Anda di halaman 1dari 2

MODUL BAHASA SUNDA KELAS 3

TEMA 1 Alam Sabudeureun Urang

PANGAJARAN 1

Pupuh Pucung

Alloh nyipta rupa-rupa mahluk hirup

Aya tutuwuhan

Aya sasatoan ogé

Sakabéhna marengan hirup manusa

Tutuwuhan nu dipelak bakal subur

Lamun dipiara

Digemuk dihadé-hadé

Éta jadi tandaning nyaah ka alam

Kitu deui ka sato anu dikukut

Kudu mikanyaah

Daék ngurus tur tulatén

Mun diraksa tangtu bakal tumarima

Kecap sareng hartina

1. Mahluk hirup = Makhluk hidup


2. Tutuwuhan = Tumbuh-tumbuhan
3. Sasatoan = Hewan
4. Dipelak = Ditanam
5. Digemuk = Di pupuk
6. Di kukut= Di urus/Dipiara
Pancén :

Jieun kalimah tina kecap dihandap ieu!

Conto: Dikukut

Tangkal kembang Malati Yayu ayeuna mah tiasa kembangan, kulantara dikukut saban poé.

1. Mahluk hiru p =
2. Tutuwuhan =
3. Sasatoan =
4. Dipelak =
5. Digemuk =

PANGAJARAN 2

Basa Loma

Basa Basa Lemes Basa Lemes Bahasa


Loma (Keur ka (keur ka Indonesia
sorangan) batur
Asup Lebet Lebet Masuk
Acan Teu acan Teu acan Belum
Adi Adi Rai,rayi Adik
Akang Akang Engkang Kakak
Arék Badé Badé Mau
Babari Gampil Gampil Mudah
Batur Babaturan Réréncangan Teman
Béak Séép Séép Habis
Calana Calana Lancingan Celana
Cageur Pangestu Damang Sehat

Anda mungkin juga menyukai