Anda di halaman 1dari 19

S u n d a k ela

s a s V
B a I I

PAGUNEMAN
Semester -1
Harti Paguneman

•Paguneman nyaeta kagiatan percakapan


nyarita dua arah anu silih tempas.
Jalma anu kalibet dina paguneman bisa
duaan bisa oge leuwih ti duaan.
Dina paguneman aya nu jadi panyatur
(nu nyarita) jeung aya nu jadi
pamiarsa (nu ngaregeupkeun).
Peran eta teh bisa bulak balik silih
gantian nu penting mah aya
hubungan timbal balik antara
panyatur jeung pamiarsa.
Syarat terjadinya interaksi antara
panyatur jeung pamiarsa nyaeta : aya
objek obrolan jeung omongan nu
make bahasa nu dipikaharti ku
duanana.
Nu kitu teh di sebut pola paguneman
PENGGUNAAN BASA SUNDA
DINA PAGUNEMAN

1. BASA HORMAT
Basa hormat nyaeta basa nu dipake pikeun nunjukeun rasa hormat ka
jalma nu di ajak ngobrol, biasana pake bahasa nu halus.
Basa hormat biasana digunakeun ka jalma anu dipihormat,
saluhureun, atawa dina suasana resmi.
Conto : " Ki, nu ditaroskeun ku abdi mah sajarahna talaga bandung
sanes sangkuriang "
PENGGUNAAN BASA SUNDA
DINA PAGUNEMAN

2. BASA LOMA
Basa loma nyaeta basa nu dipake jang berkomunikasi dinu
lingkungan pergaulan nu tos akrab tapi tetep dinu suasana anu
sopan.
Biasana digunakeun ka babaturan atawa ka jalma nu geus loma
(akrab)
Conto : " Ngarti ki, ngan kumaha terusna tah talaga bandung teh?"
Unsur-unsur Tata krama Paguneman
1. Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria.
2. Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur, iwal dina kaayaan
anu perlu pisan.
3. Nyarita kudu daria, sora na bentes, tetela, wajar henteu aya kesan saperti anu
ngagorowok.
4. Nyarita kudu antare, henteu gancang teuing sarta henteu ngayayay.
5. Naon – naon anu dicaritakeun ku urang, henteu mengpar tina jejer anu keur
digunemkeun.
6. Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah.
7. Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah sarta pasemon anu marahmay.
Conto Paguneman
BUKA BUKU PAKET
HALAMAN 1

PAGUNEMAN
"SAKOLA ANYAR,
BABATURAN ANYAR"
1. Sabaraha urang anu keur gunemcatur di luhur teh?
2. Saha bae ngaran-ngaranna?
Jawab
3. Keur ngomongkeun naon maranehna teh?
4. Di mana eta gunemcatur teh lumangsungna?
5. Dina acara naon eta guneman teh?
pananya ieu
di gigir !
6. Iraha kajadianna?
7. Kumaha kaayaan waktu harita?
8. Hal naon anu jadi sasaruaan nu gunemcatur teh?
Panginget
1. Naon ari paguneman téh?

2. Basa naon waé nu digunakeun


dina paguneman ?

3. Hal naon waé anu perlu diperhatikeun


lamun urang ngalakukeun paguneman?
Wacana Paguneman antara Sétra jeung Pa Permana
Sétra : “Wilujeng énjing, kumaha damang Bapa?”
Pa Permana : “Rampes, éh geuning Sétra, alhamdulillah cageur Jang, kumaha
sawangsulna?”
Sétra : “Alhamdulillah, aya hibar pangdunga ti sadayana.”
Pa Permana : “Nya sukur atuh ari papada waluya mah. Di mana ayeuna sakola téh?”
Sétra : “Kaleresan abdi katampi di SMP Mundinglaya.”
Pa Permana : “Euleuh milu bungah atuh bapa téh ari hidep katampa di sakola favorit
mah.”
Sétra : “Muhun alhamdulillah.”
Pa Permana : “Terus ayeuna aya naon geuning tara-tara ulin ka dieu?”
Sétra : “Utamina mah tos sono hoyong pendak sareng guru-guru, kalih ti éta
badé naroskeun NISN manawi aya arsipna di sakola.”
Pa Permana : “Oh nya sok atuh tepungan Pa Ahmad, da anjeunna anu
ngalereskeunana. Wayahna Bapa teu bisa terus maturan ngawangkong da kudu ka
kelas. Sok didungakeun sing pinter sarta sing lancar sakolana. Aamiin.
Sétra : “Sumuhun mangga, hatur nuhun kana pidua’ Bapa, permios.
Sampurasun.”
Pa Permana : “Rampés.”
Struktur Teks Paguneman
1. Jejer 4. Eusi

