Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum warahmatullahi wabararakaatuh

Alhamdulillah hirabil alamin washalatu wasalamu ala asrofil ambiyai


warmursalim waala alihi wasahbihi ajmain amma badu
Para wargi anu sami sami linggih, anu dipihormat kusimkuring
Puji sinareng sukur, mangga urang sanggakeun ka alloh swt, anu parantos
maparinan kasehatan ka urang sadaya dugi katiasa kempel di ieu rohangan
kalayan aya dina kaayaan sehat walafiat.
Solawat sinareng salam mugia salamina nganteng ka jungjunan alam nabi
Muhammad sat.
Hadirin anu dipihormat, sateacan simkuring nerasken sasanggem,
langkung tipayung simkuring seja ngahturken nuhun ka panata acara anu
parantos maparinan waktos kasimkuring kanggo nyanggem dina ieu mimbar.
Teu hilap, simkuring ngahaturken nuhun ka bapa kepala sakola, bapa
sareng ibu guru, oge rerencangan sadaya anu parantos ngabantos sareng
ngajorong kana ieu kagiatan.
Salajengna simkuring neda widi kanggo nyanggem dina iye mimbar
ngenaan ulangtahun RI anu ka 74.
alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang raray paamprok
jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka
74. Para saderek sadayana, peryogi pisan urang ngemut kana peristiwa anu
kacida pentingna, yen dina tanggal 17 Agustus 1945 jam 10.00 Proklamasi
Kamerdekaan RI, dikumandangkeun ka dunia Internasional, ti gedung
Pegangsaan Timur 56 Jakarta.
Dimana dina saat eta para wakil bangsa Indonesia kempel pikeun
nganyatakeun tekad kamerdekaannana, sabagi bangsa anu merdeka jeung
berdaulat. Dina detik-detik eta Bung Karno sabagi pembaca teks proklamasi,
sareng Sukarno-Hatta sabagi pananda tangan teks proklamasi, atas. nama
sadaya bangsa Indonesia.
Ku pernyataan eta para wakil bangsa Indonesia negaskeun ka sadaya
rahayat, yen kamerdekaan nasional tos kahontat Sareng ngabuktikeun ka dunia
Internasional yen kamerdekaan eta hak katut milik sagala bangsa.

kamerdekaan teh didamel jembatan emas kanggo ngudag sareng


ngahontal kamajuan sareng kajayaan. Kamajuan sareng kajayaan anu tiasa
dihontal teh gumantung kana kadaek, kasungguh-sungguhan sareng kagiatan
usaha dina Widang pangwangunan, boh pangwangunan Widang fisik materil
atawa dina Widang mental spiritual. Bangsa anu kirang rasa tanggung jawab,
henteu giat usaha sareng teu leres-leres bajoang dina bidang pangwangunan,
kaayaan bangsa anu sapertos kitu, moal aya bedana sareng nalika eta bangsa teh
masih dijajah keneh.” _
Kamajuan dunya teh kudu disarengan ku kamajuan dina Widang rohani. Di
antawisna sasama bangsa, sanagara, saagama sakedahna silih wasiatan dina hak
jeung bebeneran. 

yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina
ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga
nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan
para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-
cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.
Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya
sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona
ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina
pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa
pangaruh buruk jang diri urang. Sareng Nagara urang parantos ngagaduhan
falsafah Pancasila sareng UUD 1945, mangga urang sami-sami pertahankeun
tina rongrongan tangan-tangan jahil nu rek ngarintang’ kana lancarna
pangwangunan di nagara.
Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri
urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar
sing bener di sakola, jeung sajabana.
Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya
cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.
Wassalamualaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai