodoran, ngawih) jeung nyarayuda. Karangan drama bisa dipasing-pasing nurutkeun sababaraha dasar, kayaning wangun karanganna, pamelaranana, kesanna, jeung sumberna. Papasingan karangan drama, di antarana: a. Dumasar kana Wangunna 1) Drama Wangun lancaran dibacana atawa diucapkeunana dina wirahma basa lancaran. 2) Drama Wangun Ugeran, pagunemananan teh dina wangun ugeran, boh mangrupa sajak bebas boh saja teu bebas. Lamun paguneman nu mangrupa sajak bebas dibacana dideklamasikeun, ari paguneman dina sajak teu bebas saperti pupuh, dibacana dihaleuangkeun. b. Dumasar kana Pamelaranana 1) Medium Lisan, sastra lalakon nu make medium lisan saperti banjet, longser, sandiwara digolongkeun kana teater balarea (teater tradisional) 2) Medium Tulis, sastra lalakon anu aya naskahna, sok disebut drama. c. Dumasar kana Sumber Nyiptana 1) Drama nu dicipta dumasar caritana nu geus nyampak, saperti: Lutung kasarung (R.T.A. Sunarya) Ciung Wanara ( Eddi Tarmidi) Cahaya Maratan Waja (Yus Rusyana) 2) Dumasar kana kahirupan di masarakat, saperti: Bandung Lautan Api (Rukasah S.W.) Kucubung (Wahyu Wibisana) Kanyaah Indung (Min Resmana) Sacara lahiriah dina wujud karangan drama aya hal-hal anu geus maranti, kayaning ieu di handap. a. Pertelaan palaku Ieu bagean anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan palaku. Sok sanajan aya oge drama anu henteu make pertelaan para palakuna. b. Babak jeung adegan Ieu bagean anu ngabagi-bagi karangan drama. Dina hiji babak dilalakonkeun kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu. Unggal babak di bagi jadi sababaraha adegan, nurutkeun robahna kajadian ku datang atawa inditna palaku. c. Candraan dina awal babak Ieu bagean nerangkeun kaayaan: latar, suasana, palaku, kajadian, jeung nu lianna. Biasana teh ukur saperluna pisan, henteu mangrupa gambaran anu wincik. Candraan dina awal babal jeung tuduh laku teh ditulisna ku aksara condong, beda jeung paguneman anu ditulisna ku aksara ajeg. d. Paguneman Paguneman, nyaeta kalimah langsung para palaku anu silih tempas. Mimiti ditulisna ngaran palaku, ditema ku titik dua, ti dinya ditulis omongan eta palaku. e. Prolog jeung epilog Prolog teh ditulisna dina awal drama,jadi manggala sastra ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disuguhkeun. Beunang dibandingkeun jeung rajah pamuka dina carita pantun. Beda dieu jeung epilog, lamun epilog mah ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang, beunang dibandingkeun jeung panutup dina carita pantun. 2. Tata Krama Mintokeun Drama Pagelaran drama teh dirojong ku sawatara unsur, di antarana : a. Pamaen nyaeta jalma nu ngalakonkeun hiji tokoh dina pagelaran. b. Sutradara nyaeta jalma nu ngamimpin jeung nu paling boga tanggung jawb dina pamentasan drama. c. Produser nyaeta jalma nu ngawasan jalanna pagelaran jeung nyalurkeun ka pihak anu terlibat. d. Panata music nyaeta jalma nu ngatur hal anu berhubungan ka musik, gunanan agar suasana dina pagelaran leuwih tergambar. e. Panata panggung nyaeta jalma nu ngatur tata letak panggung atawa kursi agar penonton di belakang teteup bisa nikmatkeun pagelaran. f. Panata kostum nyaeta jalma nu ngatur pakaian naon anu rek di pake ku pamaen di atas panggung. g. Panata lampu nyaeta jalma nu ngatur sagala hal anu berhubungan ka pencahayaan (lampu) agar sesuai jeung kaadaan. h. Panata rias nyaeta jalma nu ngadandanan pamaen. Jeung seksi – seksi kapanitiaan sejenna. Hal – hal anu diperhatikeun mun rek ngagarap pagelaran drama di sakola : a. Nyusun kapanitiaan; b. Nangtukeun pamaen, sutradara, jeung jadwal latihan na; c. Unggal pamaen kudu latihan vocal, lantara pamaen vocal na kudu ngoncrang; d. Latihan ngolah panoman (mimik) jeung rengkak (ekspresi tubuh); e. Dina prugna pagelaran, kudu kompak tur tartib. 