2. Palaku 5. Amanat

3. Latar
Nulis Teks Paguneman
Dina wangun wacana

Di tulis heula ngaran jalmana,


kakara eusi omonganana (jiga
teks drama)
Aya sabaraha cara dina ngalakukeun paguneman.
1. Paguneman silih tanya mun amprok di jalan
2. Paguneman Ngawanohkeun Diri
3. Paguneman Amitan
4. Paguneman Ménta Idin
5. Paguneman nganuhunkeun
6. Paguneman ménta hampura
7. Paguneman dina telepon
Paguneman Silih Tanya mun Amprok di Jalan
Anis : Wilujeng siang Ibu, badé angkat ka mana?
Bu Wiwin : Wilujeng siang Anis. Ibu bade mios ka klinik.
Anis : Oh, saha kitu Bu, anu teu damang?
Bu Wiwin : Mayang nuju udur. Awakna nyebrét panas.
Anis : Euleuh, tos sabaraha lami udurna?
Bu Wiwin : Nembé wengi panasna mah. Mung tadi énjing ditambihan ku batuk.
Anis : Muhun, mugi ulah kateterasan atuh udurna Mayang téh nya, Bu? Supados
tiasa mios deui sasarengan ka sakola.
Bu Wiwin : Muhun, amin. Dupi tadi di sakola dipasihan pancén naon ku Bu Guru?
Anis : Mung ngerjakeun soal Matématika sareng pangjaran basa Sunda mah
dipiwarang milari dongéng sasatoan dina internet.
Bu Wiwin :Oh muhun atuh, nuhun informasina. Hayu atuh Ibu ti payun, bilih
kabujeng hujan mantén.
Anis : Muhun manga Ibu, wilujeng!
Paguneman Ngawanohkeun Diri

Galih : “Nepangkeun, abdi Galih ti SMP Guru Minda, dupi sadérék saha?”
Wirahma : “Oh abdi Wirahma wawakil ti SMP Subanglarang.”
Galih :“Nuhun atuh tiasa ditepangkeun, mudah-mudahan tiasa gawé bareng dina
ieu kagiatan.”
Wirahma : “Muhun nya, mangkaning salami tilu dinten urang kedah sasarengan, abdi
mah nembéan da ngiring acara LDKS tingkat kabupaten téh.”
Galih : “Sami abdi gé da nembéan, tapi alhamdulillah nya urang kéngéng
kasempetan kanggo ngiring ieu kagiatan, mudah-mudahan wé tiasa nambihan
pangaweruh sareng pangalaman.”
Wirahma : “Aamiin. Nu pangutamina mah urang tiasa nambihan réréncangan.”
Galih : “Muhun nya, hayu atuh urang ka lebet aula bilih kabujeng dikawitan
acarana.”
Wirahma : “Muhun, hayu.”

Paguneman Amitan
Nina : Mah, Nina miosheulakasakola.
Indungna : Muhun, salam heula ka Bapa.
Nina : Atos tadi Mah. Nyuhunkeun pidu’ana mugi-mugi sadaya pangajaran anu
dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu Guru dinten ieu, ku Nina tiasa kacangkem sareng
mangpaat dunya ahérat.
Indungna : Amin… Jung didu’akeun pisan ku Mamah. Kadé di jalanna ati-ati nya, teu
kinging seueur heureuy. Upami bade meuntas jalan, kedah luak-lieuk heula … bilih
ngagokan anu nyandak kendaraan.
Nina : Muhun, Mah. Sampurasun.
Indungna : Rampes.
Paguneman Menta Idin

Asep : Punten, ibu… abdi idin bade kapengker.


Bu Guru : Mangga….
. Paguneman Nganuhunkeun (mengucapkan terima
kasih)

Doni : Ted, ieu tadi Abdi ka kantin, ngagaleuh bala - bala kanggo
Tedi.
Tedi : Hatur nuhun, Don… katampi pisan… sing kagentosan ku
nu langkung seueur.
Doni : Muhun Ted, sing enggal damang nya.
Paguneman ménta hampura (mengucapkan permohonan maaf)
Maya : Ibu, hapunten kamari abdi teu lebet sakola.
Bu Guru : Muhun ku naon? Teu ngintun serat geuning?
Maya : Kamari rada teu raraos, rupina capé teuing saparantos ngiring lomba
téa. Tadina bade sakola, mung ujug-ujug seueul angen sareng rieut.
Badéngintun serat, réréncangan anu caket bumina tos kabujeng angkat
mantén.
Bu Guru : Muhun teu nanaon upami kitu mah. Kumaha ayeuna seueul sareng
rieut na tos damang?
Maya : Alhamdulilah tos sakinten. Sakali deui, hatur nuhun pisan nya Bu.
Bu Guru : Muhun sawangsuln, mugi ulah kateterasan. Amin..
Maya : Amiiinnn..

Anda mungkin juga menyukai