Anda di halaman 1dari 1

Ibu.

Uho Solha
ULEMAN Gn. Peundeuy RT. 03 RW. 09
Walimatussafar
Umroh
Kahatur Ndh.
Bapa/Ibu/Sadérék

Tn. Gilang T
Di
Tempat
Saptu, 20 Januari 2024

Bingah anu teu aya wates wangena, pangharepan anu kapicangcam ti baheula, niat anu ti
kamarina, Alhamdulillah saré’at du’a ti sadayana hakékatna panyaur ti Allah SWT, Dzat nu Maha
Kawasa, Insyaallah dina taun ieu 1445 H simkuring seja mios ngalaksanakeun ibadah umroh ka Tanah
Suci.

Paralun sanés maksad ria-ria, satuacanna mios, simkuring ngangkir linggih kadang wargi,
ngondang léngkah kadang warga maksad hoyong riung mungpulung silaturahmi anu waktosna:

Dinten : Saptu
Kaping : 20 Januari 2024
Waktos : 19.00 WIB (Ba’da Maghrib) dugika réngsé
Tempat : Jl. KH. Tubagus Abdullah – Kp. Gunung Peundeuy RT. 03 RW. 09
Kec. Purbaratu Kel. Sukamenak Kota Tasikmalaya
( Rorompok Ibu Hj. Nenah – Alm. Bapak H. Entoh )

Bawiraos awon kapiunjuk sakedahna mah simkuring ngadongkapan Bapa/Ibu/Sadérék,


silaturahmi ngalubarkeun dosa miwah neda pidu’ana, jalaran waktos anu samporét mugia teu ngirangan
rasa hormat Bapa/Ibu/Sadérék luntur kalbu wening galih kersa rurumpaheun sumping ka rorompok dina
waktosna, kanggo ngajurung laku marganing rahayu jiad pangdu’ana ti sadayana sakantenan
ngalubarkeun tina sadaya kalepatan.

Teu paos nu kapihatur, tan sah diiring kabingah tanpa unjuk nuhun langkung tipayun kana
kasumpingannana.

Anda mungkin juga menyukai