Surat Widi Naggunakeun Aula Kecamatan Cimenyan
Surat Widi Naggunakeun Aula Kecamatan Cimenyan
(PASTI)
KECAMATAN CIMENYAN
Sekretariat : Kampung Cipaheut, RT. 03, RW. 09, Desa Cimenyan Kec. Cimenyan Kab. Bandung Jawa Barat
Nomor : 05.001/PASTI/X/2022
Pangdeudeul : -
Jejer : Ajeungan Ngagunakeun Bale Riung (Aula)
Kecamatan Cimenyan
Ngahaturkeun salam kawilujengan, mugia urang sadayana dina danget ieu aya dina
panangtayungan gusti nu maha suci Alloh SWT.
Dina raraga ngalaksanakeun Pelantikan sareng pengukuhan pangurus Koordinator/Ketua
Paguyuban Sawargi Tingkat Desa sa Kacamatan Cimenyan, seja nyuhungkeun widi kango
ngagunakeun Bale Riung (Aula) Kecamatan Cimenyan nu baris di laksanakeun dina :
Dinten, Ping : Ahad, 9 Oktober 2022
Waktos : Tabuh 09.00 WIB
Kumargi kalintang pentingna ieu acara, mugia pa Camat tiasa maparin widi ngagunakeun
Aula (Bale Riung) Kecamatan Cimenyan kango lancer na ieu kagiatan. Mung sakitu nu
kapihatur, hatur nuhun kana widi sareng perhatosanna.
Kairing Salam,
Asep Wijaya