Anda di halaman 1dari 3

NAMA SISWA :

................

Rangkuman Materi dan Soal BDR


Mapel Bahasa Sunda
Kelas 2

Pangajaran 1
Hirup Sauyunan

SDN CINGCIN 03 | MEY’AS


PANGAJARAN 1
HIRUP SAUYUNAN
Geus mangrupa katangtuan.
Manusa teu bisa hirup nyorangan .
Butuh batur keur silih tulungan .
Sangkan pada mikanyaah .
Kudu diajar ngajaga laku lampah , jeung tatakrama.
Sopan santun, someah, tur hade hate .
Gede mangpaatna keur campur gaul.
Silih ajenan jadi bibit pikeun hirup sauyunan.
Jeung papada babaturan kudu akur.
Tong silih poyokan.
Kudu bias milih kecap jeung pitutur.
Ulah saceplakna.
Lamun nganyerikeun hate
Batur tangtu bakal pundung ngajauhan

A. Ngaregepkeun Pupuh
PUPUH PUCUNG
Utamana urang kudu rea batur
Keur silih tulungan
Campur gaul hade hate
Salawasna teu kendat silih ajenan
Lamun mencil embung ngahiji jeung batur
Ngewa ka sasama
Tangtu moal matak hade
Manggih susah moal aya nu mantuan
Jalma anu hirupna teu daek akur
Kanyahona kurang
Da bongan misahkeun maneh
Mun cilaka moal aya nu nulungan
Teu kituna kudu akur reujeung batur
Rukun sauyunan
Tangtu jadi bagja gede
Hirup senang suka bungah babarengan

SDN CINGCIN 03 | MEY’AS


Pangajen Pangajaran 1

A. Cakra (x) aksara a,b,c hareupeun jawaban nu bener !


1. Manusa teu bias hirup . . . .
a. Nyorangan
b. Duaan
c. Raramean
2. Silih . . . . jadi bibit pikeun hirup sauyunan.
a. Nyaah
b. Ajenan
c. Asup
3. Campr gaul hade . . . .
a. Polah
b. Rasa
c. Hate
4. Jalma anu hirupna teu daek akur kanyahona . . . .
a. Loba
b. Kurang
c. Seueur
5. Mencil artina . . . .
a. Misah ti batur
b. Hirup sauyunan
c. Hirup nyorangan
6. Jeung papada babaturan tong silih . . . .
a. Asih
b. Ajenan
c. Poyok
7. Kudu bias milih kecao jeung pitutur . Ulah . . . .
a. Silihasih
b. Saceplakna
c. Pundungan
8. Teu meunang jail ka . . . .
a. Tutuwuhan
b. Babaturan
c. Hewan
9. Lamun heureuy ulah matak . . . .
a. bungah
b. pundung
c. parasea
10. Adi lanceuk kudu . . . .
a. layeut
b. parasea
c. pundungan
SDN CINGCIN 03 | MEY’AS

Anda mungkin juga menyukai