Anda di halaman 1dari 1

PEPELING KA DULUR-DULUR

1. He dulur-dulur Muslimin ... 2. Zaman urang enggeus tomper ...


Urang ulah loba ulin ... Mun geringmah enggeus komper ...
Laku lampah geura salin ... Sahoseun tereh ngagoler ...
Kunu Mulya keur Muslimin ... Kade omat tong kaboler ...
3. Geura madep ka Pangeran ... 4. Tapi mun hidep baleor ...
Tuturkeun Nabi Utusan ... Ti Rosul kalah ngaleor ...
Tekad ucap lalampahan ... Api - api mata bolor ...
Mangka meunang kabagjaan ... Pasti tikusruk jantowor ...
5. Gusti Alloh Anu Welas ... 6. Kusaba dosa jeung dosa ...
Muga Ngampura Ngawelas ... Tekad ucap lampah rasa ...
Ka urang anu meh tiwas ... Soleh ciga nu teu bisa ...
Ragrag ka jurang kareuwas ... Cingcong kalah loba basa ...
7. Duh kumaha nasib diri ... 8. He diri cik geura tobat ...
Siksa Kubur geus kaciri ... Ka Pangeran geura To'at ...
Zabaniah balawiri ... Ka Rosul rajin Solawat ...
Nunggu nepika kiwari ... Meh maneh meunang Syafa'at ...
9. Tong nurutan laku batur ... 10. Geus loba nu niru kafir ...
Cekel Ajaran nu Luhur ... Niup tarompet dipipir ...
Ti Nabi Nu Luhung Mashur ... Di jalan di gawir-gawir ...
Meh hirup teu tigejebur ... Natalan ge milu hadir ...
11. Urangmah pan boga Rosul ... 12. Sing sieun ku Bendu Gusti ...
Conto Mulya geura susul ... Siksa datangna teu harti ...
Hirup omat tong mantangul.. Duit pangkat pinter sakti ...
Pan isuk geto dipangul ... Euweuh nu bisa ngaganti ...
13. Geus paehmah ukur euleuh ... 14. Geura tobat ujang nyai ...
Nu dijagokeunteh euweuh ... Geura ngaji ka Kiayi ...
Nyeri siksa hanteu reureuh ... Da maot mo lila deui ...
Tambah poe kalah meuweuh ... Hidep bagja nu abadi ...
15. Geura agungkeun Muludan ... 16. Tidunya dugi akherat ...
Lahir Imam kaayaan ... Salamet tina musibat ...
Lahir sugri Kabagjaan ... Mulya bagja hanteu elat ...
Kamulyaan Kauunggulan ... Keur nu iman tur nu toat ...
17 Tah sakitu dulur-dulur ... 18. Muga-muga jadi jimat ...
Urang kota urang lembur ... Salamet dunya akherat ...
Pepeling nu ngan saukur ... Pek cekel ieu wasiat ...
Keur pribadi eujeung batur ... Tinu hina anu ha’at ...
ْ ّ َ َ ‫وﺻﺤﺒﻪ‬
ْ َ َ ٰ َ َ ُّّْ ّ َُ َ ّ َ ٰ َ ّ َ ُّ
‫وﺳﻠﻢ‬
ِ ِ ِ ‫آ‬ ‫و‬ ِ ِ ‫اﻷ‬ ‫ا‬
ِ ِ ‫ِن‬ ‫ﻤﺪ‬
ِ ‫ﺳﻴﺪﻧﺎ‬
ِِ ‫ﺻﻞ‬
ِ ‫ا ﻠﻬﻢ‬
Alfatihah...

Anda mungkin juga menyukai