Anda di halaman 1dari 6

PANCEN BASA SUNDA

KELAS X3
Wasta :
Annisa
Novi
Nurfitri
Savitri
Ulfah

SMA PASUNDAN 1 CIMAHI


Nami acara : Dendang Persada Rama

Nami stasiun radio : Radio Rama FM

Waktos tayang/panayangan : 07.00/Senin,07-02-2011

Nara sumber : -Novi : teh.Inonk

-Savitri : teh.Rika Rafika

Penyiar : Annisa

Penelepon : Fitri (penelepon1), Ulfah (penelepon2)

*SIARAN RADIO*

Penyiar : Ass.. wilujeung enjing sadayana, tepang deui sareng sim kuring neneng dina
acara anu di antos ku pamiarsa sadayana BENTANG PERSADA RAMA diradio
100,1 Rama FM Bandung. Sapertos biasana, neng didieu teu nyalira, neng didieu
di rencangan ku teh inonk sareng teh Rika Rafika, anu bade ngobrol sareng
aranjeuna, tiasa nelepon ka no.(022)9112233, sakali deui ka (022)9112233.
Ayeuna neng bade ngobrol ngobrol heula nya.

Ass… teh inonk sareng teh rika..

Teh Rika : Wa’alaikum salam teh neng..

Teh Inonk : Waalakium salam oge teh neng, ass.. ka sadayana anu nuju ngadangukeun
dendang persada rama..

Penyiar : Kumaha teteh teteh sadayana, daramang ?

Teh Inonk& : Alhamdullilah damang, ai teteh kumaha damang ?

Teh Rika

Penyiar : Oh, neng mah damang wae atuh teh. Kamarana wae atuh teh, meuni nembe
katingal deui, teteh ayeuna sibuk naon ?

Teh Inonk : Ahh teteh, aya wae inonk mah, ngan ayeuna nuju promo promo album weh..

Penyiar : Oh kitu teh, ai teh Rika kumaha ?


Teh Rika : Rika oge aya wae teh, sami teh Rika oge nuju ngapromokeun album, matak
nembe kadieu oge..

Penyiar :Oh, pantes we nembe kataringal deui da nuju sararibuk nya teh inonk sareng teh
Rika teh. Oh nya teh, neng palay naros, kan kieu teh ayeuna mah kan seueur nya
artis artis sunda anu ngarora keneh, teteh anu kasebat na artis sunda nu senior
ngarasa kasaingan teu teh ? mangga ti the rika heula !

Teh Rika : Ahh, heunteu. Rasa kasaingan kanu enggal mah teu aya, malah teteh janteun
sumangeut kanggo ngaronjatkeun kawih sunda.

Penyiar : Oh kitu teh, ai teh inonk kumaha ?

Teh Inonk : Abdi oge sami sareng pendapat teh Rika, rasa kasaingan mah teu aya, malah
inonk mah janteun bangga ku sabab aya penerus inonk sareng artis senior anu
sanes.

Penyiar : oh sae atuh teh mum kitu mah.

Okee, rame pisan geuningan nya, tapi urang potong heula sakedap nya ngobrol”
na, kumargi aya nu nelepon geuning.

. . “ Hello, Dendang persada ramaa… ?????

Penelepon1 : yu.. ahh geboyy….

Penyiar : Asikk… ieu sareng saha dimana ?

Penelepon1 : Ieu sareng fitri di marga mulya.

Penyiar : Ohh sareng fitri, fitri bade tumaros sareng saha, teh inonk atanapi teh rika?

Penelepon1 : Abdi hoyong tumaros sareng teh Rika ahh !!

Penyiar : Oh, nya sok mangga teh ..

Penelepon1 : kan ayeuna seueur nya barudak ngora anu tos teu madulikeun deui kanu kawih
sunda, kumaha yeuh menurut teteh tentang masalah ieu ?

Penyiar : Oh nya muhun, teh fitri bade kintun” kasaha ?

Penelepon1 : Fitri bade kintun” ka barudak pasundan1, khusus na ka barudak x3, mang jojo,
mang dalit, sareng mamah bapa abdi we teh.

Penyiar : Oh nya muhun, hatur nuhunn the fitri, ass..

Penelepon1 : Waalaikum salamm …


Penyiar : sateuacanna di waler ku teh rika, urang dangukeun heula yu ahh, anu bade
ngalangkung. Tong kamana mana nya, tetep di DENDANG PERSADA RAMA,
di radio 100,1 Rama FM Bandung, Yuu Ahh GeBoyy.. ..

*************** I K L A N **************

Penyiar : Tepang deui sareng neng di DENDANG PERSADA RAMA radio 100,1 Rama
FM Bandung. Urang teraskeun deui nya ngobrol” na sareng teh inonk, Sareng teh
Rika. Kumaha ka teh Rika waleran ti pasualan teh fitri ?

