Anda di halaman 1dari 4

N:heh keur naon

S:hulang huleng pipikiran

mikiran kanu sametan

meni waas rarasaan

waasna kabudayaan

N:daripada ngahuleung, hayu ah mening urang di ajar alat musik Sunda

S:alat musik naon atuh da loba alat musik teh

N:nu biasa di oyagkeun

Nu ngoyagkeunna di kalung

S:oh angklung, hayu atuh..

S:ngilu hajatan di nini

Sayurna meni arasin

eta aya si Triani

Hayu urang sampeurkeun din

N:sore sore keur miripis

Ngagoreng Endog dinu teplon

Eta aya mojang geulis

Nuju ngadangukeun naon?

T:ka pasar meuli tarigu

Dianter ku balarea

Kuring ngadangukeun lagu

Ieuteh lagu Korea


S:inditkeun ka sawah bera

Di jalan papanggih dinda

Sanajan resep Korea

tong poho budaya Sunda

T:meuli tahu ka mang Asep

Tahu nateh meni lada

Orang Korea karasep

Matakan Abi kagoda

N:meni jauh ka Korea

Meakeun duit Sagala

Artis Sunda ge loba

Nu kasep tur janaka

S:lomba mancing lauk patin

hanjakal simkuring eleh

kasepan keneh si nurdin

nu di Korea mah eleh

N:geus geus ah hayu urang di ajar Weh

T:di ajar naon sih, ai eta naon?

N:di kebon melakan kangkung

Nu boganateh mang Ajat

Ieuteh ngarana angklung

Asalnya ti Jawa barat

T:naon manpaatna mandi

Meni matak katirisan


Naon atuh tina awi

Meni teu modern pisan

S:alulin ka Imah rai

Barangna meni aralus

Sanajan bahanna awi

Sora nateh bisa alus

T: emang carana kumaha?

N:beurang beurang dahar kangkung

Rengse dahar puguh tunduheun

Yu urang di ajar angklung

Kari di oyag oyagkeun

T:dari pada di ajar nu Kitu mening tiktokan

S:meuli baju meni ipis

Hargana luar biasa

Maen tiktok meni tapis

Hanjakal angklung teu bisa

T:biarin we kumaha aku

Anda mungkin juga menyukai