Anda di halaman 1dari 5

Laporan Kagiatan Bahasa Sunda Mengenai Calon OSIS SMAN 1

Cibitung 2022/2023

Nama Kelompok:
1. Anastasya Pratiwi
2. Belva Cahya Rahmadhani
3. Fadilatun Nisa
4. Najwa Rasendriya
5. Riska Febriyanti
6. Tiara Dian Utami
1. Bubuka
Assalamualaikum wr.wb

Wilujeng sonten sadayana baris dipedar struktur laporan kagiatan ngeunaan


acara seleksi calon OSIS, OSIS SMAN 1 Cibitung ngayakeun kagiatan calon
OSIS Periode 2022-2023 pikeun lingkungan sakola. Ieu acara dilaksanakaeun
dina 2 dinten pikeun nangtukeun anggota OSIS anyar. Kagiatan ieu pikeun
nangtukeun siswa anu unggul di SMAN 1 Cibitung sangkan iue sakola leuwih
kreatif.

2. Waktu jeung Tempat


Ieu kagiatan dilaksanakeun dina tanggal 25 oktober 2022, jam 08.00-13.00 di
SMAN 1 CIBITUNG anu perenahna di Desa Wanajaya Kecamatan Cibitung
Kabupaten Bekasi.

3. Pamilon
Kalayan wawakil anu kadaptar ti unggal kelas jumlahna aya 82 urang.
Wincikanana:

Kelas X: jumlahna 58 urang

Kelas XI: jumlahna 14 urang

Kelas XII: jumlahna 10 urang

4. Waragad

Waragad pikeun ieu kagiatan nu katarima Rp.500.000. Eta waragad teh dipake
pikeun rupa-rupa kaperluan.Ieu di handap wincikanana:

Kaperluan: -nyieun spanduk jumlahna Rp.200.000

-recruitment osis jumlahna Rp.150.000


5. Kagiatan jeung Hasilna

Kagiatan calon OSIS lumangsung kalawan dibagi jadi dua rintakan. Ari dina
salila lumangsungna ieu kagiatan disadiakeun roti jeung aqua.

Rintakan ka-1(visi-misi)

Dinten jumaah kelas X calon OSIS nyebutkeun visi sareng misina supados
kapilih janten anu pangsaena .

Rintakan ka-2(minat bakat)

Poe sabtu,siswa kelas X nembongkeun minat kana bakat masing- masing di


hareupeun kelas ka unggal wawakil kelas OSIS.

Pangleler:

Ngan 30 urang siswa tina 82 pendaftar anu kapilih jadi calon OSIS angkatan
2022-2023 di SMAN 1 CIBITUNG.

6. Penutup

Sakitu laporan kagiatan ti simkuring saparakanca ngawilujengkeun ka para


calon OSIS anu kapilih, mudah- mudahan tiasa ngalaksanakeun visi misi
kalayan sae sareng ngamajukeun nama sae ieu sakola, kirang langkung
simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum wr.wb
1.Rapat CASIS SMAN 1Cibitung. 2.Visi Misi CASIS SMAN 1 Cibitung.

3. Minat Bakat CASIS SMAN 1 Cibitung. 4. Absensi CASIS.

Anda mungkin juga menyukai