Teh Rika : Teteh salaku urang sunda, nya prihatin ningal barudak sunda ayeuna tos teu
madulikeun kana budaya sunda, utaminamah ka kawih sunda, soalna kan saha
deui anu bade ngamumule kana kabudayaan sunda, salian ti arurang salaku urang
sunda na.

Penyiar : aduh teteh meuni sae waleranana, aduh aya anu tos teu sabar deui, aya anu bade
nelepon..

. . Hello ass.. DENDANG PERSADA RAMA, sareng saha dimana ?

Penelepon2 : Waalaikum salam, ieu sareng ulfah di padalarang, bade tumaros sareng teh
Inonk.

Penyiar : OH, mangga !!

Penelepon2 : Teteh iraha bade ngaluncurkeun deui kawih enggal? Teras teteh aya rencana teu
bade duet sareng teh Rika ? hahayy.. .

Penyiar : Oh, nya muhun, teh ulfah bade kintun” kasaha ?

Penelepon2 : Kanggo kulawargi nu di bumi we teh..

Penyiar : nuhun nya teh, ass..

Penelepon2 : Waalaikum salam..

Penyiar : sateuacana di waler ku teh inonk, urang dangukeun heula yu ahh anu bade
ngalangkung, tong kamamana nya, tetep di DENDANG PERSADA RAMA radio
100,1 Rama FM Bandung, Yuu Ahhh GebOYY...

*************** I K L A N **************
Penyiar : Tepang deui sareng neng di DENDANG PERSADA RAMA radio 100,1 Rama
FM Bandung. Urang teraskeun deui nya ngobrol” na sareng teh inonk, Sareng teh
Rika. Kumaha ka teh Inonk waleran ti pasualan teh ulfah ? mangga ahh teh ..

Teh Inonk : Kanggo teh ulfah, kawih anu nuju di promokeun ku inonk teh kawih enggal ti
album enggal. Teras, masalah duet sareng teh rika mah nya engke di carioskeun
deui nya sareng teh rika na. ahahahh..

Teh Rika : Haha, nya teh, kanggo ulfah di antos we nya luncurna kawih duet inonk sareng
abdi. 

Penyiar : hahaha, leureus nya teh, di antosan laguna. Oh nya teh, neng bade naros deui nu
pamungkasna ka teteh. Kumaha yeuh pendapat teh inonk sareng teh rika carana
ngamumule kawih sunda kanggo barudak ngora zaman ayeuna, sangkan
aranjeuna teu ngapopoho keun kana budaya sunda ? mangga ah ti teh Inonk heula
waler na !!

Teh Inonk : Lamun ceuk inonk mah nya kudu aya kasadaran ti barudak na sorangan kanggo
ngaronjatkeun budaya sunda.

Penyiar : Mangga teh rika eun!

Teh Rika : Muhun abdi oge sami sareng teh inonk,malah mun urang gaduh bakat teh anu
bisa ngaronjatkeun budaya sunda kudu dikembangkeun ulah dikemkem.

Penyiar : Oh kitu teh,muhun leureus,tah pamiarsa sadaya na lamun urang gaduh bakat teh
tong disumput-sumput, malah kudu dikembangkeun ku sabab eta cara alit kanggo
ngaronjatkeun budaya sunda. Okee mumpung waktos na aya keneh sakedik deui
neng sareng nu di bumi hoyong ngadangukeun suanteun emas teteh, panasaran iih
hoyong ngadangukeun teh inonk sareng teh rika nyanyi. Mangga ahh teteh
sakedik we 

 TEH INONK SARENG TEH RIKA NYANYI DUET 

Penyiar : Aduh sae pisan nya suanteun na teteh-teteh garelis ieu.


Oke pamiarsa DENDANG PERSADA RAMA, ngobrol-ngobrol sareng teh inonk sareng teh rika
na dicekapkeun dugi ka dieu heula nya, kumargi waktos na teu nyekapan. Hatur nuhun ka teh
Inonk sareng teh Rika anu parantos ngarencangan neng di dieu sareng pamiarsa anu nuju
ngadangukeun DENDANG PERSADA RAMA . Urang tepang deui nya di waktos anu sami
sareng eneng, sareng bentang tamu anu teu eleh rame sareng anu ayeuna. Tetep dangukeun
DENDANG PERSADA RAMA di radio kebanggaan urang sunda, radio 100,1 RAMA FM
BANDUNG.

Wasalammualaikum wr.wb . .

DENDANG PERSADA RAMA yuu ahh geboyy ….

Anda mungkin juga menyukai