3. Metakeun Gending Karesmen Dina ngaragakeun gending karesman eta, aya beberapa hal nu kudu diperhatikeun nyaeta artikulasi, gestur, intonasi, ekspresi, jste. 4. Ngomentaran nu Metakeun Gending Karesman Sanggeus ngabandungan nu metakeun gending karesmen, ayeuna pek ku hidep komentaran a. Kumaha kelompok babaturan hidep dina metakeun dramana, alus atawa goring? b. Kumaha artikulasi jeung wirahmana merenah? c. Naha babaturan hidep ngajiwaan dina metakeun dramana? d. Kumaha pasang peta babturan hidep waktu ngaragakeun dramana merenah? 5. Ngaguar Perkara Monolog Sunda Istilah monolog asalna tina basa Yunani 'monos', nu hartina sorangan (single). Diémbohan kecap 'logos' nu hartina omongan atawa guneman (speech). Nilik kana harti kitu, bisa dicindekkeun yén monolog téh pintonan téater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku). Monolog kaasup pintonan téater vérbal, nyaéta téater anu ngandelkeun "kekecapan" atawa "kalimah" minangka mèdia utama anu eusina leunjeuran lalakon atawa carita dina wangun naskah atawa skénario. Téater non-vérbal hartina téater anu teu maké naskah atawa skénario minangka média éksprésina, ngandalkeun gerak, ibing, lagu, musik, jsté. Pintonan monolog téh kaasup perkara anyar. Bédana monolog nulad kana padika dramaturgi bangsa deungeun, kudu aya naskah atawa skénariona. Dina drama modéren mah apan naskah téh jadi acuan utama. Dina kamekaran téater Indonésia, kacatet aya sawatara aktor/aktris nu remen mintonkeun monolog,saperti: Buntét Kertaradjasa jeung Happy Salma. Anapon dina pejemuhan téater Sunda, kacatet aya sawatara aktor nu sok mintonkeun monolog, di antarana waé: Iman Solèh, Wawan Sofwan, Ayi Kurnia, Yuséf Muldiana,jeung Asép Supriatna. 6. Miwanoh Kalimah Langsung jeung Teu Langsung Drama the diwangun ku paguneman, ari paguneman the diwangun ku kalimah langsung anu diomongkeun ku hiji palaku ka palaku liana, silihtempas. Ari kalimah langsung biasana papasangan jeung kalimah teu langsung. Kalimah langsung nyaeta kalimah nu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesanan ku lentong atawa tanda baca. Aya sawatara sarat nuliskeun kalimah langsung, di antarana wae: a) Pikeun misahkeun cutatan langsung tina bagean sejen dina kalimah ditandaan ku tanda baca koma (,); b) Pikeun pananda cutatan langsung, digunakeun kekenteng, anu ngahapit cutatan langsung. Duanana ditulis satahap luhureun jajaran; c) Tanda baca pananda tungtung kalimah seperti titik (.), tanda tanya (?), jeung tanda paneyluk (!); ditulis jeroeun kekenteng, upamana eta kalimah teh rengse dina bagean cutatan langsung. Jadi ulah aya titik deui satutasna kekenteng. Contona: Manehana nyarita, “Isukan mah urang rek indit ka Tasik.” Manehna nanya, “Saha nu rek indit ka Tasik teh?” e) Upama cutatan langsung the ayana hareupeun bagian anu nerangkeun palaku jeung pagaweanana, eta cutatan langsung teh ditungtungan ku tanda koma (,). Contona: “Isukan mah urang rek indit ka Tasik,” ceuk manehna. f) Aksara kahiji di awal kalimah cutatan langsung, digunakeun aksara gede. Nulisna dihijikeun jeung kekenteng, jadi ulah make antara. Upama di jero cutatan langsung the aya cutatan deui atawa aya kecap/kalimah nu kudu make kekenteng, saperti judul carita pondok, digunakeun tanda kekenteng tunggal (‘….’). Contona: Bu Guru sasauran, “Baca ku hidep naskah drama teh!” Kalimah teu langsung nyaeta kalimah nu nuduhkeun ucapan teu langsung, biasana tanpa nutat deui kecap-kecap panyaturna, tapi diganti ku ungkara nu tangtu. Contona: Bu Rani nitah meresan buku dina lomari ka budakna. Manehna nyarita yen isukan mah moal asup sakola. Kalimah langsung teh bias dirobah jadi kalimah teu langsung. Kitu deui sabalikna. Contona: “Buka buku kaca 23!,” saur Bu Guru ka barudak. (Kalimah langsung) Dirobah jadi Bu Guru saauran ka barudak sangkan muka buku kaca 23. (Kalimah teu langsung)