Anda di halaman 1dari 8

HASIL WAWANCARA

BAPA SENIMAN (SINTREN)

Ketua : Sandi Apriansyah


Anggota : Ita Caswita
Imas
Ridwan Adib Zahran
Widya Astika Suri
Kelas : 8IX.B

SMP NEGERI 1 KARANGKANCANA


TAHUN PELAJARAN 2016-2017
DAPTAR EUSI

I. Bubuka ......................................................................................................... 1

II. Transkrip Wawancara .................................................................................. 1

III. Gambar Wawancara..................................................................................... 4

IV. Kasimpulan Wawancara .............................................................................. 5

V. Panutup ........................................................................................................ 6
I. Bubuka

Ieu tulisan mangrupa hasil wawancara, topik anu dijadikeun wawancara

nyaeta perkara Seni Sintren. Narasumber anu diwawancara nyaeta Bapa

Aan, S.Pd., anjeuna pimpinan seni sintren di Tanjungkerta. Tempat anu

digunakeun nalika wawancara teh di bumina Pa Aan, basa harita dinten

Minggu kaping 19 Maret 2017, tabuh 13.00 WIB.

II. Transkrip Wawancara

Ita : Ti kawit iraha, Bapa ngalakukeun pagawean eta?

Pa Aan : Ngawitanna 17 Januari 2017.

Ita : Kumaha perjuangan Bapa salila jadi panjak sintren?

Pa Aan : Aya suka jeung duka. Anu puguh mah rasa bangsa tos tiasa

ngahudangkeun deui seni buhun anu tos langka aya cape, aya

puisng nguruskeun jalur panjak, aya susah nuju tataruka.

Ita : Meunang manfaat naon wae tina kagiatan jadi panjak sintren

teh?

Pa Aan : Manfaat janten panjak sintren teh nyaeta:

1. Jadi babarayaan di antara babaraha panjak.

2. Bisa ngamumule seni budaya urang.

3. Bisa nembongkeun jati diri urang anu sabenerna.

4. Jadi nu mangfaat keur jalma loba.

Widiya : Pangalaman naon bae anu ninggalkeun kesan?

Pa Aan : Pangalan anu berkesan:

1. Meunang sambutan anu meriah ti penonton.

1
2. Sintren bisa ngibing samaksimal mungkin.

3. Loba simatisan.

4. Mun keur manggung nu nonto sampe pinuh/loba.

Widiya : Aya sabaraha jumlah anggota turun sintren?

Pa Aan : Anggota panjak:

1. Nayaga opat:

Kayaning:

- Buyung dua

- Lodong panjang hiji

- Awi saruas lobana dua

- Kecrek hiji

2. Tukang kurung dua

- Malim hiji

- Pembantu malim hiji

- Sesepuh hiji

3. Juru kawih/sinden

Relatif, kumaha nganggo sakumaha anu diperlukeun aya

sapuluh.

- Tambih ku senggat hiji

- Pamimpin hiji

- Bodor hiji

- Enang dua (Emban)

- Sintern hiji

Jadi aya dua puluh tilu urang.

2
Widiya : Sabaraha biaya anu dikaluarkeun ti kawit diayakeunna

sintren ieu?

Pa Aan : Biaya, mangrupa artos kurang leuwih Rp10.000.000,-, fisik

tos teu kaetang. Bebenangan tiap manggung:

1. Teu tiasa ditangtoskeun, tergantung sakedik seueurna

panonton.

2. Tergantung loyalitasna anu nganggap.

3. Pangalaman saweran ti antawis Rp.300.000,- s/d

Rp.3.000.000,-

Sandi : Pantangan naon wae anu aya dina ngalakukeun acara sintren

eta?

Pa Aan : Pantangan

1. Teu kenging motong kurung anu tos janten, ngarubah.

2. Para panjak teu bisa ngomong atanepi komunikasi jeung

sintren anu di jero kurung kecuali malim.

Sandi : Kumaha awalna Bapa ngayakeun sintren?

Pa Aan : Latar belakang

1. Ngadukung program Dati I Jawa Barat anu keur ngagali

seni-seni buhun.

2. Ngahudangkeun deui seni sintren di Tanjungkerta anu tos

mang puluh-puluh taun kakubur/teu aktif.

3. Nambihan aset desa di bidang seni budaya.

Sandi : Alat musik sareng rumpaka naon wae anu kudu diayakeun

dina acara sintren eta?

3
Pa Aan : Alat-alat sintren

Sintern buhun/asli

1. Buyung/gendang

2. Lodong panjang hiji/goong

3. Awi anu saruasna dua/ti tungtung

4. Kecrek

5. Batu nu ceper

Rumpaka lagu-lagu sintren sadayanaJawa margi sintren teh

asalna ti daerah Jawa nyaeta Brebes.

III. Gambar Wawancara

4
IV. Kasimpulan Wawancara

Jadi kasimpulan dina wawancara teh nyaeta, seni sintren teh salah sahiji

seni anu tos buhun sareng tos kakubur ku kayaanna kumargi tos kagerus ku

jaman modern ieu. Ayana Pa Aan dina wawancara ieu pikeun mere informasi

tentang kayaan seni sintren di tanjungkerta.

5
Manehna pikeun ngamumule kasenian eta kumargi tos teu aya

kayaanna. Manehna oge ngajak ka masyarakat sakitar di lingkungan sarteng

barudak ngora supaya pikeun ngamumule anehna oge ngajak ka masyarakat

sakitar di lingkungan sarteng barudak ngora supaya pikeun ngamumule

kasenian eta sareng mangpaat anu tos dicapai ku manehna. Sareng manehna

ngayakeun sintren eta teu sanes samata-mata neangan duit, tapi manehna

ngadukung program Dati I Jawa Barat anu keur ngagali seni-seni buhun,

nambihan aset desa di widang seni budaya.

V. Panutup

Sakitu sawatera hasil laporan wawancara sareng Bapa Aan, S.Pd.

pangurus sareng salaku pimpina dina Seni Sintren. Mugia aya mangpaatna

sareng tiasa dijadikeun motivasi keur kahirupan leuwih hade.

Anda mungkin juga menyukai